CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CENTANGBARANG


Ku: Rais Purwacarita

Geus sabulan Palembang Gunung neang luang pikeun nelasan Prabu Talaga Manggung nu sasat mitohana, tapi angger teu panggih. Citrasinga nu sasat geus lila kumawula ka raja, angger teu apal dimana permati raja teh. Lila-lila meunang beja, cenah nu apal kana pati Prabu Talagamannggung teh iwal ti abdi kinasih raja, Ki Centang Barang. Geus sabaraha kali diolo dibelaan ngupahan jalma nu dianggap dalit jeung manehna, tapi kabeh ge lakeuk teu beubeunangan. Palembang Gunung beuki panasaran.

Geus manggih beja kitu mah, hiji mangsa, eta abdi kinasih Prabu Talagamanggung teh dihiras ka Kapatihan pikeun ngawangkong gusti senapati, Arya Palembang Gunung. Rada hareugeueum asalna mah diondang ka padaleman mangsa janari leutik, kawas aya pancabaya nu mokaha nu ngancam nagara. Meuni ngalaleper nampa pangbeluk gusti arya teh. Hate dagdigdug tutunggulan, awak ngeleper asa teu puguh rasa. Nyanghareupan patih nu kawentar telengesna, sahaok kadua cabok teh lain bobohongan. Mangka ayeuna ngagerona teh liwat tengah peuting, kawas taya deui isuk. Tangtu ieu teh aya hal nu penting liwat ti penting. Boa ayeuna tungtung hirup teh. Saha nu teu nyangka ka dinya atuh. Da geus pada nyaho kumaha talajak ieu patih pamabokan teh.

"Sampurasun nun. Tuang kuring cunduk seja sumujud," Centangbarang nu kakara  mancat kana punden pamengkang harempoy ngesod, cedok nyembah nawiskeun ajrih. Kesang tiis ngorolok dina tonggongna wuwuh jibrug, ngahiuk bau tina kampret poleng nu hapeuk bakat ku carang dipake.
"Rampes! Bagea sumping Mamang Centangbarang, yap ka dieu rada deukeut," Palembang Gunung budina bear marahmay beda cara ti sasari. Make mapagkeun ka lalawangan sagala.

Centangbarang sod ngesod kahareup ngadeukeutan korsi pangdiukan senapati. Diukna merenah, dina dadampar permandani nu rineka sing sarwa rukmi. Rada aheng ningali laku Ki Patih sarupa kieu teh. Make marahmay ngajak seuri sagala. Lakadalah aya naon yeuh, Centangbarang ngagerentes hatena pinuh ku rupa-rupa patalekan.

"Salse we Mamang. Kop tah nginum heula cai lahang cai mawar dina cangkir perak paragi kula," Palembang Gunung enyaan peuting ieu mah keur leungiteun jurigna. Centangbarang asa teu gararenah hate nyeueung obahna kabiasaan senapati nu sakitu  dipikainggisna ku jalma sapangeusi karaton.
"Sumuhun darma nganuhunkeun kana panyaur, nampi timbalan gusti panutan," cong deui Centangbarang nyembah.
"Enya sukur ari turut keneh ka kami mah tanda Mamang teh abdi satia nagara. Salse we Mamang. Ukur hayang dibaturan kawas Mamang maturan Rama Prabu we geuning kumaha." reg heula ngarandeg, neangan pikecapeun nu merenah
"Teu maksad ngalalangkungan. Suku sambung laku biwir sambung lemek, darma rokrak dinyawaan. Ngiringan sapaneda," cong deui Centangbarang nyembah. Bray hatena ngagebray caang. Geuning pimilikeun nu nyampeur ka aing teh. Asa teu kungsi ngimpi dipapagkeun Nini Anteh ngurilingan caangna bulan. Ti mana jurig mawa kudana ieu teh? Sajeroning tungkul hate Centangbarang rame noroweco mapantes sagala rupa.
"Heueuh sukur atuh ari kaharti mah. Tah ieuh kula mere duit sapundi emas. Bisi gering jadi pikir. Era ku pesen Ama Prabu, nitip Mamang panguruskeun," Song duit sapundi emas dibikeun. Centangbarang ukur olohok ngembang boled asa teu percaya kana penenjo nu teu sasarina. Nu diintip pati ari nu datang bet cahaya kabagja. Bet asa patukang tonggong jeung sangkaan ieu mah .
"Sapundi emas? Ambu-ambu, atuh bisa hirup sapuluh usumeun bari sila ipis, teu mikir nyeblok teu mikir tandur," gerentes hate Centangbarang, kacuriga hatena mimiti pupul lantaran kabeuli ka kaheman gusti arya. Geus poho kana wiwitan, ku naon Ki Arya jadi robah pamulu.

Cedok nyembah, ngesod mungkur. Geus tepi ka lalawangan cong deui nyembah. Muntirkeun badan bari mageuhan sabuk, kotok nonggeng dipurekkan sangkan teu kagok ngalengkah.

