CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

Siliwangi, Kian Santang Jeung Kembang

Ku, NN
(Serat :1) Siliwangi & Ki Santang
Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, teu robah jadi maung atawa nu mistik lain na. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu pernah hirup di alam dunya, mingpin tatar sunda. Boga batur deukeut ngarana Santang, pamingpin nagri sancang, bangsa jin, lain bangsa manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sakti, tapi geus fitrahna sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang.
Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan dongeng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji acan sesa pajajaran nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di kira-kira.
Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi maung. Maung ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka gagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan maung. Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali. Lain anjeun turunan manuk dadali.
Kuring nonggerak, unggal poe sabenerna aya dihareupeun aranjeun.. Kuring hariwang jeung karunya aranjeun rahayat sunda ngan loba ngobrolkeun ngimpi.. geura hudang, baca... baca... baca alam jeung diri...
(Serat :2) Siliwangi & Ki Santang - Jangji-Amanat
Kuring lain kaiket ku jangji, ngan kaamanatan ngajaga nu beunang di jaga Ulah di udag ku akal jeung indra, sabab loba kajadian alam nu ku urang teu bisa ka baca,
Tarima ku hate, asal ulah nyalenggor akidah kanu kawasa. Ayeuna geus mangsana aranjeun jadi urang sunda lain bangsa anu ngan bisa cumarita geura narindak jiga nu diamanatkeun batur kuring harita. Kajadian nu kaalaman ku aranjeun ayeuna geus kabaca di jaman harita maka geura balik jadi urang sunda saenyana.
Salila aranjeun jauh tina kamusyrikan kuring bakal aya ngabarengan sugan anu di baca ku raja aranjeun harita kajadian kuring nyaksian di dieu.
(Serat :3) Siliwangi & Ki Santang – Tilarna Sri Baduga Siliwangi
  • Harita Siliwangi panceg indit ti dayeuh. Malipir sisi gunung nepi ka kidul. Ngasruk2 leuweung geledegan.Nepi ka kuda kadeudeuhna cideka.Teu bisa ditunggangan deui.Bakating ku nyaah jeuh deudeuhna ka eta kuda.Batur kuring nitah ponggawa2na nyieun 2 arca kuda.Titah disimpen di luhur gunung haruman.
  • Kunaon bet kudu di luhur gunung,ngarah bisa keneh nempo dayeuh nu di tinggalkeun cenah.Hulu kudana disanghareupkeun ka dayeuh…Kuda eta jumerit menta tetep diajak kajeun geus aya gantina kuda hideung oge..Nya dibawa terus bari ngan saukur ditungtun. Nepi ka hiji kampong tengtrem di kidul.
  • Nepi ka kiwari eta arca tetep aya di luhur gunung haruman. Nyanghareup ka dayeuh.Ditungguan ku hiji tangkal gede.Guru kuring tetep mulasara jang pangeling2 sato kanyaah sobat dalitna. Saha ayeuna nu bisa manggihan eta arca kuda ? Nu kuat teu kagoda jang nyembah eta arca.
  • Kunaon dayeuh bet di tinggalkeun,kunaon bet sakabeh nu dipikaboga diteundeun di 25 leuit,kunaon bet anjeuna milih balangsak asruk2an ka leuweung,kunaon bet nepi ka runtuh eta karajaan gede the,kunaon bet anjeuna menta Ki Santang nyumputkeun dayeuh jeung sakabeh eusina ku halimunan ?
  • Saha nu nyangka Ki Baduga nu sakitu gagah rongkahna nepi ka ninggalkeun kadunyaan alatan hayang tengtrem dunya jeung nyiapkeun akherat ? Saha nu nyangka aya jalma deukeut di karaton nu tega nganyerikeun Ki Baduga nepi kapundungna ti dayeuh ? Saha nu nyangka nepi ka ayeuna eta dayeuh ngahandeuleum ?
