Carita Sindangkasih

Ku, Didi Supriyadi
Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay carita nu baheula, ngenaan silsilah atawa cikal bakal carita Nyi Rambut Kasih sok sanajan aya sababaraha versi carita rahayat ngenaan Nyi Ambet Kasih atawa Nyi Rambut Kasih salah sahiji nu rek kukuring dipedar, numutkeun carita para pujangga sunda, sareng sesepuh urang nu masih jumeneng, jeung nu geus teu aya dikieuna, miheulaan ninggalkeun urang nu masih kumeledang di alam marcapada nu masih ngarandapan rasa lapar, hareudang, tiris, turta panas jeung lian-liana.
Baheula ditatar pasundan leuwih merenahnamah di daerah kabupaten majalengka, kungsi aya sababaraha karajaan leutik, nya di antarana nu katelah karajaan Sindang Kasih, nu di pingpin ku salah saurang ratu nu kakoncara arif turta bijaksana, para ratu mikayungyun para menak mika serab, kolot ngasor budak era, dipikadeudeuh ku deungeun-deungeun, nya nu jadi papayung eta karajaan nu katelah Ratu Ayu Nyi Rambut Kasih, atawa aya oge nu nyebat Nyi Ambet Kasih.
Ceunah ceuk jalur carita Anjeuna salah sahiji ratu nu kawilang geulis kawanti-wanti, endahna kabina-bina, geulis lain pupulasan istuning geulis bawa ngajadi, jangkung leutik camparenik, ceuk paribasna mun di teuteup ti hareup sieup, mun di tingal titukang lenjang, geulis teu aya babandingan kulit koneng umyang, mulusna lir bulan opat welas teu katutup ku awan istuning matak reseup nu neuteup. kaluhungan budi paranginamah geus pasti da anjeuna teu weleh marahmay kasasaha oge.
Kaistimewaan liana nyaeta anjeuna ngagaduhan rambut nu kacida panjangna, eta rambutna ngalangkungan panjangna ti wanoja-wanoja nu ngagaduhan rambut panjang, saking ku panjang-panjangna eta rambut mun anjeuna bade sidengdang atawa moyan merlukeun sababaraha gantar kanggo moyan keun eta rambut, nya kulantaran ngagaduhan rambut nu panjang sarta endah pisan nya sok di sebat Nyi Rambut Kasih.
Salaku papayung nagara anjeuna pada mika serab sarta dipicinta ku sakumna hamba rahayat di eta nagarana, ku lantaran anjeuna molah nagara arif tur bijaksana, Karajaanna anjeuna kaceuluk ka awun-awun, kakoncara kajanatria, karajaan nu subur makmur, gemah ripah loh jinawi, sepiing pamrih rame-ing gawe, sepi paling towong rampog. ceuk paribasana.
Rahayat nu di polah ku anjeuna aya dina katemtreman, kahirupan rahayatna, bener-bener silih asah, silih asih jeung silih asuh, rempug jukung sauyunan, pikeun pangwangunan, kulantaran kitu nya nagara anjeuna mangsa harita, ku nagara lianna di sebat "Sugih Mukti" Nu Artina Nagara beurat beunghar. Kahirupan Rahayat di nagara Sindang Kasih kalolobaanna tina tani jeung palawija, sedengkeun keur kaperluan sandangnamah sok ninun kapas nu loba di pelak di pakarangan imahna sewang-sewangan atawa kebonna.
Disisi basisir lamping, nu subur, maranehna oge marelakan tangkal tiwu pikeun pigulaeun, mun di leuweung-leuweung atawa kebon-kebon, ku anjuran Sri Ratu Rambut Kasih di khususkeun melak Tangkal "Maja".
Tangkal Maja ieu tangkalna lalempeng jeung deui jararangkung, daunna lalaeutik rasana pait, tapi khasiatna mujarab pikeun ubar panyakit. buahna loba bentukna kawas buah kawista, cangkana emoy, mun geus asak rasa buahna hampir sarua jeung boled nu di seupan atawa di bubuy.