Geus aya lima lengkah mungkur ti pamengkang, Gusti Arya ngadeg laju ngagero deui.

"Aeh, Mamang ! Mamang, ke heula ketah. Bet aya carita nu can anggeus. Kula teh poho. Yap ka dieu deui. Gage heula ka dieu Mang"

Centangbarang meh-mehan tisiblek dina jalan lumutan kawantu harita teh bulan keur poek teu kaciri tincakeun. Kari-kari pikiran keur malaweung, ngajaul ka uwung-uwung ngayangkang di awang-awang kasered ku impian endah ngararampa kumaha jeung ka mana bakal saba ngabalanjakeun pundi emas.

"Yap Mang, gek diuk deui. Aya nu poho puguh ge can kabadamikeun. Kakara sakolepat bieu pikiran kieu teh holna," Palembang Gunung ngagupay Centangbarang sangkan diuk deui dina urutna. Sanggeus merenah kakara Palembang Gunung mapaes carita sangkan dipercaya boh ku ingkang garwa pon kitu deui ku Centangbarang.
"Lain Mamang, Kami teh bet ras kapikiran. Mun enya aya karaman nu bakal ganggu ka nagara. Aya bajo nu niat ngarempug nagara. Kumaha urang rek peta ?"

Centangbarang semet tungkul teu bisa nembal kana pananya. Lain pikiraneun aing nu kieu mah atuh.

"Teu maksad ngalalangkungan. Bok bisi teu tepi pikir. Rumaos tuang kuring mah pikirna ukur saaub payung sacaang damar. Nya heureut nya rupek."

Palembang Gunung seuri ngeunah.

"Lain kitu Mamang, luang mah lain tina bool entog tapi ti papada batur. Ayeuna mah urang pada pikiran sangkan nagara salamet bisa ngabendung bancang pakewuh. Aya nu aneh Mang. Saban Rama Prabu suwung di nagara sok aya bae nu niat aniaya ka nagara. Sugan Mamang apal, naon atuh nu jadi tanjeuran nagara teh? Kudu kakoreh peuting ieu jawabanana ku Mamang sabab nagara teh keur bener-bener kaancam bahaya."

Centangbarang ukur unggeuk-unggeukan. Teu apal kumaha kudu nyarita da bakat ku teu apal tea.

Geus rada lila paheneng-heneng taya nu ngajawab taya deui nu nanya. Pok deui Palembang Gunung nanya.

"Kumaha Mamang? Apal sugan ?"

Centangbarang bati pias, karasa bujurna kokompodan. Boa leupas deui emas teh. Malah leuheung basa mun ukur emas nu leupas, kumaha mun pati pigantieunana. Ngan eta nu kapikir dina hatena.

"Eum teu apal nya," ngaheneng heula sakeudeung, ngatur waktu jeung siasat. "Ke... ke... kumaha lamun Wesi Kuning Kyai Sanggabuana? Ari eta naon kasiatna?",

Bray hate Centangbarang muka. Lelembutanana kumpul deui. Nu kitu mah ngan manehna nu apal. Cong nyembah.

"Paralun gila ku ajrih, teu maksad mapatahan ngojay ka meri," sanggeus ningali Gusti Patih mere tanda sangkan nuluykeun, cong deui nyembah. "Sanggabuana teh mangrupa wesi kuning pusaka nu jadi pangauban para raja di satatar Sunda. Sing saha nu mibanda bakal jaya salalawasna. Lain bae jadi tumbal kajayaan gusti ratu, tapi mun teu ampih dina diri teu ngawadah dina awak bakal ngabadi jadina"
"Mun kitu mah atuh, nu jadi tugur kajayaan Talaga teh Sanggabuana nya Mang ?"
"Teu maksad ngalalangkungan, kitu katerangan janggan nu geus moyan di nagara."
"Hanjakal nya Mamang," Palembang Gunung humandeuar .

Centangbarang ngawani-wani maneh neuteup beungeut Ki Patih nu ngadadak rumeuk.

"Enya hanjakalna teh dicekelna ku Rama Prabu. Tah dina kacanirbangban kieuna yeuh, urang teh teu bisa peta. Kuring mah yakin, Talaga teh bakal diranjah ku urang Indraprasta. Mangka kanjeng rama tos sakitu sepuhna. Jigana bagean kula ayeuna nu kudu tandang nyalametkeun Talaga. Talaga bisa langgeng tanjeur di buana"  Palembang Gunung ngarahuh panjang kawas nu enya bingung jeung susah.
"Hatur punten Nun. Teu maksad goroh omongan. Sanggabuana mah ukur tumbal kadigjayaan nagara nu teu tiasa dihayang-hayang teu tiasa dipiboga ku sing saha nu mikahayangna. Tapi istuning sakarepna."
"Enya kitu nya Mamang. Ngan eta kasaktian Rama Prabu teh pan dina ajian batarakarangna nya. Teu teurak ku gurinda atawa teu tedas ku tapak paluning panday. Teu aya pakarang nu mahi ngalawan kasaktian Rama Prabu," ngahuleng heula sakeudeung, "Aeh enya nya. Mun kula nu boga ajian sakti sarupa kitu teh. Meureun aya sisiku siwulu-wulu maung ngamuk gajah meta moal kudu  ngandelkeun teuing batur nya. Emh... ! Ku hayang teuing sakti jiga kanjeng rama," Palembang Gunung api-api humandeuar.