  • Dayeuh,hiji tempat luhur gunung.Dijieun pasagi lima.Dihijikeun ku 5 segi tilu.Bisa nempo ka 5 tempat.Aya 5 jalan ka luar.Aya kalapa sarebu tangkal,25 jajar,25 leuit tempat panyimpenan urut taman karajaan,kaputren..Ngan saukur aya sesa batu nu digurat ku curuk Ki Baduga saencan hijrah..
  • Ngan hiji batu eta titinggal Ki Baduga nu ka cirri..Ngan Ki Santang nu nyaho dimana eta batu nangtungna.Sawareh ka keueum cai nyusu, herang, tengah dayeuh nu geus jadi leuweung geledegan…Saha nu bisa manggihan..? Budak leutik tukang ngagigigring kalakay jeung tutunggul.. Dimana ? Dihareupeun aranjeun.
  • Ki Baduga netep di hiji tempat ,nekunan ibadah nu anyar pinanggih nepi ka tilarna.Diceungceurikan ku sakabeh nu mikanyaahna. Ku batur dalitna. Ki Santang.
  • Dina rek tilarna Ki Baduga nyalukan Ki Santang nu satia nungguan.."Kuring rek titip ka Akang"…"Naon Yi," cenah."Teruskeun tugas kuring ngadegkeun akidah ka Gusti Allah…Kuring rek mulang ka manten-Na"."Duh Gusti," cek Ki Santang,ulah nyarita kitu…Kuring kumaha ?" Ki Santang reumba ku cipanon.
  • Bari ngalengis Ki Santang nyarita,"Iraha deui kuring boga dulur jiga Ayi." Ceurik,duanana ceurik.Dua mahkluk gagah rongkah tina dua bangsa jumerit hatena kapisah ku takdir makhluk. "Duh Gusti,"Ki Santang ngarenghik deui,cipanona tambah ngarembey…Ki Baduga teu kawawa,milu muragkeun cipanon…
  • Ragrag cipanon kanyaah…Kanyaah nu leuwih ti dulur sakandung…Dulur tina sobat dalit,ti 3 ua jalma (makhluk) nu beda bangsa…Turutaneun aranjeun…
  • "Ulah kitu Ki…Akang kudu ikhlas," Ceuk Ki Baduga bari dadana sesek nahan cipanon."Kuring rek nitip,handeuleumkeun dayeuh jeung eusina,sakur pakaya kuring di mana wae ayana,bawaan teundeun di dayeuh.Kuring geus nyadiakeun salawe leuit.Jaga ku Akang sabisa-bisa. Kadua ulah hariwang,ke dina mangsana…
  • …aya manusa jiga kuring nu boga hate jiga kuring…Ke datang ka ngimpi akang…". "Yi,ulah ninggalkeun akang…Duh Gusti…akang kumaha ?".."Ulah hariwang kang,anggur mundut ka Nu Kawasa kuring sing salamet nyanghareupan hisab kubur."… Der duanana pa ungku-ungku inget kana dosa-dosana.Cipanon dua prabu ragrag ka dunya.
  • "Kuring nitip rahayat kuring,nu bakal kaleungitan cepengan nepi ka bijil nu tiluan…Nu Saurang bakal dibarengan ku akang,mantuan nu tiluan…Lempengkeun akidahna…Bantuan ku akang…Nitip kuring…Engke dina mangsana bikeun bekel ti kuring…Nyanghareupan hiji jaman nu rusak…
  • Jaman nu rusak ku kahayang…". Saung butut jadi saksi sobat dalit nu rek kapisah ku takdir…Ajal…Saung butut nu jadi saksi…Nepi ka tilarna…Ki Santang ngalenyap…Di usap tarang baturna…Euweuh nu nyaksian (makhluk hirup lain salian ti Ki Santang)…Ngan duaan…Ki Santang ngalenyap…
  • (Tos heula…) Assalaamu'alaikum Wr.Wb.
