Saban
poé minggu mah, réngsé solat subuh téh sok langsung morongkol deui.
Béda minggu ayeuna mah, isuk-isuk gé geus leuleumpangan. Méméh balik ka
imah, ngahaja nyimpang heula di kebon jagong ki Oleh. Geuning geus
leubeut. Geus pada apal kabéh urang dieu mah, mun hayang jagong di kebon
ieu kudu daék heula tarung panco jeung Ki Oleh, nu bogana. Teu jauh
tidinya, maplak tatangkalan endah diharudum ibun.
Ka belah kulon, teuteup eunteup di saung laeutik sisi sawah Haji Nono. Matak nineung matak waas. Kleung angkleung ingetan ngahaleuang ka mangsa keur leutik sok ulin bareng Dedi, Kokom jeung Lilis di saung éta. Gogonjakan, ngoyag-ngoyag tali bebegig. Manuk hariber. Jiga ayeuna, manuk silih udag. Panon poé geus ngeteyep rék nembongan. Kuring ngarénghap panjang. Teu karasa, Gusti, geus jauh ngulur umur, geus moal bisa dieureun-eureun atawa mulut nu geus liwat.
Ka belah kulon, teuteup eunteup di saung laeutik sisi sawah Haji Nono. Matak nineung matak waas. Kleung angkleung ingetan ngahaleuang ka mangsa keur leutik sok ulin bareng Dedi, Kokom jeung Lilis di saung éta. Gogonjakan, ngoyag-ngoyag tali bebegig. Manuk hariber. Jiga ayeuna, manuk silih udag. Panon poé geus ngeteyep rék nembongan. Kuring ngarénghap panjang. Teu karasa, Gusti, geus jauh ngulur umur, geus moal bisa dieureun-eureun atawa mulut nu geus liwat.
Balik
ka imah, brus kuring mandi di sumur tukangeun imah. Mun pareng genah
gegejeburan, sok poho batur nu ngantay rék milu ka cai. Geus rényom
kadéngéna. Si bibi rék nyeuseuh mah, ki Momo rék miceun mah, Nyi Mimin
rék ngisikan mah, jeung nu séjénna. Atuh réngsé mandi téh kabéh pada
ngékéak. Puguhing ki Momo mah, teu weléh bari nyindir.
“Abong
lila bubujangan, mandi gé lila. Iraha kawin, Jang?” pokna bari seuri
ngahahah. Geus remen nu nanya kitu téh, tapi sok tara dilayanan. Bubuhan
kakeuheul geus manteng. Mun seug ki Momo lain kolot, geus titatadi
ditalian di tangakal balingbing pipir imah. Katempo manéhna ngaleos,
sengit haseup bakona néjéh liang irung.
Dijero
kamar kuring ngarahuh. Panon anteng melong eunteung. Geuning nyaan
katempo pisan geus kuduna mungkas lalagasan. Umur sakieu di lembur mah
moal teu pada nganaha-naha can boga pamajikan téh. Tapi da nepika
ayeuna, mumul kawin téh. Lain teu payu, geus aya nu harayangeun mah.
Mumun mah, randa Isah mah, Téh Ninih mah, Kokom mah, Lilis mah, Dedeh
mah. Kabéh gé saropan tur gareulis manis. Nya kitu téa, kuring resep
kénéh léléngohan. Lain sieun, lain teu boga biaya. Puguh wé gawé mah
geus kawilang lumayan. Tabungan di bank geus meujeuhna keur rumah tangga
mah. Kumaha deui, haté embung baé méréan. Teu bisa dipaksa-paksa.
Kadieunakeun,
geus tara aya deui nu nganaha-naha, iwal ki Momo wé nu bangor kénéh
ngaheureuyan kuring sual kawin mah. Kitu deui nu di imah, geus sieun mun
nanyakeun sual kawin téh. Éta gé tisaprak kuring mudalkeun kaambek kanu
di imah lantaran hayoh ditanya iraha kawin. Murang-maring sagala
disépak. Adat kuring gedé ambek. Tisaprak kajadian éta, urang imah teu
wani-wani deui nyeungeut amarah kuring. Sensitip ngomong sual kawin mah.