Lebah dieu mah bener-bener Centangbarang teh nincak pitapak.

"Teu sagawayah Gusti Patih. Nu bisa ngawasa ajian batarakarang, ukur jalma-jalma nu teu aya udelan kawas gusti ratu"
"Hanjakal nya. Mun seug kula boga. Ah! jigana rek diparabkeun we awak teh ka nu narajang. Rek saha nu kumawani ngalawan. Urang mah tinggal nyehcer bae mun ituna geus capeeun."

Blus Centangbarang kajiret ku omongan wawayagon Palembanggunung.

"Nya upami teu keuna kana mamatihna. Coba mun ninggang kana pingping kiwana. Bororaah katiruk ku pakarang seukeut atawa matih, dalah ukur kakoet ge pan langsung tiwas. Eta teh permatina ajian batarakarang teh."

Palembang Gunung seuri leutik. Hatena mah surak ajrag-ajragan. Asa ngeurad marmot meunang uncal. Tapi ku pinter nyumputkeun semu dasar lagu tukang tipu.

Sabada ngahening sawatara waktu.

"Aeh bet kalalanjoanan kula mikir teh nya Mang. Kajeun ah teu boga batarakarang ge ari kira-kira eleh kadar kakoet mah. Mending kasaktian nu ilahar bae atuh ari kitu mah," Palembang Gunung ngahaja megat carita sangkan jadi racun nu namper dina pikiran Centangbarang. Sugan jeung sugan duit emas sapundi teh bisa marabun abdi nu geus pikun model Centangbarang.

Centang Barang nu teu apal kana niat jahat minantu raja teh teu sadar yen ku jalan mere nyaho permati raja teh sarua jeung mantuan rajapati. Dina hiji peuting, jalma-jalma nu niat aniaya teh megat Sang Prabu nu keur semedi di sangar palengatan. Barang anjeunna kaluar ti kamer, jugjug aya nu numbak di lempag meneran pisan kana pingping kencana. Raja teh tiwas saharita Tapi dina pungkasanana, Centangbarang nu narima akibatna. Memeh maot raja kedal; supata. Centangbarang maot sabada awakna beak digegelan ku dirina sorangan.

***

TITIS TULIS


Ku Dedin Rohaedin

Nis, ieu Maya, sobat anjeun baheula. Geus tilu kali ngetrok panto, ku naon teu dibuka bae? Lampu di tengah imah ngemprah keneh. Sora televisi kadenge ka luar. Karek tabuh salapan ieu teh, piraku Ninis geus tibra. Asa moal salah imah deuih. Maya geus tatanya ti gapura komplek keneh. Kabeh nu ditanya nuduhkeun ka dieu, ka nomer ieu. Jeung moal keur kagok digalentor ku salaki meureun, pan Ninis teh rarangdaan keneh lin?

Nyangka kitu teh pedah ceuk Ninis sorangan, kapok teu hayang deui boga salaki. Inget keneh teu basa opat taun ka tukang urang ngobrol duaan di warung sate Pa Kumis? Ti harita urang can bisa tepung deui.

"Sorangan bae Nis, keur ka mana ari Kang Adin?" kitu barang gok tepung di warung sate teh.
"Tong nanyakeun Si gejul, mending ge murak sate sing wareg!" tembal anjeun bari diuk gigireun, beulah katuhu.
"Har, ku naon kitu? Keur pasea?"

Harita paroman anjeun ngadadak alum. Terus robah jadi jamotrot kawas nu ambek. Untung Ninis mah geulis, najan keur jamedud ge angger we siga Bella Saphira. Rancunit matak pikabitaeun lalaki. Keur mah boga awak sampulur bari bahenol, puguh we matak moho sakur nu nenjo.

"Geus pisah jeung Si jurig teh, geus rek sataun!" ceuk anjeun bari jebi.
"Baruk? Tega geuning Kang Adin teh? Teu cara baheula keur hayangna, mani teu sirikna ngalehor dina golodog?" cekeng kaget pisan.
"Numatak ge, lalaki mah teu bisa dicepeng pamadeganana. Hanas keur bobogohan jeung Kang Iwan kapaksa dipegatkeun. Tuda watir ku melas-melisna. Jeung kataji ku keyengna we, mikahayang ka urang teh teu sirikna bebeakan. Geus puguhna surat murudul teh unggal minggu, apan lamun datang ge teu weleh angkaribung jingjing bawa. Atuh lamun balik ti panyabaan, memeh datang ka kolotna teh ngaheulakeun ka urang heula. Kitu deui mere duit pamahugi, eusi amplop teu weleh kandel. Sok we, saha awewena nu teu kaceot!"
"Enya, apal Maya ge. Tapi naha atuh bet tibalik lemah? Lain pedah Ninis katohyan nyelewer?"
"Euleuh, goreng teuing sangkaan teh, May?"
"Ih, pedah keur usum we. Pan ayeuna mah nu nyelewer teh teu pandang cacah atawa menak, teu di rahayat teu di pajabat...," nembal teh bari ngagalokeun kecap kana samara sate.
"Lain manehna nu nalak, tapi Ninis sorangan nu menta pisah. Ninis nu ngagugat talak ka pangadilan agama. Alhamdulillah hasil."
"Deuh, rame geuning Nis? Jadi, Kang Adin nu nyelewerna?"
"Lain perkara nyelewer, May. Kang Adin robah jadi euwah-euwah!"