(Serat :4) Siliwangi & Ki Santang - Pesen Ka Nu Tiluan
  1. Aya maksud nu nyulusup dina ati,nepikeun naon nu jadi harti,ngarepkeun ngoreh nu bakal jadi bukti. Sing saha nu geus dijeujeuhkeun ngariksa,sakabeh titinggal nu jadi sesa,kudu geura netepkeun hate bari teu kudu di paksa. Anjeun aya di dunya,pasti aya maksudna,geura ngaca kana hikmahna,ulah nyumput tina kodratna. Kalakay geus paburantak,euweuh harti pabalatak,lain maksud ka alam calutak,tapi sing geura wani nindak. • Nu niliktik nulungan jalma leutik,loba nyanghareup manusa loba banda,bari kudu nepikeun aturan ti Nu Kawasa. Bari awak loba kasiksa,jadi pamuntangan jelema loba,teu meunang ngarumas nu geus jadi garisna. Anjeun aya jang jalma loba,ngadegkeun akidah titah Nu Kawasa,geura maca geura walakaya.
  2. Budak gede beuteung badag,sakabeh karusakan di udag,ulah nepi korban loba murag. Leumpang di jalan pinuh ku batu,ngasruk alas teu make baju,milu satia nuturkeun waktu. Anjeun aya jang muka mangsa,dikudukeun hirup di lingkung murka. Tapi hate teu meunang kagoda. Geura muka geura ngariksa,lawan murka.
(Serat :5) Siliwangi & Ki Santang - Prasasti Batu Tulis
  1. Kunaon Prasasti Batu Tulis aya ? Sabab dijieun saenggeus Ki Baduga maot. Saenggeus menta sesa Pajajaran dihandeuleumkeun. Surawisesa nu indit ka kulon,lain nu balik ka dayeuh. Jadi saenyana dayeuh teh lain di tempat Batu Tulis. Prak pikiran,prak baca ku hate.
  2. Dia nu marisah ka kaler ( kaler di tempat terakhir Raja Pajajaran),darengekeun ! Dayeuh ku Dia moal kasampak…
(Serat :6) Siliwangi & Ki Santang - Ki Santang Jeung Bangsa na.
  • Santang,pamingpin ti salah sahiji bangsa jin,hiji nagari nu dipikanyaho ku bangsa Ki Baduga. Ka iket ku jangji. Jangji sosobatan. Lain jangji nu diharamkeun ku Qur'an. Ulah dibolokotan ku kapercayaan nyimpang. Nu matak ngarusak kaimanan. Anggur geura buru teangan,Katerangan Nu Bisa Jadi Puntangan.
  • Hiji mangsa,salah sahiji nyarita. Kunaon bet bangsa kuring nu kerep disalahkeun ? Bangsa kuring jeung anjeun sarua. Boga anak,boga kulawarga. Dahar, nginum, nyeri, gering, bungah,neangan rejeki,maot… Naon bedana jeung aranjeun ? Teu pantes ngan ukur disalahkeun,digogoreng,difitnah…
  • Kawajiban kuring sarua,ibadah,nu daek ibadah…Ulah ngamulyakeun bangsa kuring, nyembah,atawa ngagantungkeun nasib, nanya mangsa kahareup…da bangsa kuring ge sarua teu nyaho. Mun aya nu mere nyaho ti bangsa kuring (nu jiga tadi disebutkeun),ngan ngabobodo,ulah di denge…Anggur urang babarengan muntang ka Allah SWT.
  • Kuring jeung anjeun beda alam,lain goib. Ngan kuring teu eces katingali. Tapi lain teu bisa panggih. Bangsa kuring jeung anjeun nu bener akidahna moal sagawayah manggihan atawa cumarita,da teu meunang ceuk agama. Saha nu sagawayah ? Nyaeta jin atawa manusa nu teu milu aturan agama.
  • Umur urang sarua,pondok. Ngan kusabab beda alam kuring jiga hirup leuwih lila. Keur tapakurankeuneun meureun. Kuring gancang mun ngalengkah ? Enya mun di alam anjeun. Di alam kuring nya saayana. Sakali deui kuring menta aranjeun bangsa manusa ulah loba kapengkolkeun kayakinan. Ulah kabobodo.