Awéwé-awéwé
nu mimitina ngadeukeutan kuring ge ayeuna mah geus tara datang ka imah
deui. Kabéh geus ngarasa bosen nungguan kuring. Béja mah Mumun can lila
kawin jeung Kang Dadang, urang Majaléngka. Randa Isah teu kuat hayang
rumah tangga, antukna kawin jeung mandor pabrik. Téh Ninih béjana keur
deukeut jeung urang Padang. Lilis geus tara deui ulin ka imah, bejana
Dedi mikahayang. Kokom geus pindah ka Palémbang. Dedeh béjana kapincut
deui ku lalaki séjén. Kabéh gé lus-les pada néang jalan séwang-séwang,
bakating ku cangkeul nungguan jeung miharep kuring meureun. Ki Dudus mah
ngahanjakalkeun kana lalampahan kuring. Cenah mah awéwé geus dina
lawang panto, kari unggeuk. Nya ayeuna mah kabéh pada bedo kudu lila
nungguan kuring unggeuk daék tumarima rumah tangga. Jadi iraha rék
kawin? Teuing atuh!
“Man!
Geus siap, Man?!” kadéngé aya nu ngageroan di luar imah, meupeus
lamunan kuring. Rikat kuring maké baju. Inget poé ayeuna Ki Dudus hayang
dianteur ka Jatinangor, ngadon rék neangan cokelat di Jatos. Kateuing
keur naon! Keur nini Mimih meureun.
***
Dina
angkot kuring amprok jeung Darmaji, babaturan és ém pé. Atuh sono geus
lila teu tepung. Nya sajajalan téh ngawangkong. Manéhna geus boga budak
hiji. Cenah kawin jeun urang Rancakalong, urut babaturan sakelas pisan.
Enya, jeung Ida. Kuring inget kénéh ka manéhna.
“Man, kamari pisan panggih jeung Dedi. Jadi ogé nya rék kawin. Jodona mah geuning jeung Kokom nya…” Ceuk Darmaji. Kuring ngaranjug. Jeung Kokom?
“Man, kamari pisan panggih jeung Dedi. Jadi ogé nya rék kawin. Jodona mah geuning jeung Kokom nya…” Ceuk Darmaji. Kuring ngaranjug. Jeung Kokom?
“Béja mah rék ka Lilis?” kuring kerung. Darmaji malik kerung.
“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?” Darmaji mingkin heran
“Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.” Témbal kuring. Darmaji katangen gogodeg. Manéhna lila neuteup kuring.
“Lilis teu nyarita?”
“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?” Darmaji mingkin heran
“Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.” Témbal kuring. Darmaji katangen gogodeg. Manéhna lila neuteup kuring.
“Lilis teu nyarita?”
“Nyarita
nanahaon, Lilis gé ayeuna mah tara ulin deui ka imah. Sugan téh geus
kawin jeung Dedi di Bandung.” Tembal kuring. Jempé sakeudeung.
“Man, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Lilis, tapi Lilis nampik. Nya ayeuna jadina mah jeung Kokom. Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu apal..” Darmaji ngajéntrékeun. Kuring ngahuleng.
“Man, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Lilis, tapi Lilis nampik. Nya ayeuna jadina mah jeung Kokom. Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu apal..” Darmaji ngajéntrékeun. Kuring ngahuleng.
“Ilaing nyaho kunanon Lilis nampik Dedi?” Darmaji nanya.
“Naon?”
“Naon?”
“Ceuk
Dedi mah Lilis miharep rumah tangga jeung ilaing. Lilis sorangan nu
balaka ka Dedi, yén manéhna rék satia nungguan ilaing. Beu ilaing bet
téga mihukum Lilis. Malahan ceuk beja kamari-kamari indungna geuring
parna, mikiran budakna can kawin-kawin…”
Leng
pikiran asa rinyay ngadéngéna, nyéah kana jero dada. Di Cikuda Dedi
turun. Baku poé minggu mah di jalan téh sok macét. Pangpangna mah di
Jatinangor, paciweuh ku nu lalar liwat rék ulin ka pasar mingguan di
Unpad. Panon poé geus karasa panas. Hawa beuki bayeungyang. Pikiran
jeung haté noroweco teu pupuguh. Baruk Lilis nungguan kuring?
Sajeroning
macét, supir ngarti. Manéhna nyetel kasét dina tip mobil. Kadéngé
haleuang tembang sunda. Ari ti mimiti naék ki Dudus mah teu ngawangkong
saeutik-eutik acan, jiga nu nyeri huntu. Nya ngadéngé tembang téh jadi
aya dédéngéeun dina kaayaan macét mah. Rey karasa aya nu ngeleketey dina
lelembutan. Deng tembang marengan panineungan nu teu karasa kumalayang.