Nis, inget keneh teu, harita Maya. Teu ngarti naon nu dimaksud ku Ninis. Maya panasaran hayang ngadenge lalakon nu sagemblengna, tapi Ninis kalah jongjon ngahuap. Sakitu geus beak tilu tiir, Ninis teu daek pok bae.

"Pok atuh, Nis!" cekeng, gantung areuyeun.
"Naon?" ceuk Ninis, malik mencrong.
"Eh, ari Ninis bieu tos ti mana heula?"
"Murak sate!"
"Ih, Maya mah mani ti dengdek-dengdek hayang ngadenge lalakon Kang Adin jadi euwah-euwah..."

Anjeun nyikikik. "Sugan teh teu panasaran," bari kop deui nyokot tiiran sate.

"Dasar gembul!"

Lalakonna panjang, May."

"Kajeun panjang oge, sok atuh caritakeun, meungpeung panggih," ngahaja sendok diecagkeun, ngahuap eureun heula bakat ku hayang saregep ngadengekeun.
"Mimitina mah saprak Kang Adin di-PHK," ceuk anjeun muka carita. "Lantaran hayang boga gawe deui, manehna meh unggal poe indit ngasup-ngasupkeun surat lamaran. Tapi nepi ka tilu bulan can aya nu narima bae. Antukna duit pasangon nu teu sabaraha gedena teh beak dipake kabutuh sapopoe. Tah, ti harita sikep Kang Adin mimiti robah. Manehna kawas nu peunggas harepan. Duka ku naon jadi remen meuli inuman nu teu paruguh. Lamun indit ti imah, balikna meh tengah peuting bari sasampoyongan mabok. Jadi gede ambek deuih. Komo lamun euweuh duit mah, wani nyiksa sagala ka Ninis teh."
"Euleuh, kutan kitu Nis? Terus kumaha?" cekeng wuwuh bengong.
"Hiji poe Kang Adin ngajak ulin. Cenah mah ngajak nganjang ka sobatna nu rek mere pagawean. Anehna, Ninis kudu dangdan kawas rek ka pesta dangsa. Kudu geulis, kudu menor, kudu seksi, cenah. Tara-tara ti sasari Ninis kudu make baju nu nyitak awak jeung erok pungsat. Jeung deui teu meunang mawa budak, May."
"Ninis teu nolak?"
"Ih, puguh we nolak mah. Pan iraha teuing Ninis dangdan kawas jablay. Komo bari kudu ninggalkeun budak nu anyar dikisat. Tapi Kang Adin keukeuh maksa. Gaul cenah sakali-kali mah. Meh bebas, budak pihapekeun ka tatangga, pokna teh."
"Tapi bener nya nganjang ka sobatna?"
"Nu matak, ti harita Kang Adin gejulna teh. Manehna jadi euwah-euwah May!" ceuk anjeun bari paroman ngariuk nguyung. Tina juru panon ebreh aya nu ngembeng. Lila-lila peupeus ngalembereh mapay pipi.
"Maksud Ninis?"
"Ninis teh dilacurkeun, May. Ninis dijual ku Kang Adin ka sobatna."
"Astagfirulloh...!" ngadadak dada karasa eungap.
"Lain ukur sakali eta, May. Unggal manehna butuh duit, Ninis terus dilacurkeun."

Nis, ngadenge kitu jajantung Maya asa rek pegat. Sakedapan ngaheunggeu. Asa percaya asa henteu. Naha Kang Adin jadi nista? Apan baheula mah sakitu bageurna? Jeung asa boga dosa ka Ninis teh, lantaran Maya sorangan nu nepungkeun Ninis ka Kang Adin.

"Ari Ninis teu bisa ngalawan pisan?"
"Hese nyaritakeunana, May. Nolak jeung ngalawan mah asa geus kurang kumaha. Dasar jelema gejul, beuki wani ngalawan beuki pohara nyiksana. Nu ngaranna ditampiling mah geus teu kaitung duka sabaraha kali. Lamun nolak ngalayanan lalaki bawa manehna, sapeuting eta Ninis digantung. Sirah di handap, suku di luhur..."
"Ya Alloh, ya Robbi...!"
"Ninis ge kungsi kabur May, tapi kacerek deui. Ti harita Kang Adin ngancam, lamun Ninis nolak dilacurkeun, cenah keur gantina Si Pipit rek dijual!"
"Beu!"
"Sok pikir ku Maya. Kajeun Ninis jadi korban ti batan anak nu dijual," anjeun harita terus nyegruk.