Sok sanajan kitu geus pasti anjeun Sang ratu teu molah nagara sosoranganan. anjeuna di bantu ku tilu patih nu kawilang satia, nyaeta : Ki Patih Gedeng Kulur, Ki Patih Gedeng Cigombang, sarta Ki patih Gedeng Mardapa. Tilu patih ieu mangrupakeun pangawal satia dina sajeroning ngagerakeun roda pamarentahanna sapopoe, Khusuna di widang miara kaamanan sarta katemtreman sakumna rahayat nagara.
Dina hiji poe saperti ilaharna, katilu patih eta mandep ka sang ratu, pikeun ngalaporkeun hasil gawena sewang-sewangan, sakaligus ngantos titah ratu salajengna, kumaha paman.
Aya kabar penting perlu di pika nyahokeun ku kuring dina danget ayena? Tumaros Ratu Ayu Rmabut Kasih arta pertela sarta wibawa. "Ampun gusti ratu, ku ayenamah aya dina ginajar kawilujengan" walerna Ki Gedeng Cigombang bari cedok Nyembah.
Maksudna paman?” Nya maksudna kaayaan nagara teu kakirangan naon-naon, Patih Cigobang ngajelaskeun deui satarabasna kaayaan di nagara sarta rahayatna, Nya syukur ari kitumah, terus kumaha ti paman-paman nu sejena? Tanya Sri Ratu,
Sembah sungkem Sri Ratu" Ki Gedeng Kulur Cumarita,” tina panalungtikan kasababarahan daerah, simkuring mendadakan hiji kajadian nu kacida pentingna. Sakuman rahayatmah aya dina kaayaan nu bihara-bihari , tapi aya di hiji padepokan wetan neun aya hiji sawah nu kaserang hama beurit"
"Naon Beurit?"eta laporan kacida pentingna, paman,"selang Sri ratu bari daria temen. O'Enya' punten Sri ratu" susul Ki patih Gedeng Kulur mangun humar hemir." Tapi simkuring atos marentahkeun Pak Kliwon pikeun nanggulangi poe ayena pisan.
Leres Pisan ari kitumah' Paman Patih.Urang emang teu bisa cicing kitu wae naon wae hamana nu rek ngaganggu kana pepelakan rahayat urang. Nu paling utamanamah pare, Kusabab mun pepelakan beak ku hama maranehna bakal ngarandapan kalaparan, mun maranehna geus kalaparan, tangtu saisi nagara pasti kana paburantak, urang kudu bener-bener pikeun ngahidar tina kaayaan sarupa kitu, Ucapna tegas.
Leres pisan sandika ratu" kulantaran kalolobaana rahayat urang hasilna tina pepelakan, jadi aranjeuna teh mangrupakeun, Soko tina Guru perekonomian di nagara urang, lamun sokona kuat, tangtu kaayaan nagara ge bakal repeh rapih, beh dituna subur makmur, tapi sabalikna mun sokona lemah, tangtuna oge bakal kacau, atawa hancur lebur kari tulis, iyeumah pangemutan simkuring jalmi teu aya kanyaho...," Ceuk Patih Gedeng Mardapa" Nyi Rambut Kasih ukur ngageulenyu imut, (Mesem)
"Leres pisan paman, nya kulantaran ayena giliran paman patih Gedeng Mardapa ku anjeun, sok boh bilih aya nu bade di laporkeun" saur Sri Ratu.
Ki gedeng Mardapa nu tadi teu di titah geus nyeleungkeung ari ayena di titah malahan humar hemir kapiasem, Eu...., Eh...Oh...Aduh kumahanya, Ampun Sri Ratu Simkuring mah teu gaduh Beurit...eh...punten.simkuring mah ngan ngantos panitah Sri ratu saterasna, Ki Patih Gedeng Cigobang sareng Ki patih Gedeng Kulur, silih siku, bari teu kuat nahan pikaseurieun, ningali tingkah pola baturna.
Dasar Bodor Manehmah....ngaco wae akh..bari ngawarewos Ki patih Gedeng Kulur.." Heeh... Nganguk Ki patih Cigobang.