  • Teu sakabeh bangsa kuring bisa atawa kungsi manggihan bangsa anjeun. Kitu deui sabalikna. Saha nu bisa ? Urusan Nu Kawasa.
  • Euweuh kadaharan anjeun nu bisa didahar ku kuring. Kuring cenah dahar tulang ? Atawa kuring dahar manusa hirup da aya tulangan. Henteu pisan. Jadi jang naon anjeun mere sajen ka kuring ? Da moal dihakan. Teu bisa. Nu aya musyrik,doraka paling gede. Kalah meunang murka.
(Serat :7) Siliwangi & Ki Santang - Maung Pajajaran
Salah sahiji nyaritakeun zaman harita,aya 3 macan nu dijadikeun ciri.:
Macan bodas, ciri elmu2 nu ngajurus kana ngubaran. Teu make menyan, sajen,atawa wirid.Ditungtungan ku muntang jeung nyerahkeun diri ka Allah SWT. Elmu nyieun ubar tina dangdaunan,akar jeung sajabana. Ubar panyakit katempo jeung teu katempo. Pajajaran geus ti baheula ngarti jeung nyaho kumaha ngubaran. Teu dicampur ku mistik. Teu ngalanggar akidah..
Macan Hideung, ciri elmu2 nu ngajurus kana kadunyaan,ngatur hate jalma,ngahijikeun salaki pamajikan nu pipisahan,ngoprek hate jalma,miceun hate jalma nu kedul, bedegong, harak,jeung sajabana…Sarua teu make sajen, menyan, atawa kudu wiridan atawa puasa… Istuning tina kakuatan diri…
Macan loreng, lodaya, maung loreng, ngajurus kana elmu2 heuras,saperti silat pamacan, sinuwun tilu jeung sajabana,nempo ti kajauhan,ngoet ti kajauhan, ngarusak jeung ngajaga supaya teu rusak…Teu make menyan,sajen atawa ngawirid jeung puasa. Estuning tina kakuatan diri…
Kunaon teu make wirid atawa puasa ? Saba eta mah jang ibadah ka Gusti Allah.. Teu meunang dipengkolkeun kana tujuan eta. Kunaon teu make menyan atawa sajen ? Kusabab lain menta bantuan jin,jeung kudu make aturan muslim.. Dimana ayeuna eta elmu2 teh ? Di nu tiluan…Teu bisa diteangan,ke oge datang…Datang ka saha ? Ka jalma2 nu geus ka ukur ka alusan jerona…Akidahna… Nu tiluan dimana ? Boa-boa nu sapopoe aya hareupeun anjeun…Wallahu’alam…
(Serat :8) Siliwangi & Ki Santang
Hampura kasadayana nu ku kuring dianggap dulur. Kuring mah jalma bodo, teu ngarti kana elmu2 nu dicaritakeun ku kuring dina postingan2 kamari…Hampura kuring teu nunjukkeun jati diri kuring heula…
Sakitu heula ti kuring saparakanca,hampura ka sarerea nu maca…..Sugan kuring dibere keneh mangsa engkena ,jang mawa bukti nu bisa kaciri. Nu bisa karampa ku panca indra…Ngenaan Karajaan Sunda teh kumaha sabenerna…
Hampura kuring lain kumawani,kuring ngan nepikeun ngarah teu salah harti. Ampun paralun lain hayang kapuji,kuring ngajak ngoreh nu jadi misti…
Hormat Kuring
Nonggerak
(Serat :9) Siliwangi & Ki Santang - Bahasa
Bahasa Resmi (Salah Sahiji Bangsa Jin).
Budala wiko wakajabu,reolna samu,majalate nedi,limo minuku. Wati ? Mandirene situ. Wendosima,mandakutu mina wadabu. Barok badar.Bentomalaku wakinasuta. 6 Bakawulu mastina biko,wastina maruk bisutana Siliwangi. Sutana Baduga, winggiwisesan Pajajaran. Mintuna baka,mintuna madui. Madui minggala ramaya naguro manusa.