Harita teh Maya ge kabawakeun ceurik, Nis. Urang paungku-ungku duaan. Teu ieuh malire tukang sate nu kumisna ngadadak lempes. Maya bisa ngarasakeun kumaha paitna nasib Ninis. Ceuk paribasa mah Ninis the lir ibarat maju jurang mundur jungkrang.

"Hadena we ka Ninis aya jalma nu haat nulungan," ceuk anjeun sanggeus cimata urang mimiti saat.
"Kumaha dongengna, Nis?" cekeng bari curinghak.
"Sakali mangsa Ninis dilacurkeun deui. Poe eta mah teu dianteurkeun ku Kang Adin, tapi ngadon nitahan sobatna. Ninis diserenkeun ka hiji lalaki perlente. Aneh, nu ieu mah keur kasep teh someah. Apan nu sejen-sejen mah barang gok oge sok langsung rorontok muka anderok. Tapi nu ieu mah kalem pisan. Boro-boro ngarontok, diuk ge teu wani padeukeut. Di kamar hotel teh, Ninis diuk dina biwir ranjang, manehna mah camekblek we dina korsi."
"Geuning, aya nu kitu lalaki teh?"
"Ninis ge heran, May. Manehna kalah ngajak ngobrol, tatanya naon kasang tukangna pangna Ninis cenah jadi awewe panggilan. Ah, kasempetan ceuk pikir teh. Brak we dibuka sagalana. Meureun geus kersana Nu Kawasa. Eta lalaki teu pisan wani ngoromeoh. Kalah dek we nyieun reka perdaya. Nya ku anjeunna salaki gejul teh dijebloskeun ka panjara, sakalian Ninis dibantuan ngagugat talak...."

Duh, mani ngemplong ngadengena teh, Nis. Alam dunya asa ngadadak blungblang. Warung sate nu sumpek ge asa robah jadi stadion. Enya, bakat ku milu bungah.

"Nu matak, geus Ninis mah teu hayang deui boga salaki. Kapok. Ayeuna mah rek ngurus si Pipit di lembur. Rek disakolakeun sing luhur. Rek dipasantrenkeun. Sugan we jadi budak anu solehah," anjeun ngebrehkeun harepan.
"Maya salut ka Ninis," cekeng bari ngarangkul. "Maya angkat topi. Teu sangka Ninis bisa teger, tabah jeung tawekal. Mun Maya nu ngalaman kitu, duka bakal kumaha. Paling ge geus we maehan maneh. Gantung diri. Rek marakayangan jadi ririwa. Rek diuber salaki gejul kitu mah. Ngahukumna teu cukup ukut dibui kawas Kang Adin ayeuna. Salaki ucut burung mah kudu dijungjurigan sangkan paeh molotot!"
"Hush, nyarita teh sok sompral kitu, kumaha mun dituliskeun jurig?"
"Bae dituliskeun jurig mah, asal ulah dituliskeun malaikat we!" ngawalon teh bari jebi.

Nis, ayeuna Maya aya di teras. Ku naon ngetrok panto taya nu ngawaro? Geus tibra sare kitu? Boa Ninis jalir jangji, geus boga deui salaki. Mun enya teh, meureun ayeuna keur dikeukeupan, atawa keur ngahenen diparende ku bebene pamepes hate.

Ti saprak pisah di warung sate Pa Kumis tea, urang can bisa tepung deui. Bongan Ninis balik ka lembur. Maya teu nyaho ka lembur Ninis. Apan salila sosobatan teh urang mah teu ingkah ti kota Bandung. Tadi oge mapay-mapay we tatanya ka saban jalma nu kaparengkeun panggih di jalan.

Maya teh rek menta tulung, Nis. Bet sanasib geuning urang teh. Meureun sakumaha ceuk Ninis harita, omongan Maya dituliskeun jurig. Salaki Maya ge robah jadi euwah-euwah kawas Kang Adin. Maya sarua dilacurkeun ku salaki.
Duh, nyeri batin teh, Nis. Ampir saminggu tilu kali Maya kudu ngalayanan lalaki culas. Maya dipaksa teu meunang embung. Kawas Ninis harita, sarua Maya ge remen disiksa. Mun teu ditampiling, nya didagorkeun kana tembok. Sakapeung Maya dilelep-lelep dina bak mandi, terus dikerem sapeuting jeput.
Teu kuat Maya mah, Nis. Teu bisa teger jeung tabah kawas Ninis. Tilu poe ka tukang Maya nekad maehan maneh. Maya gantung diri, Nis. Boa Ninis ge terang kasusna dina Buser atawa Sergap. Kasus Maya diliput ku kabeh stasion tivi. Kungsi nonton teu?
Nis, geus dua peuting Maya marakayangan. Geus dua peuting ngubek kota Bandung neangan salaki. Cara omongan Maya harita, salaki gejul teh rek diuber. Rek diririwaan. Rek dijungjurigan ngarah paeh molotot.
Nis, ieu Maya aya di hareupeun imah. Buka atuh pantona. Piraku kudu gegedor? Maya bingung Nis. Salaki can kapanggih keneh. Duka ka mana kaburna tah jelema gelo teh. Sugan atuh lalaki nu bareto nulungan Ninis ayeuna bisa nulungan ka Maya. Pangnewakkeun salaki Maya. Lamun geus aya di pangberokan, keun bagean Maya nu ngajungjurigan. Satuju, Nis? ***