Haleuang tembang karasa kana puhu kalbu…
asih urang…
diapungkeun ka langit
muntang kana mega
ucang-angge duaan…
diapungkeun ka langit
muntang kana mega
ucang-angge duaan…
asih hurang…
dipentangkeun ka langit
manteng dina bulan
ayang-ayangan duaan…
dipentangkeun ka langit
manteng dina bulan
ayang-ayangan duaan…
asih urang…
tingkaretip jiga bentang1
…..
tingkaretip jiga bentang1
…..
Ser
haté nu simpé dumadak haneut ngadéngéna. Tembang bieu lir ungkara basa
nu ngusapan mapay-mapay garingna rasa. Tembangna nyaritakeun wanoja nu
keur geugeut panineungan ku rasa cinta. Kumalayang haté sajongjonan.
Ngarasa bagja teu pupuguh, ngarasa ngemplong pikir, tapi sakapeung
hariwang teu puguh. Kuring ngarérét ka ki Dudus nu titatadi teu
usik-usik. Bet haté sakapeung ngarasa keueung. Enya, Dedi gé ditampik
bubuhan Lilis hayang satia nungguan kuring. Teuing geus sabaraha taun.
Tapi naha Lilis tara ulin ka imah deui? Teu kungsi lila, kadéngé deui
tembang anyar tina tip…
…..
hate ngarasa geugeut
hayang geura geura deukeut
rasa liwung gandrung
diri kapidangdung
semu ngalanglayung
hayang geura geura tepung
hate ngarasa geugeut
hayang geura geura deukeut
rasa liwung gandrung
diri kapidangdung
semu ngalanglayung
hayang geura geura tepung
sawangan kumalayang ngawang-ngawang
nyipta rasa tinu anggang jeung manehna
implengan gumalindeng anteng mayeng
namperkeun rasa katineung kadirina
nyipta rasa tinu anggang jeung manehna
implengan gumalindeng anteng mayeng
namperkeun rasa katineung kadirina
harepan geus jadi ampihan rasa
moal laas najan anggang jeung manehna2
…..
moal laas najan anggang jeung manehna2
…..
Bener
kitu Lilis masih kénéh kangen ka kuring? Bener kitu manéhna teu pundung
kawas nu lian? Bener ceuk Darmaji, kuring téga nganyeunyeuri manéhna.
Sok jadi hanjakal geus kasar ka Lilis. Kuring nu kungsi kasar ka
manéhna. Kuring nu kungsi nyentak manéhna. Babakuna teu ditari teu
ditakon unggal manéhna nganjang ka imah. Geuning Lilis mah tetep satia,
tetep miharep. Teu karasa tembang dina kasét ganti deui…
…..
dina lambaran katrésna
aya ringkang can kasorang
diri kapidangdung
dipapareng kuciptaan
liuh gumulung kahéman
mugia nyorang kabancang
…..
dina lambaran katrésna
aya ringkang can kasorang
diri kapidangdung
dipapareng kuciptaan
liuh gumulung kahéman
mugia nyorang kabancang
sumerahna ieu diri
tumarima demi cinta
najan diri kudu nandangan tunggara
najan ukur saliwatan
najan ukur sakedapan
abdi pasrah moal robah pamadegan…3
…..
Duh ibarat kitu Lilis nungguan kuring téh. Palangsiang, boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku kuring, tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring. Jigana Lilis nyeri haté. Jigana Lilis éra. Jigana ayeuna gé Lilis tara manggihan indung kuring ka imah téh lantaran sieun kuring nyangka nu lian-lian. Padahal Lilis mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran ka indung kuring mawa sarupaning buah-buahan. Lilis nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus kolot…
tumarima demi cinta
najan diri kudu nandangan tunggara
najan ukur saliwatan
najan ukur sakedapan
abdi pasrah moal robah pamadegan…3
…..
Duh ibarat kitu Lilis nungguan kuring téh. Palangsiang, boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku kuring, tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring. Jigana Lilis nyeri haté. Jigana Lilis éra. Jigana ayeuna gé Lilis tara manggihan indung kuring ka imah téh lantaran sieun kuring nyangka nu lian-lian. Padahal Lilis mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran ka indung kuring mawa sarupaning buah-buahan. Lilis nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus kolot…
Tapi
ayeuna mah Lilis geus jiga nu sieun datang ka imah gé. Nu di imah gé
geus tara ngomong-ngomong sual Lilis. Kabéh sieun ku ambek kuring.
