BENTANG CAKCAK JEUNG KURING

BIASANA mah tina jandéla kamar kuring nu teu weléh muka tengah peuting, sok katangar aya panon anjeun na béntang nu cungelik nyorangan siga nu ngahaja rék maturan kuring nu sarua keur nyorangan.

Kuring sok jongjon neuteup béntang nu keur neuteup kuring, sok jongjon neuteup diri, jongjon neuteup rohangan 3×3 méter kamar kuring, jongjon nulisan diri ku geutah peuting nu nyalangkrung na tungtung panon. Kuring sok kajongjonan sabot jongjon nyeuseup seungit peuting nu ngusikeun béntang jadi panon anjeun.
Béntang téh teu maturan peuting ieu mah. Teuing kamana. Langit lénglang, cahya bulan ti jauhna nyaangan. Lieuk kana jandéla, lieuk kana langit, weléh béntang téh euweuh.
Kamana atuh béntang téh, na bet kapélét ku kiceup anjeun ieu téh? Ah, rék mencrong lalangit wé, bongan anjeun euweuh. Tuh siah aya cakcak dua keur otél jeung baturna, sigana jalu jeung bikang. Kumaha nya lamun cakcak jaluna téh anjeun, cakcak bikangna téh kuring?
Kuring jadi cakcak, ngarayap, nyaplukan reungit, otél jeung anjeun, silih toél, silih sogot, silih udag, silih pencrong. Siga jeung béntang sok silih teuteup.
Lieuk kana jandela, lieuk ka langit. Euweuh béntang téh. Lieuk kana lampu nu nyengcelik. Bet siga anjeun, ngan ieu mah beureum. Boa enya anjeun, ngan keur beureum, teu siga sasari hurungna téh ngempray. Lain, da anjeun mah tara beureum, moal enya anjeun beureum, herang wé anjeun mah da béntang.
Cahya bulan euweuh. Langit mongkléng. Béntang gé ngadon euweuh deuih. Ih. Kamana atuh béntang. Langit taya baturna. Taya sasaha nu kumelendang. Taya sasaha nu lumampah. Taya sasaha, najan ukur ngaliwat. Taya sasaha ari euweuh anjeun mah. Aya gé tembang pamungkas siaran radio ngagalindeng nutup acara lekasan.
Jep radio jempé. Teu lila lampu beureum radio pareum. Lampu beureum nu siga panon anjeun. Béntang euweuh, nu siga panon anjeun gé euweuh. Kuring ngahuleng.
Lilin gé euweuh nu sok biasa marengan. Béak didahar seuneu. Seuneu téh ayeuna mah sok sagala didahar. Ka lilin-lilin didahar. Ceuk paribasa mah réla berkorban demi penerangan. Enya kitu? Keun wé lah rék kukumaha ogénan, moal dipikiran. Kuring mah keur nganti béntang ieuh, béntang nu siga panon anjeun.
Sedot, kuring nyeuseup haseup langit. Langit minuhan genggerong. Sugan na genggerong mah langit téh aya baturna. Sugan aya béntang. Sedot, kuring nyedot deui haseup langit. Langit minuhan sirah. Sugan langit na sirah mah aya béntangan. Weléh euweuh. Euweuh béntang di langit mamana gé. Kamana atuh béntang téh?
Tutup wé kitu jandéla téh, bongan béntangna gé euweuh. Langit wé mongkléng, keueungeun diharudum sarung hideung. Enya, tutupkeun jandéla téh, ceuk haté. Tapi suku mani asa beurat ngaléngkah. Kuring kalah haben nyeuseupan langit, sugan langit pindah kana sakujur awak, minuhan tulang minuhan getih. Sugan aya béntangan, ari langit na awak mah. Kamana atuh béntang téh? Nu siga panon anjeun téa geuning?
Kuring mencrong deui lalangit. Cakcak aya kénéh, ngan nyorangan ayeuna mah. Teuing jaluna teuing bikangna. Cicing wé ngahéphép, teu otél siga mun aya baturna, teu utek buntut-buntutna acan. Kunaon cicing waé sih? Papaéhan kamu téh? Na pédah naon make kudu papaéhan sagala? Cing, pédah naon? Sok we papaéhan. Teu, teu percaya. Kamu mah ngajak heureuy lah. Ekting lah. Nyaho kuring gé, wéw.
Ah, lieur sorangan. Ngabandungan cakcak angger ngajeten. Mani teu ngaréspon. Teu usik teu malik teu jungkir-jungkir acan. Teu soraan deuih. Cakcak, cakcak. Jaman kiwari mah cakcak gé ngalarti cacak teu disakolakeun gé. Nyaho kuring mencrong téh manéhna ngadadak jadi patung. Kunaon cakcak bet jadi patung nya? Keun wé kétah rék jadi nanahaon gé, moal dipikiran. Kuring mah keur nganti béntang ieuh. Kamana atuh béntang téh?
Naon ieu nu muter na sirah, ratug na angen, nyaliara na sakujur awak. Rey, saawak-awak ngarey, urat-urat kagetihan deui, éngsél-éngsél kalendor deui, langit muntel sakujur awak, langit muntel jagat, langit sakabéhna, langit nu ngarep-ngarep béntang.
Teu kudu ditutupkeun jandéla téh, keun wé ah sing muka. Ngarah hawa tumaninah turun unggah. Keun sakeudeung deui peuting ge bakal salin rupa jadi beurang.
Ké, ké, engké beurang béntang bakal aya moal nya?
Hhh, kamana waé atuh manéh téh, hah?
Cikunten Indah, Maret 2002
Anggi Sri Wilujeng, lian ti pangarang, ogé resep maén jeung nyutradaraan dina pentas téater. Kiwari matuh di Ciamis, ngokolakeun Sanggar Kembang Saga (Kelompok Belajar Mengarang Sastra Galuh