Bogor, 200309

NU CAN KUNGSI KALISANKEUN

Ku: Tety S Nataprawira

Sora degung ngungkung, mapag wisudawan nu sakeudeung deui bakal arasup ka jero rohangan, tempat acara wisuda diayakeun, di gedong Sabuga.

Ti awal keneh kuring diuk dina korsi nu disadiakeun ku panitia. Cacak datang asa pangisukna, bet kabagean teh na korsi jajaran pangluhurna, pangtukangna. Tapi keun weh, demi anak.

Teu karasa cape ieuh sanajan tibarang datang oge geus kudu ngesang.

Neangan tempat parkir nu merenah hese naker. Budak mah geus elekesekeng sieun kabeurangan. Kaning manehna teh meunang dangdan ka salon, make samping kabaya sapuratina. Leumpangna rada aced-acedan da gejed.

Ras ka indungna, hate make kagagas sagala. Geus teu aya dikieuna. Mana teuing bagjaeunana mun kungsi ngabandungan mah. Tapi hate teh gancang dibangbalerkeun. Da geus puguh nu mulang mah, anging Alloh nu nangtayunganana, teu kudu dipikamelang deui, kari ngadua'keun.

Ninggalkeuna teh ngan sawatara waktu saentas ngalahirkeun, duapuluh dua taun katukang.

Geus meunang badami ti samemehna baheula teh, budak  mun lahir awewe rek dingaranan Ratih Sekar Kinanti. Ngarah jadi wanoja kembang kanyaah nu pinuh wirahma saperti tembang kinanti, dinamis jeung pinuh kaasih. Cekeng ka pamajikan teh.

Sabenerna pikeun kuring sasoranganeun mah aya kasang tukangna pangna hayang ngangaranan kitu teh. Tapi harita mah teu kungsi dicaritakeun ka indungna Kinan, kitu ngabasakeunana budak teh geus gede mah.

Puguh, ngaran eta pisan nu ku kuring dipapaes na jero hate teh. Ngaran hiji wanoja batur kuliah baheula.

Tapi mungguhing jodo, prukna mah ka baraya. Lantaran wanoja nu ngaran Ratih Kinanti teh kaburu meunang beasiswa ka nagri deungeun, ngahontal S2 na. Malah meunang beja ti sobatna, cenah tepi ka S3 na diditu teh.

Acara geus dimimitian. Sambutan ti Rektor pangheulana sanggeus bubuka. Kalawan reueus manehna nyaritakeun yen taun ieu ti unggal jurusan loba mahasiswa nu lulus cum laude.

Sorangan kaasup anu kasinugrahan bagja, anak kuring kaasup diantara nu lulus kalawan nyongcolang ti jurusanana, fakultas tehnik lingkungan.

Budak mah geus bebeja ti kamarina oge, lantaran harita keneh sanggeus beres sidang, langsung hariweusweus nelepon, teu cukup ku nga sms.

"Alhamdulillah Pah, Kinan lulus cum laude!" cenah bari semu dareuda. Kuring keur di kantor keneh harita teh. Gancang nelepon ka indung sorangan, ninina Kinan. Ngabejaan ngarah anjeunna bingaheun.

Sanajan kuring boga pamajikan deui ti saprak ditinggalkeun kunu tiheula, indung teu ngawidian budak dibawa, nya jeung anjeuna weh. Tepi ka ayeuna.

Hadena sa-kota keneh, teu hese ngalongokan.

Poe ieu teh pamajikan mah teu bisa ngilu ngistrenan, da meunang tugas ngabingbing mahasiswana nu keur panalungtikan ka NTB, panalungtikan sual tambang-mineral ti fakultas tempat manehna ngajar. Sanajan sabenerna mah kacida hayangeunana ngahadiran, tapi waktuna kabeneran mareng pisan.

Diuk teh sorangan bari rada cuang cieung, tapi paningali mah nguriling ka sabudeureun. Tatamu nu hadir, sarua we jeung kuring, ngabandungan nu biantara teh loba nu bari ngareretan sakurilingeunana. Lamun prok paadu tingal, unggeuk bari imut. Sarerea nu aya di dinya tangtu keur papada bungah.

Ngaluuhan wisuda salahsaurang anak atawa kulawargana.

Alhamdulillah, beunang hese cape teh budak lulus nyugemakeun.

