Ku Didih M Rap
Tonggeret mimiti reang patembalan. Angin geus teu gegelebugan deui, teu kawas basa kuring karek jol ka dieu. Ngahiliwir ayeuna mah, matak genah keur niiskeun awak anu keur bayeungyang. Nu matak, tiung ge rada disingkabkeun ka luhur nepi ka ngaliglag palebah beuheung, ngarah angin bisa nyulusup asup.
Kuring anteng keneh diuk luhureun jukut handapeun tangkal pineus anu jalugjug jangkung, sanggeus sakitu jam lilana leuleumpangan ngurilingan ieu tempat. Najan wanci geus ngagayuh tunggang gunung, can aya kereteg niat mulang. Enya, betah geuning cicing di dieu teh. Betah ngararasakeun lindukna alam pagunungan, betah ngararasakeun humiliwirna angin, betah nyawang kaendahan lengkob anu rembet ku rurungkunan, anu di handapna ngamalir walungan Cikapundung (nyaho eta walungan Cikapundung teh ti manehna). Tah, sora caina seah ngawirahma jeung sora tonggeret anu reang patembalan. Paingan manehna mani galecok nyaritakeun pangalaman ulin ka dieu. Paingan manehna mani pok deui pok deui ngajak kuring ka dieu, da bakal romantis keur nu ngumbar asih mah. Mun teu sieun ku pibalukareunana mah, hayang pisan kuring ngayunkeun kahayang manehna teh. Hayang pisan kuring duduaan jeung manehna di dieu, dina kaayaan saperti kieu. Tapi, lah...
Renghap, kuring narik napas jero naker. Karasa aya momot anu beurat jeroeun dada teh. Momot anu sasat dijieun ku sorangan, anu hate leutik keukeuh teu merean mun kudu ngecagkeunana. Najan beurat, najan teu weleh dibangbaluhan ku kasieun, tetep karasa endahna. Nu matak, najan sakumaha beuratna, kuring bakal tetep miarana.
Miara? Enya miara, lain nganteur. Kuring bakal tetep ngajaga ieu rasa malar teu nepi ka sirna. Inditna kuring sosorangan ka ieu tempat ge salah sahiji bukti yen kuring pageuh kana pamadegan sorangan. (Da mun rek nganteur mah tangtu kuring giak nyanggupan basa manehna ngajak duaan ka dieu). Mun manehna bangun anu betah aya di ieu tempat, mun manehna bangun anu hayang kuring ulin ka dieu, kuring indit teu bareng jeung manehna. Ayeuna kuring bisa ngarasa betah di dieu, cara anu karasa ku manehna. Mun manehna kungsi ngabayangkeun hal nu sarua. Jadi, enas-enasna mah batin kuring jeung manehna ayeuna keur tepung di dieu, dina waktu ieu, najan raga mah keur jauh paanggang.
Reup, sajongjongan meureumkeun panon. Breh kalangkang manehna atra nembongan dina ciptaan. Rengkak paripolahna, seurina, dangahna, kiceupna, tembres dina lamunan. Sorana, eta sorana ge bet asa jelas kapireng ku ceuli batin.
"Teh, tos emam?" patalekan anu mindeng dikedalkeun ku manehna saban ngaliwat ka hareupeun meja kuring dina waktuna istirahat. Sorana anu agem, anu lentongna binarung rasa kanyaah jeung kamelang, teu weleh ngendagkeun jajantung kuring. Kuring ngarti ka mana leongna eta patalekan. Sakapeung-kapeungeun kuring sok daek dahar bareng jeung manehna di kantin. Ngan mimindengna mah nolak, bisi gareuwah batur sakantor mindeng teuing babarengan mah.
Nepi ka kuring beunta deui, sora manehna angger asa nongtoreng dina ceuli.