Nyi Rambut Kasih nyalira ngan ukur mesem imut ngageluyu ningalikeun tingkah polah bawahana. Nya ari kitu mah," Sri ratu sasauran' ti danget ayena paman ku kaula rek di bere pacen sewang-sewangan sakumaha biasana tur ilaharna mancen tugas tapi kade sing iyatna tong cileureun, sing caringcing pageuh kancing sing sariket pageuh iket, bisi aya nu teu disangka-sangka. kudu waspada.
"Muhun Kaulanun gusti, parentah ti Sri ratu kantos bade di laksanakeun nu salers-leresna, nya atuh nuhunkeun widi mangga abdi tiluan bade ngalaksanakeun sakumaha tugas ti Sri ratu, Sembah Tilu Patih Karajaan Sindang Kasih, ninggalkeun karaton'Seja ngalaksanakeun tugas sewang-sewangan" Tilu patih nu satia lumampah katempat tugasna sewang-sewangan.
Sarangenge geus meletek pabelah wetan tanda-tanda kahirupan nu bakal lumangsung nyaksian hade jeung gorengna mahluk nu kumalendang di alam marcapada ieu, panonpoe nu endah sarta sawara manuk-manuk nu recet unclak-anclok tina dahan kadahan, lir ibarat nu ngabageakeun datangna mangsa beurang, nu ngaganti jemplingna mangsa peuting. Hayu urang tinggalkeun heula karajaan Sindang Kasih Nu kacida aman sarta kerta raharja nu di pimpin ku Sri Ratu Nyi Rambut Kasih, urang teundeun di haleungleum sieum, urang tunda di hanjuang, paranti nyokot, ninggalkeun mangsa datang urang sampeur deui.
Sakedap urang ningali ka kasultanan cirebon, nu mangsa baheula ka asup Karajaan tohaga, sarta Gede nu aya di tataran pulau jawa. Mangsa harita nu ngemban tugas salaku papayung atawa sultanna nyaeta salah saurang guru Agama Islam, nu kadieunamah kasohor salaku salah sahiji di antara Wali Sanga (Sembilan Wali). Namina Raden Fatahillah, nu ayena sok di sarebat Syekh Syarif Hidayatullah atawa Sunan Gunung Jati.
Dina Hiji mangsa, di tataran kasultanan Cirebon katerap hiji panyakit nu kawilang ngabahayakeunana, panyakitna panas tiris timbul tina wabah malaria (Reungit). Mangsa harita tataran cirebon, cuacana panas nakeranan, masih cukul pasir, rea rawa-rawa, rawa eta di kulantaran ngarembes cai laut atawa cai hujan, cai nu nyumplang tur jadi cileuncang nu ngajadikeun tempat eta jadi becek sarta kotor, ngajadikeun loba reungit malaria, nu antukna panyakit eta nyebar ka manusa-manusa nu aya di tataran eta. Cirebon teu pati geger atawa ngamarudahkeun nu lian, ku sabab Jumlah nu beunang ku panyakit eta masih beunang kaitung ku ramo, Lila beuki lila jumlah nu ngarandapan wabah malaria beuki loba, antukna, tina poe ka poe aya wae nu tilar dunya, dimana-mana kaadenge nu ting jareurit geus puguh ari nungaradap ka nyeurinah di tambah deui ku nungguanana, ngingsak ningali kulawargana nu keur sakarat rek ngantunkeun dunya.
Bingung teu mangih tungtung, susah teu manggih hinggana kanggo Sultan Syarif Hadayatullah dina sejeroning nyanghareupan kana iyeu kajadian nu tumiba kanagarana sarta rahayatna, mingkeun poe-mingkeun loba nu kaserang wabah eta panyakit, ti cara usaha ku jampe pamake, dadaunan nu ngadung obat, Nepi kana hiji poe sultan ngerahkan sakumna bawahan sarta rahayat pikeun ngayakeun gerak sehat.