Indung sorangan gé geus tara nyabit-nyabit sual kawin, sual Lilis.
Haleuang tembang teu eureun-eureun minuhan pikir kuring, ngusapan haté
kuring.
“Kang,
tos dugi Cileunyi. Aéh kalahka ngaharuleng” supir nakol kaca panto
meupeus lamunan. Kuring jeung ki Dudus ngarénjag reuwas. Tuluy silih
pelong. Geuning sarua jeung kuring, sihoréng simanahoreng ki Dudus gé
titatadi anteng ngalamun, poho rék eureun di Jatinangor mah.
“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan. Sedih jeung bungah karasana panineungan…” ki Dudus gagaro sirah nu teu ateul.
“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan. Sedih jeung bungah karasana panineungan…” ki Dudus gagaro sirah nu teu ateul.
“Sarua, Ki…”
“Pir! Milu deui muter ka Tanjungsari. Tapi tong dipareman tipna!” ki Dudus ngacung.
“Pir! Milu deui muter ka Tanjungsari. Tapi tong dipareman tipna!” ki Dudus ngacung.
***
Sajajalan
kasét digeder, béak diputer deui, béak diputer deui. Teu eureun-eureun.
Atuh kuring gé nepika apal. Kuring jeung ki Dudus mupakat balik deui ka
Tanjungsari ngabélaan hayang tuluy ngadangukeun tembang. Meuli cokelat
ka Jatos mah teu jadi. Sapanjang balik mah euweuh nu cacarita. Simpé.
Ukur sora mesin mobil. Ukur haleuang tembang. Duh, sajeroning dipépénde
tembang, ingetan manteng ka Lilis. Tibaheula manéhna nungguan kuring.
Teu
karasa balikeunna mah gancang, geus tepi deui ka Tanjungsari. Can ge
lila turun tina mobil, supir ngagorowok, “Kang, kaset pajeujeut!”
Ki
Dudus ngadadak hayang buru-buru balik. Inget ka si Nini cenah. Antukna
kuring leumpang sorangan. Sajajalan pikiran ngarasa sasab ka
awang-awang, asa teu manggih arah. Haté norowéco ngarasa diturih wanci
nu can pasti. Di tengah sawah manuk silih udag. Kuring leumpang luhur
galengan, dumadak ngarasa hariwang ku hirup…
Di imah, kabéh keur kumpul. Kaayaan tengah imah jiga nu geus kaanjogan sémah. Aya bubuahan dipiringan deukeut panto.
“Aya sémah, Mah?” kuring nanya bari muka jaket. Jempé sakeudeung.
“Enya, aya Lilis. Bieu pisan mulang.” Tembal indung. Kuring neuteup ki Momo, ret ka adi. Si bibi ngaléos ka dapur. Aéh aya naon asa beda ti sasari. Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut jandéla kamar. Duh, Lilis nganjang deui…Karasa haté nitah cengkat ngudag Lilis nu jigana can mulang jauh. Kuring ngarawél jakét rék kaluar.
“Enya, aya Lilis. Bieu pisan mulang.” Tembal indung. Kuring neuteup ki Momo, ret ka adi. Si bibi ngaléos ka dapur. Aéh aya naon asa beda ti sasari. Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut jandéla kamar. Duh, Lilis nganjang deui…Karasa haté nitah cengkat ngudag Lilis nu jigana can mulang jauh. Kuring ngarawél jakét rék kaluar.
“Rék kamana deui, A?” indung nanya. Kuring neuteup panon indung.
“Rék manggihan Lilis…” Pok téh halon.
“Rék manggihan Lilis…” Pok téh halon.
“Mun
sakirana rék nganyeunyeuri manéhna jiga baheula, leuwih alus tong
manggihan.” Ceuk indung kuring semu beurat. Katémbong panon indung
ngembeng ku cipanon. Haté kuring ngdadak héab. Simpé sajongjonan. Sakur
jelema nu aya didinya neuteup seukeut ka kuring. Rénghap kuring karasa
heureut. Gancang kuring kaluar, gidig leumpang gagancangan…
Sajajalan dada karasa beurat. Hawar kadéngé deui tembang nu tadi dina mobil, piligenti nyiwitan ati…
lamun enya jodona
lamun enya kuduna
moal rék aya nu bisa misahkeunnana…
lamun enya jodona
lamun enya kuduna
moal rék aya nu bisa misahkeunnana…
lamun enya cintana
lamun enya hayangna
ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…4
lamun enya hayangna
ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…4
Katémbong
tikajauhan Lilis rék balik meuntas sasak. Leumpang kuring digancangan.