Asa kaingetan, hiji waktu basa keur dahar bareng, manehna kungsi ngadongengkeun pangalmanana basa mimiti nyaho ka ieu tempat. Keur jaman kuliah, manehna magang di salasahiji surat kabar, jadi wartawan freelance. Hiji waktu, cenah manehna dibere pancen ku koordinator liputan kudu nyieun tulisan ngeunaan Cikapundung. Manehna kudu nataan kalawan gemet kaayaan Cikapundung ti girang nepi ka muarana. Nya harita cenah manehna mimiti nyaho ka dieu teh. Sabada anjog di Maribaya, manehna tuluy nikreuh ka wetankeun nepi ka jogna ka ieu tempat, lokasi wisata Guha Belanda jeung Guha Jepang.
Kayungyun, harita (basa keur ngadongengkeun Cikapungdung) manehna nyaritana teh make jeung milosofi sagala. Sajeroning nunutur Cikapundung, nu kaimpleng teh cenah asa keur mapay-mapay lalampahan sorangan. Manehna teh teu beda ti walungan, cenah.
"Cikapundung teh di girangna mah canembrang pisan. Mun beuki ka wetan, caina teh beuki kiruh, da seueur nu ngiruhan. Komo tos bade ngamuara ka Citarum mah, di wewengkon Bojongsoang, tos teu mangrupa cai Cikapundung teh. Abdi oge teu benten ti kitu," omong manehna ditungtungan seuri mawur.
Harita kuring teu rea ngomentaran omongan manehna. Ngan sanggeus diuk deui nyanghareupan meja di kantor, jadi aya nu kapikiran tina omongan manehna teh. Ceuk manehna, Cikapundung beulah wetan jadi kiruh lantaran rea nu ngiruhan. Ayeuna manehna ngarasa teu beda ti Cikapundung, ngarasa kiruh. Naha manehna ge ngarasa aya nu ngiruhan kitu? Boa manehna teh nyindiran kuring, nganggap kuring ngiruhan kahirupanana?
Harita keneh kuring nga-sms, menta dihampura bisi enya kuring dianggap ngiruhan manehna. Da jeung enyana deuih hate leutik mah ngaku kuring geus ngaganggu katengtreman hatena. Kuring rumasa, sawatara waktu ka tukang geus kalepasan ucap mitineung manehna. Kuring teh kawas lali ka temah wadi. Kuring kawas nu teu sadar saha kuring jeung saha ari manehna. Kuring teh apan wanita timur anu sakuduna bisa nyidem perasaan. Kuring teh apan wanita anu geus teu laganca deui, kuring teh jadi hiji indung ti anak-anak kuring. Anak kuring nu cikal ayeuna geus nincak kelas tilu SMP. Manehna onaman, najan enya geus batian, karek hiji tur kembang buruan keneh. Sagigireun eta, manehna mah apan lalaki. Keur lalaki mah sok tara dianggap salah mun neundeun tineung deui ka nu lian teh.
Tapi kumaha jawaban manehna?
"Teu kedah nyuhunkeun dihapunten. Teteh teu lepat. Ieu mah abdi bae nu leumpeuh yuni. Teteh ulah kagungan maksad ninggalkeun abdi. Teteh kedah tanggel waler kana rasa anu tos mangkak na dada abdi."
Teu wudu bungangang maca sms ti manehna kitu teh. Komo lebah maca kekecapan nu panungtung. Leuh, ieu hate asa balik deui ka mangsa SMA. Malah leuwih ti kitu boa.
Kuring nga-sms deui, ngaheureuyan, "Leres kitu Aang (ngabasakeun teh sok Aang, najan ka sahandapeun) kagungan rasa nu sami sareng abdi? Piraku Aang resep ka nini-nini?"
Jebul jawaban ti manehna, "Wios, nini-nini ge da ieu mah nini-nini geulis hehe...," pokna togmol. Nyaan, bisaan manehna mah ngagenahkeun hate kuring teh, anu ngalantarankeun hate kuring beuki manteng geugeut ka manehna. Ungkara-ungkara saperti kitu teh geus tara kapanggih ti batur saimah mah. Tong boro ngedalkeun pamuji, waktu patepung ge mingkin kasungkeret beuki dieu teh. Da teu balas tugas ka luar kota atawa tugas lembur tea.