Urang teu cukup ngubaran wabah panyakit atawa jampe-jampe, tapi teu di barengan usaha, Nah' Ayeuna urang kudu ngancurkeun panyakit nu ayena keur sumarambah jeung deui lain panyakit ieu wae tapi kabeh panyakit ku urang kudu di singlar, mun ceuk kaUla mah" datangna panyakit nyaeta ti diri urang keneh, nu lalai tina kawajiban,miara kebersihan, sarta kasehatan, Padahal Kebersihan teh sabagian tina iman," sasauranan dina hiji wejangan.
Salila ieu urang ngan ukur mentingkeun eusi beuteung, sedengkeun miara kebersihan sarta kesehatan dina lingkungan urang teu di palire di api lainkeun, Ieu dosa urang, dosa nu katingalna leutik, tapi bahayana gede keur urang, "Leres pisan kanjeng sultan. abdi-abdi sadaya sadar ayenamah kana peuntingna kabersihan" Jawab hamba rahayatna..
Nya kulantaran ayena urang sadar yu..!!! urang tobat sarta tawakal Ka Pangeran Nu Murbeng ALam, Di barengan ku isthiar ngabersihan lingkungan urang, moga-moga Anjeuna kersa masihan kasalametan sarta kasehatan ka urang sakumna... Amin...!"
Kusabab geus sadar sarta bener-bener tobat rahayat rempug jukung sauyunan geusan ngalakukeun kagitan beberesih,runtah dadaunan sarta rawa-rawa di garingkeun, nepi ka bolenang lesnang ceuk paribasana. Lingkungan geus bersih, jukut, sampah, jeung liana sakira matak ngtoronan di beakeun kabeh,tapi anehna panyakit tetep ngagalaksak ka rahayat, sok sanajan sarangna geus atawa bibitna geus ancur, tapi wabah tetep nyebar diantara rahayat.
Ayena teu aya jalan deui salain ngubaran babarengan, Di emutan Syekh Syarif Hidayatullah atawa Sunan Gunung Jati dina hiji peuting, mikiran rahayatna nu tunggara ngarandapan panyakit nu beuki dieu beuki rongkah. Nya dina hiji peuting Sunan Gunung Jati ngalakukeun "munajat" kanu kawasa Allah SWT. nuhunkeun pitunjuk pikuen nyanghareupan pakewu nu sakieu rongkahna.
Kulantaran Sunan Gunung Jati saurang wali nu Agung teulila tiharita ajeuna menang ilham, kanggo panyakit nu di randapan ku sakum rahayatna, nya ubarna keudah ku buah Maja"nu aya di tataran Karajaan Sindang Kasih, di belah kuloneun cirebon.
Saparantosna Anjeun kenging Ilham kanggo piubarreun, Kanjeng sultan nitah pangawal pikeun ngangkir putra Pangeran Muhamad kanggo deudeuheus ka anjeunna. Mangga,! Kanjeng" Di estokeun pisan danget ayena simkuring angkat pikeun ngalksanakeun tugas nu di pasihkeun ka simkuring" Kata Ki Hadam, Bari ngolong ti payunen Kanjeng Sultan seja nyumponan tiah kanjeng pikeun ngangkir pangeran Muhamad.
Teu lami' tiharita Ki Hadam tos aya di payuneun kanjeng Sultan deui Bari di sarengan Ku Pangeran Muhamad" Singketma ieu carita Sunang Gunung Jati miwarang putran pikeun ngadokapan ka karajaan Sindang kasih pikeun milangsaraya ka papayung eta nagri nu katelah Nyimas Ambet Kasih.
Yu urang balik deui ka ieu carita ngeunaan karajaan Sindang kasih, nu ka telah nagri sok sanajan karajaan berat beunghar, teu kurang sandang sarta pangan, Ratu Ayu Nyi Ranbut Kasih katingalna mingkin giat dina molah nagri, seba raga ka nagara, pikeun kamakmuran jeung kasajahtraan rahayatna. Dina mangsa harita rahayat di karajaan Sindang Kasih, teu nepi kakurangan komo belah dituna nepi ka paeh kulantaran teu manggih dahar.