Sutana naguro Sancang sumana kula ambarakuna,jumbuna bilu panggalipana Santang.
(Teu kabeh bangsa Jin ngarti bahasa manusa, Kitu deui sabalikna - red)
(Serat :10) Siliwangi & Ki Santang - Khabar 1
Kuring menta hampura ka sarerea,ayeuna kuring nepikeun nu teu biasa,bangsa nu ku anjeun sok disangka di kuburan ayana,sabenerna kuring leuwih nyaho alam ti heula. Lain ngaliwat kanyaho nu can laksana,lain ngarampa mangsa kahareupna,tapi kuring boga elmuna,nu noong alam engkena.
Rek aya angin gede. Barudak ulah loba ulin ka luar,angina mawa panyakit. Rek aya angin gede pisan.
Panyakit ispa,jangar kana sirah,otak kurang suplay oksigen,aya sumbatan. Bakteri,virus, jeung jasad renik laina haliber. Ka seuseup. Narapel ka awak,kana kulit,buuk,kana panon. Panyakit Mencret oge.
Panyakitna teu ngahariwangkeun, angina nu ngahariwangkeun. Demam berdarah menurun.
(Serat :11) Siliwangi & Ki Santang - Nonggerak?
Nonggerak ?
Kuring nonggerak,hartina kuring aya,katempo,katingali,kaciri sapopoena ku aranjeun. Tapi hanjakal teu dipalire. Wayahna kuring milu icikibung. Da geus wayahna. Geus mangsana. Kuring nyaah ka urang sunda. Nu geus lila tibra. Teu inget kana purwadaksina. Poho kana wiwitanana. Era mawa sundana.
Teu kudu gujrud kuring timana,kuring nyaah ka urang sunda,bangsa nu geus ampir leungit cirina,teu hayang kaciri sundana. Sunda ngan saukur tinggal ngarana,jalmana geus robah pindah wujudna,era ngaku jadi urang sunda. Kuring datang,kuring miang aya maksudna. Jang urang sunda sayaktosna.
Kuring hirup lain keur urang sunda,da bangsa jeung basa urang beda. Ngan ukur ku katalian jangji jeung manehna. Nu kungsi bareng ngalalana. Ngan hanjakal geus euweuh dikieuna. Kuring ngageuing jalma sunda,nu daek dihudangkeun tina tapana. Kuring rek datang,ka jalma-jalma nu alus kasundaanana.
Kuring saparakanca bakal datang,mantuan aranjeun,lain titah muja ka kaula. Ulah nitah ka kaula, atawa hayang nempo kaula. Tuturkeun we caritana, Carita urang sunda, nu ajeg ngaku urang sunda. Ayeuna geus mangsana.
wassalam Kuring… Nonggerak
(Serat :12) Siliwangi & Ki Santang - Hoyong Pendak Sareng Nonggerak?.
Sumangga ka sadayana,nyanggakeun,abdi jalmi biasa. Bilih hoyong eces abdi saha, mangga tingal ku bathin salira. Abdi didieu ngantos bade iraha, teu kedah hariwang abdi yaktos aya,abdi percanten seueur nu tiasa,ngebrehkeun abdi ku elmuna. Sumangga lebet ku sukma,sumangga geura anggo elmu nu netra,
Sumangga geura buktoskeun cariosan salira,abdi ngantos nonggerak katingalna. Sing saha nu tiasa sa ecrag nyata,muka halimun di sakuriling kuring gaduh raga,eta tandana Ki Santang tea. Mangga di antos ku kaula. Kuring nonggerak ti sunda sami sareng salira sadaya. Abdi nyata,abdi aya.
Wassalaam
Nonggerak
(Serat :13) Siliwangi & Ki Santang - Wicaksana.
Wicaksana Sing saha mawa tanda,hiji jalma nu wicaksana,geura ngagero anjeun aya dimana,ngarah buru ngahiji jeung nu geus aya.