Hhh!, kuring ngarahuh deui. Rupa-rupa rasa karasa mingkin nyaksrak jeroeun dada. Rasa endah, betah, pagaliwota jeung rasa sieun mun hiji waktu aya batur nu nyahoeun kana lalakon kuring jeung manehna. Mun nepi ka aya nu nyahoeun, komo mun anu nyaho eta teh batur saimah kuring atawa batur saimah manehna, tangtu bakal nimbulkeun gugujrudan. Najan enya ayeuna kuring ngarasa kurang diperhatikeun ku nu jadi salaki, teu hayang ari rumah tangga kudu pakucrut alatan lampah teu uni kuring mah. Jeung pangpangna mah deuih mun nepi ka kanyahoan teh meureun kuring moal bisa laluasa deui sms-an atawa teteleponan dina jemplingna peuting mangsa nu lian geus ngaranjang ka alam impian sewang-sewangan. Meureun kuring teh moal lugina deui pagilinggisik di kantor. Moal ngalaman deui dahar bareng di kantin. Nu matak kajeun milih kieu, milih indit sorangan-sorangan, asal asih manjang ngantengna.
Keur anteng natar lamunan, terrr... hape na pesak jaket karasa ngageter. Teu disada, da puguh nada deringna teu diaktipkeun. Ret kana layarna, nomer imah.
"Hallo?" ceuk kuring sanggeus mencet tombol ok.
"Mamah iraha uih? Ade can emam," ceuk sora ti ditu, Si Bungsu.
"Oh, Ade. Mamah di kantor keneh, bageur. Si Bibi teu masak kitu?" kuring nanya.
"Hoyong sareng Mamah emamna," sorana rada ngarenghik.
"Pan biasa ge sok nyalira, bageur. Sok emam nya, Mamah aya keneh pidameleun. Sakedap deui uih...."
Teu kungsi cacarita nanaon deui Sii Bungsu teh, ngan kadenge rada tarik neundeun deui gagang telepon teh. Ngambek tangtuna ge. Puguh piindung keneh Si Bungsu mah, teu kawas lanceuk-lanceukna. Malum karek kelas dua SD.
"Duh, hampura Mamah, bageur. Mamah geus ngabohongan hidep. Padahal Mamah teu weleh mapatahan hidep sangkan ulah sok bohong," kuring ngagerentes.
Ret kana jam nu meulit dina pigeulang leungeun kenca. Jam lima leuwih saparapat. Najan bari jeung bareurat, teu burung kuring nguniang nangtung. Pruk, pruk, ngeprukan jukut garing nu narapel dina calana. Teu pupuguh bet jadi keuheul ka Bi Anih, ku naon mani teu bisa ngabebenjokeun budak malar daek dahar.
Bari rada murukusunu, kuring ngoloyong niat rek mulang. Ngan acan ge lima lengkah, hape karasa ngageter deui. Sanggeus dicekel, ret kana layar. Teu wawuh. Can kadaptar dina hape kuring.
"Hallo," teu burung diangkat.
Tut...tut...tut... ti ditu ditutup.
"Ih, mani euweuh gawe ngaheureuyan batur," kuring kutuk gendeng sorangan. Blus, hape dipesakan deui.
Ngan teu lila ti harita, geus ter deui hape teh ngageter. Direret, nu tadi deui. Angkat, entong, angkat, entong? Aya padungdengan sakeudeung. Ah, angkat we bisi tadi mah dumeh sinyal di dituna goreng.
"Hallo," ceuk kuring.
Tut...tut...tut... cara tadi deui. Puguh wae beuki mentegeg hate teh. Nyaan nu ngaheureuyan ieu mah. Ambeh itu teu ngaheureuyan deui, antukna hape teh dipareuman.