Tapi geus jadi titis tulis ti ajali, ngeunaan urang nu kumelendang di alam marcapada, ngan sifat saliwatan, Aya beurang aya peuting, susah jeung senang, eta mangrupakeun hukuam alam nu moal bisa di robah ku urang salaku mahklukna, Nya kajadian ieu oge tumiba ka Sri Ratu NYimas Ambet Kasih.
Nalika keur Senang, Tentram, Kerta raharja Gemah ripah loh jeinawi, mingpin nagri ngolah nagara. dina hiji peuting anjeuna ngimpen. Dina Impenanna Anjeuna sapertos Ningali 2 Panonpoe Lungsur ti langit Nyaketan Karaton Karajaan Sindang Kasih. Lungsur ti belah wetan, Tapi anehna sok sanajan 2 panonpoe teu ngarasakeun panasna, nu katingalna ngan endahna sareng bentukna. Kulantaran katarik ku endahna, nya timbul dina keretegna pikeun menangkeun salah sahiji ti 2 panonpoe eta, ngan teu beunang, kulantaran kesal teu beunang-beunang antukna di ancurkeun eta panonpoe, tingburasat silalatu mancawura kamana-mana, kakaraton kabeuleum rata kabeh jeung pangeusina, tapi untung aya salah sahiji imah nu teu kabawa kabeuleum, Anjeun lugay tina kulemna nalika rek lumapat nyalametkeun diri.
Beu...meni ajaib jeung rongkah eta ngimpen teh..Gerendengna Nyimas Ambet Kasih, nalika Anjeuna tos lugay tina kulemna, kahariwang, kasieun, antukna sumarambah kana bayah, Anjeuna, sok sieun impenan eta mangrupakeun firasat atawa mangrupakeun kila-kila. " Ahh..mudah-mudahan we impenan bieu ngansakadar kembangsare".
Asalnamah Anjeuna Teu pati mirosea kana eta Impenan, tapi keukeuh teu bisa pohokeun, mingikin di pohokeun mingkin Inget, Nya eta Impenan teh Jadi kabayang wae, kusabab kitu jadi ngarasa pansaran turta hariwang" boa-boa memang bener eta Impenan teh mangrupakeun firasat' ngagerendang dina sajeroning hate.
Mungguhing kersaning gusti, pangeran gamapangen pisan pikeun mulak-malik ieu kahirupan di alam marcapa, tina sangsara jadi ngeunah, kitu deui sabalikna, nya kaayan eta oge dirandapan ku karajaan Sindang Kasih. Nu asal muasal dongkapna Raden Muhamad sareng garwana Siti Armilah Ka Karajaan Sindang Kasih, kulantara ngabahu denda panitah ramana nu miwarang milangsaraya ka karajaan Sindang Kasih, ngeunaan mundut buah maja nu aya di Karajaan Sindang Kasih pikeun ubar panyakit nu tumiba ka sakumna rahayat kasultanan cirebon.
Nyi Siti Armilah antukna netep di karajaan Sindang Kasih pikeun nyebarkeun dugi ka ngantunkeun tilardunya makomna di sisi walungan Citangkurak, nu mangsa jaga makomna bakal jadi wewengkon tempat papayung nagri pamarentah daerah majalengka, ny dugi kaayena makomna Nyi Siti Armilah di pengkeren kantor pamarentahan Majalengka.
Satosna di kantunkeun ku Nyi Ambet KAsih "Ngahiang" karajaan Sindang KAsih seur nu ngajugjug ti kasultanan cirebon jeung mataram pikeun nyebarkeun Agama Islam, nu ayena geus ganti ngaran jante Majalengka. Carita "Ngahiangna" Nyi Ambet Kasih sumembar mangrupakeun carita rahayat kanggo masyarakat Majalengka, sarta keur kasaktianna ngarupakeun kapercayaan nu masih gede pangaruhna pikeun masyarakat majalengka kulantaran sok loba ngawenehean keun mendakan teu apal timana datangna ngawujud wanoja nu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina, kadang-kadang aya oge nu nepi ka gelo, atawa geuring nu numutkeun kapercayaan di ganggu ku rohna Nyi Ambet Kasih atawa sok disebat Nyi Rambut Kasih. Wallohu,alam bisawab.