Kabagean diuk di jajaran luhur pangtukangna tea, da kabeurangan jolna. Tapi malah kabeneran, genaheun. Bisa nyawang ka mamana ti kajauhan. Biantara nu munggaran geus anggeus, asup kana acara satuluyna, jeung satuluyna. Diselang ku rampak sekar barudak Lingkung Seni Sunda nu matak reueus. Anjog ka acara panungtung nu dianti-anti, wisudawan disebut saurang saurang dina runtuyan acara fakultasna masing masing. Make ratug sagala hate teh. Celengkeung ngaran anak disebut"  Ratih Sekar Kinanti , S1 Tehnik Lingkungan duaribu tiga, Cum Laude!" cenah.

Teu karasa cipanon juuh, reueus, jeung bungah. Katambahan ku ras inget ka indungna. Buru buru disinglarkeun, sieun paningali kahalangan ku, mangkaning apan hayang ningali anak leumpang muru podium nampanan pangwilujeng ti-rektorna. Dina layar TV gede nu dipasang di hareup oge geus katingali Kinan leumpang lalaunan dina antayan wisudawan sejenna.

Rengse acara ngistrenan, barudak mah can diidinan ka luar tina acara, dititah kumpul di fakultas masing masing. Kolot kolotna kabeh dipandu ku panitia fakultas, dihaturanan lebet ka ruangan jurusan, cenah. Disuguhan. Kuring mah angger luak lieuk neangan budak.Sabot kitu  ngobrol jeung nu diuk beulah kenca jeung katuhueun. Teu kungsi lila hp disada. Horeng sms ti budak.

"Pah, mangga we teraskeun acara ortu, Kinan masih aya keneh acara. Pami atos rengse ku Kinan diwartosan, hoyong direncangan ku Papah nepangan bu dosen pembimbing" cenah, panjang smsna teh.
"OK " kuring ngajawab sms na

Suasana kampus geus robah, teu siga baheula jaman kuring kuliah. Ayeuna mah leuwih ‘meriah'. Barudak mahasiswa katingal leuwih bebas ngaekspresikeun sagalarupa anu jadi pamikiran atawa kamotekaranana.Matak reueus jeung kayungyun.

Aya anu tacan robah oge. Tatangkalan gede nu jadi iuh iuh kampus. Umurna tangtu geus aya nu saratus taun,boa leuwih. Tatangkalan nu geus kungsi nyakseni generasi bangsa lahir di kampus nu kajojo saantero lemahcai. Kampus nu ngalahirkeun pamingpin pamingpin bangsa sanggeus merdeka. Muga-muga Pamingpin anu brolna ti kampus mah beresih, muga-muga nu lahir ti dieu teh taya nu kalibet korupsi.

Bari nungguan budak nga-sms, beres disuguhan sorangan leuleumpangan di sabudeureun fakultas. Ngawawaas maneh. Baheula sok sempal guyon teh di ditu tuh, bari nungguan jam kuliah, di nu ayeuna geus jadi lapangan pentas acara.Tatangkalanana mah angger keneh. Mun jangjian panggih jeung manehna, nya di dinya, atawa dina kagiatan organisasi. Henteu sa-fakultas, tapi karesep mah sarua, di antarana milu icikibung di Lingkung Seni Sunda. Numatak basa tadi disuguhan sora degung teh, hate mah nyoreang puluhan taun katukang. Manehna jeung kuring sok mindeng mentas bareng dina acara pamapag karesmen. Manehna pisan deuih nu ku kuring ngaranna dipake pikeun mere ngaran anak sorangan. Keun weh, 'ngalap berkah' ku pinterna. Matak manehna meunang beasiswa ka mamana ge, da pinujul wae. Kateuing, dimana ayeuna? Kinan mah can kungsi ka-dongengan sual ieu teh. Ah,barina oge da ieu mah sual hate lalaki, kitu oge baheula dina mangsa harita. Ayeuna mah geus kolot,ngan ukur inget wungkul.

Tapi teuing ketang, ieu hate ti saprak Kinan rek diwisuda, ngan inget wae ka alam harita. Asa aya keneh kapanasaran. Aya lalakon nu can kacaritakeun, aya sasebet rasa nu harita can kakedalkeun. Yen kuring teh resep, kayungyun, nyaah jeung deudeuh ka manehna. Wancina baheula papisah, teu kungsi boga kasempetan ngedalkeun. Sok sanajan dina polah tingkah jeung paneuteupna, kuring boga kayakinan gede hate, yen manehna sarua, boga rasa asih. Ge-er meureun ceuk barudak ayeuna mah.

Sababaraha waktu sanggeus papada lulus, manehna mapay. Harita cenah keur aya di nagri Sakura. Ibu anu nampi telepon teh, cenah manehna nanyakeun. Ah keun wae sanajan manehna teu boga rasa nu sarua oge, da kuring mah nyaah.                                                                                                                  

Kanyaah nu kungsi diteundeun di handeuleum hieum. Can karuhan kateang deui.

Hape disada, buru buru dibuka bisi ti budak. Enya we.