Jongjon ayeuna mah leumpang teh, teu kaganggu ku ngangkat telepon ti jelema nu euweuh gawe. Teu kungsi lila ge geus anjog ka gerbang ka luar. Tuluy kuring muru Vario nu diparkir di sisi beh ditu.
Peutingna, jam sabelas kuring nga-sms ka manehna, bebeja yen tadi sora tas ti Taman Juanda, neang kaendahan anu kungsi didongengkeun ku manehna. Asa laluasa nga-sms teh, da salaki kuring tadi jam dalapan indit deui. Ngan nepi ka sawatara menit ditungguan, sms kuring teh can kakirim wae. Dina laporan hape handapeun kalimah nu ditulis ku kuring kirimkeuneun ka manehna eces kabaca, "tunda": Mh +6281320211076. Bet asa mentegeg hate teh. Leuwih ti mentegegna hate ditinggalkeun ku salaki anu tadi amitan rek lembur. Teu diaktipkeun kitu hape manehna teh? Can sare kitu batur saimahna? Sasari mah apan jam-jam sakieu teh waktu anu lugina keur silih budalkeun kereteg hate. Naha ayeuna bet ngadadak hese.
Ditungguan nepi ka jam dua belas, sms kuring can kakirim keneh. Ngolebat dina pikiran rek nyobaan ditelepon. Tapi teu kebat, kapeungpeukan ku kainggis bisi nyambung, tapi anu ngangkatna lain manehna. Antukna gulang-guling gulinggasahan dina luhur kasur.
Jebul sangkaan goreng. Moal kitu batur saimahna geus ngambeueun kana hubungan kuring jeung manehna anu leuwih ti saukur batur sakantor? Boa manehna poho mupusan sms ti kuring terus kabaca ku pamajikanana? Mun geus ngambeueun, kumaha nya reaksina? Boa hape manehna dibeubeutkeun? Boa manehna tadi tas pasea rongkah.
Tapi, ah, najan enya ge hubungan kuring jeung manehna aya leuwihna, can jauh da (jeung euweuh niat pikeun leuwih jauh deuih). Nepi ka danget ieu kuring jeung manehna tetep silih jaga kahormatan masing-masing. Jadi, dina enyana ge kapanggih ku pamajikanana, asa teu kudu nepi ka gugujrudan gede.
Kalan-kalan kuring ngarasa heran, ku naon kuring kataji ku manehna. Lain ukur resep biasa deuih, mindeng apan nepi ka panas hareudang mun geus tel sono ka manehna teh. Aya naon atuh di manehna teh? Disebut kasep, ah asana jajar pasar wae. Dibandingkeun jeung salaki ge asana teh onjoy keneh salaki. Hayang jalan-jalan, dahar babarengan ditraktir ku manehna? Henteu deuih. Manehna mindeng ngajak ulin ge teu balas ditampik ku kuring teh apan. Ukuran materi, lain ngahinakeun, mapan keneh kahirupan kuring. Da kuring mah kasebut dobel meunang gajih sabulan teh. Salaki meunang, kuring ongkoh. Sedeng manehna apan ukur manehna nu gawe teh.
Pedah kuring mindeng ditambelarkeun ku salaki kitu? Enya, sigana mah eta alesanana teh. Geus lawas hate teh asa ngahgar teu kacebor kaasih, kageugeut, karomantis salaki. Ari saukur hubungan "ritual" mah, saminggu sakali wae mah tara nepi ka poho salaki teh, tapi teu geugeut cara baheula. Mun cara dahar tea mah ongkoh dihuapkeun, ongkoh wareg, tapi teu karasa sarina. Tah, nu karasa ku kuring, eta "sarina" teh ayeuna ayana di manehna.