Mingkin deukuet, dada karasa mingkin heureut. Tilu lengkah ka Lilis
kuring ngarandeg.
“Lilis…”
“Lilis…”
Lilis
ngalieuk, semu reuwas amprok jeung kuring. Sakeudeung silih teuteup
anteub. Lilis ngeluk tungkul, jiga nu teu wasa paadu teuteup jeung
kuring. Kuring ngadeukeutan manéhna. Gap teu asa-asa nyekel leungeun
Lilis. Kuring teu nyaho naon nu ngalamuk dina haté Lilis ayeuna. Kuring
nungtun manéhna mapay galengan muru saung. Sajajalan nu kadangu ukur
sora manuk. Gék kuring duaan dariuk di saung jiga baheula keur leutik.
Nya di saung eta pisan, Lilis babarengan deui jeung kuring. Lila
paheneng-heneng. Duaan pabetem-betem. Kuring ujug-ujug bingung rék
ngomong naon. Lilis tanggah lalaunan, neuteup ka kuring sakedapan. Duh,
Lis, geus lila teu tepung. Angin karasa humaliwir. Kuring jeung Lilis
silih teuteup. Teu karasa haté ngangkat leungeun sorangan ngaranggeum
leungeun Lilis.
“Lis,
hapunten Akang, “ pok téh,” Tong jadi pundung. Haté mah teu bisa
dibobodo gening. Kuring teh gening teu bisa hirup sorangan…” ceuk kuring
halon. Lilis neuteup panon kuring. Duh, bulu panonna mingkin carentik
baé. Lilis nu manis, kuat nandangan tunggara satia nungguan haté kuring
léah tumarima. Kuring ujug-ujug ngarasa deudeuh jeung geugeut ka Lilis.
Katémbong aya nu ngeyembeng lebah kongkolak panonna.
“Lilis
bakal satia salawasna…” pokna. Teu kungsi lila manéhna ceurik.
Cipanonna nyakclak kana leungeun kuring. Haneut. Teu karasa Lilis
nyangsaya kana dada. Cipanonna beueus karasa dina dada kuring.
“Horeeee!!!”
kadéngé aya sora nu kareprok tukangeun saung. Kuring jeung Lilis
ngarénjag bareng. Reuwas naker. Katémbong ki Momo jeung ki Dudus
saparakanca tingtorojol muru saung. Nyi Mimin, adi, si bibi jeung indung
kuring nuturkeun ti tukang, sareuri jiga nu bungah. Ki Oleh
ajarg-ajragan atoh. Kuring jeung Lilis silih pelong, tuluy Lilis imut
ngagelenyu.
“Man,
ilaing jadi rék kawin jeung Lilis téh?” ki Momo nanya saklek jiga nanya
ka maling. Kuring neuteup Lilis sakeudeung. Lilis imut surti. Kuring
unggeuk. Sakur nu aya didinya kabéh keprok deui. Ki Oleh ajrag-ajragan.
Indung kuring ngagabruk Lilis jeung kuring bari ngagukguk ceurik,
bakating ku bungah. Indung kuring nangtung bari nyusutan cipanon. Teu
eureun-eureun syukur ka Gusti. Duh, gening salila ieu téh kuring lain
nganyeuneyuri Lilis hungkul, tapi nganyeunyeuri indung, ngariripuh diri
sorangan…
Kuring jeung Lilis silih teuteup geugeut. Barang rék nangkeup pisan Lilis, ki Oleh nyekelan taktak kuring.
“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Lilis, ilaing kudu panco heula jeung kuring!” ceuk ki Oleh.
“Emang Lilis jagong!” ceuk ki Momo némpas.
“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Lilis, ilaing kudu panco heula jeung kuring!” ceuk ki Oleh.
“Emang Lilis jagong!” ceuk ki Momo némpas.
“Ilaing
mah Oleh baku sok maén sengsor waé!” ceuk ki Dudus nyereng. Kabéh nu
aya didinya seuri akey-akeyan ngadéngé aki-aki silih haok. Lilis tungkul
bari imut manis. Saung jadi saksina. Duh, Lis, kakara nyadar Akang mah,
raray anjeun mun pareng kaisinan estuning katingalna mani geulis…
COPY PASTE TI http://saungdedimlyd.web.id