"Diantosan di teras ruang A", cenah. Gura giru kuring ka dinya. Nyampak teh Kinan geus ngajengjen nangtung deukeut tihang teras. Leungeunna ranggah ti kajauhan kawas budak nu hayangeun dipangku.
"Pah!" cenah ngagero  bari ngarangkul
"Urang difoto tea sareng bu Ratih , buat ngucapin terimakasih " Kinan ngaharewos.
"Bu Ratih? " Kuring heran, da salila ieu mah tara nyebut ngaran eta. Kinan unggeuk
"Muhun, dosen pembimbing tea "  cenah, teu riuk-riuk
"Tuh, tos ngantosan!" Kinan nunjuk ka jero rohangan.

Di jero bangun keur riweuh loba nu kaluar asup bari jaligrah. Lolobana wisudawan da marake keneh toga.

Sup ka rohangan, nu dituduhkeun ku Kinan keur papahareup jeung tamu sejen bari aya nu diobrolkeun meureun. Teu kungsi lila tuluy sarasalaman. Paromanna marahmay. Ibu dosen teh malik ka kuring, jol deg weh jajantung teh asa rek eureun ketegna. Nu disebut bu Ratih ku Kinan imut bari ngabageakeun someah pisan.

"Geuning...?" cenah teu kebat, kalah song silih asongkeun leungeun, sasalaman.
"Wilujeng Kang! Kinanti sae pisan prestasina. Teu sangki tepang deui nya?" cenah
"Mu..mu ..hun, hatur nuhun. Bu Ratih teh...?" maksud mah. Bu Ratih teh Ratih-Kinanti tea, babaturan kuring baheula? Manehna kaburu unggeuk, surti. Ampir tilupuluh taun kaliwat meureun, geus lila pisan.

Kalangkan Ratih baheula nembongan deui, camperenik, geulis. Ayeuna ge, meh teu aya robahna. Angger we langsing, seger.

Bedana, paneuteupna leuwih liuh, aya karisma nu matak ajrih. Sanajan kitu geter na hate kuring bet angger can aya bedana, teu bisa kasumputkeun, kuring jadi kalah samar polah.

"Pun anak teu nyanggemkeun rehna bu Ratih teh..." cekeng bari angger neuteup, neangan jawaban dina heherang panonna. Kuring ngagebeg, ningali aya nu ngembeng didinya. Manehna unggeuk.
"Abdi mah tos nyangki Kinan teh leres putra Akang, da nami ramana sami sareng nami Akang.." sorana halon bangun nu embung kadengeeun ku Kinan, anak kuring.

Sorangan teu bisa nembalan, era katohyan make ngaran manehna pikeun anak sorangan. Gembleng deuih, kabeh ngaranna dipake.

Teu kungsi menta idin deuih, dalah ka almarhum indungna Kinan oge teu kungsi balaka naon alesan nu sabenerna iwal ti pedah alus.

Nu cenah rek difoto jeung bu Ratih teh Kinan kalah kalibet ngobrol jeung babaturanana nu ngawilujengkeun.

Atuh kuring jeung manehna kalah papada tungkul sajongjongan, bari paheneng heneng. Ari tanggah deui paneuteup paamprok bari biwir papada engab, arek ngucapkeun kalimah nu sarua.

"Lami pisan nya, teu aya wartos?" Meh bareng
"Muhun!" bareng deuih. Manehna imut. Buru buru nuluykeun caritaanana "Hapunten Kang, waktos nguping wartos geureuha Akang ngantunkeun, abdi teu tiasa ta'ziah" pokna.
"Kawartosan ku saha?" cekeng.
"Tangtosna ge dikukupingkeun we ku abdi berita Akang mah, da panasaran sok hoyong terang" tembalna
"Aeh muhun..." cekeng asa dosa. Rumasa ari lalaki mah teu bisa satuhu kana rasa, teu kateuleuman jerona hate manehna, padahal manehna teh apan nu dipicinta.
"Bu Diana iraha uihna ti NTB?" Manehna nanya. Sorangan reuwas. Diana teh pamajikan nu ayeuna tea.
"Geuning uninga?"
"Nya muhun atuh Kang, maenya we sami sami ngajar di kampus ieu, teu kenal onaman" tembalna.
"Tara naroskeun kabar Akang ka bu Diana mah, da sok nelepon we ka tuang ibu, janten terang sadaya" Manehna siga nu nerangkeun bari nyeukeukeuk seuri halon bangun nu sugema.
"Paingan...!" cekeng.

Kuring beuki Samar polah, rarasaan asa keur ditalek hakim mun enggeus mah.

"Hapunten nya Rat!" pok teh nyebut Ratih jiga basa baheula.

Manehna unggeuk. Sorangan teu ngarti, naon sababna make kudu ngucapkeun menta dihampura, jeung manehna ge jol unggeuk, teu nanyakaeun lantaran naon kuring menta dihampura.

Ah, Ratih, geuning Akang mah bet teu kongang balaka, cek hate. Manehna mah meureun teu engeuheun, yen na ieu jero hate aya rasa, nu can kungsi kalisankeun.

***