Keur manehna sorangan kuring teu nyaho, ku naon pangna resep ka kuring. Najan enya ge kuring teh-cenah, ceuk batur-geulis, tapi eta mah bareto, welasan taun ka tukang. Ayeuna mah dina ayana keneh oge, ukur sesa-sesana meureun kageulisan teh. Sagigireun eta, mun keur kuring aya alesan-najan teu pira tur wenang soteh eta alesan teh ceuk kuring pribadi-pikeun mitineung lalaki sejen, keur manehna mah teu nyaho deuih kuring teh. Naha manehna ge kurang diperhatikeun ku pamajikanana kitu? Tapi, ah, rumah tangga karek lima atawa genep taun mah kuduna mah keur meumeujeuhna geugeut jeung pamajikan teh.
Ter... ter... hape ngageter. Kuring curinghak. Hate ngarasa bungah. Sangkaan teh ujug-ujug nyangka sms ti manehna. Gancang hape dibuka. Barang breh nu ngirimna, medenghel. Lain, lain ti manehna. Teu wawuh. Tapi teu burung dibaca eusi sms teh.
"Hoyong pisan nyarengan Teteh calik handapeun pineus teh, namung sieun ngagareuwahkeun. Kalihna ti eta, apan saban diajak ameng sareng teu balas ari nolak. Pami ukur nyerangkeun mah teu sawios-wios panginten, nya?"
Teg, tangtu sms ieu ti manehna. Da anu sok ngabasakeun Teteh ka kuring mah ukur manehna. Tapi naha nomerna teu wawuh? Ganti nomer kitu, atawa make nomer pamajikanana? Tapi, piraku deuih ngasms kuring make nomer pamajikanana mah.
Ras kuring ka nu ngaheureuyan tadi basa rek ka luar ti Taman Juanda. Gancang muka laporan dina panggilan tak terjawab. Tuluy diakurkeun jeung nomer nu ngasms bieu. Akur.
Sajongjongan kuring ngahuleng. Enya kitu ieu teh sms ti manehna, atawa lain? Balesan, entong? Mun ngabalesan, kudu nyarita kumaha?
Acan ge meunang kacindekan, ter deui hape ngageter. Barang dibuka, ti nu tadi keneh.
"Abdi ngaraoskeun kaendahan anu tan wangenan tiasa nyerangkeun Teteh. Hajakal, nu dipitineung teh bade disarengan mah alim wae. Naha kedah salamina kitu abdi ngudag-ngudag kalangkang heulang teh?"
Yakin, manehna. Kuring ngahuleng deui. Mikiran kudu kumaha ngabalesan caritaanana saperti kitu. Sajeroning ngahuleng, bet rada keuheul ka manehna teh. Mun tadi geus aya di dinya, naha teu nyampeurkeun atuh? Enya oge mimitina kuring embung dibarengan, ari geus aya di dinya mah tangtu atoh nu aya mun manehna nyampeurkeun teh.
Keur uleng mikir, ter deui hape disada. Geuwat dibuka. Teu diilikan deui nomerna ayeuna mah, langsung kana eusina. Da geus yakin manehna.
"Atos nya, sms ti abdi teu kedah diwaleran. Abdi bade mondok, cape kedah ngudag-ngudag wae kalangkang heulang. Daaah..."
Meg teh kana hate asa aya anu nonjok. Buru-buru kuring nelepon ka nomer bieu, bisi kaburu dipareuman hapena. Kuring hayang ngabudalkeun heula kasono ka manehna.
Tapi..., nu kadenge teh ukur sora operator, "nomer yang anda hubungi sedang tidak aktif..."
Kuring ngabigeu. Hareneg. Geregeteun.
Najan geus nyaho moal kakirim, antukna kuring nulis balesan. Keun wae isuk oge kabukana ku manehna.
"Naha dikinten Teteh teu cape kitu? Mun Aang leres bade tumampi, sing sabar wae antosan waktos nu mustari..."
***
Cipageran, 12 Juni 200
KURING, KALANGKANG HEULANG
17.04
Sunda