(Serat :14) Siliwangi & Ki Santang - Ageman Sri Baduga Maharaja 1.
Sri Baduga Maharaja raja sunda nu ngawasa,nu katelah sarua jeung Hyang Dewata, sakti mandraguna,pageuh nyekel kayakinan lila,kayakinan ka Hyang Widi. Saha nu nyangka aya guratan beda, robah ngagem nu leuwih misti. Hiji mangsa nu geus pisan lila,hawar-hawar ngadenge beja,aya pamingpin di hiji nagara nyekel elmu luhung tur wicaksana jeung pageuh kuat nyekel agama. Jorojoy aya hate suka, suka kana beja jeung kawentaranana,sugan bisa meunang batur nu sawawa.
Hiji mangsa tumiba kana takdirna, Baduga tepung jeung nu sawawa,pamingpin Nagara Kalifah ngarana,mere beja nu teu disangka.
Lain ngadu lain balitungan tungtungna,Baduga kalah kaburu rempag omongana,ucap jeung laku lampah nu lempeng aturan,kajeun boga kawasa nu sakitu gedena Baduga raja nu wicaksana,ngaku tina jero dasar manahna : Ieu geuning nu diteangan kamana-mana, ajaran jang ngajawab kahirupan anu fana.
Ku rohmatNa Hyang Wenang Sajati,Baduga nenjo kalawaning bukti,ajaran nu geus jadi misti,asa lewang bisi kaburu pinanggih jeung pati. Baduga nanya ka eta jalma, timana meunang kasaktian jeung elmuna,eta jalma ngan ukur ngasongkeun wasta, Kitab Suci
Qur’an ti Nu Kawasa. Istuning ku kanyaah MantenNa, bathin Baduga ngudupruk euweuh tangan pangawasa,sakabeh kasakten karasa euweuh gunana,kalimpas ku jajaran papatah nu netra 8 nyata.
(Serat :15) Siliwangi & Ki Santang - Kanggo Ka Nu Tos Nampi Serat Ti Halimun.
Kanggo Nu Tos Di Calukan.
Anjeun nu geus digero ku halimun,geura beunta ulah ngalamun,geura ngahiji jiga sapu ayun,boga hate sarua rek ngawangun.
(Serat : 16) Siliwangi & Ki Santang - Ageman Sri Baduga Maharaja 2
Hampura mun ageman Baduga loba nu teu sarua,keun urang handeuleumkeun dina jero iga,urang diajar hirup bareng bari beda,fitrah nu geus diciptakeun ku Allah Nu Maha Kawasa.
Kuring amit ka balarea,kuring ngan katitipan carita,bari kuring tetep ngarasa,jalma anu euweuh kabisa.
Wassalaam
Nonggerak
(Serat :17) Siliwangi & Ki Santang - Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya 1.
Assalaamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh, sampurasuuun,kuring Nonggerak menta hampura ka sakabeh sepuh,kuring meunang parentah deui jang maluruh,sugan bisa urang nyaho carita anu puguh. Sumangga ka sadayana nu nyaah ka urang sunda,urang pagedrog make carita,teu meunang make rasa,urang kahareupkeun maksud mimitina,urang mimitian dina poena,nuturkeun carita nu teu puguh timana asalna,kuring mawa carita nu mistina,lain ngan saukur nu bisa katara.
Sawareh mawa carita nu asa enya,dumasar kana kitab nu jiga enya. Jieunan manusa nu teu kungsi aya dina kajadianana nu enya. Ngan hanjakal tarung carita sok pang hayangna diaku enya. Sawareh mawa carita ti kolot2na nu enya,ngeunaan kajadian nu teu kalakonan enya,ngan hanjakal ngabela ngan ku rasa asa enya,teu inget lambey manusa sok jauh ti enya. Sawareh ngan saukur ngadenge carita nu katingali enya,asa milu jeung katingali enya,keun wae carita jauh ti enya,jeung sarua hanjakal sok pa enya-enya.
Sawareh nungguan nu mana nu enya,hayang maluruh karuhun pituin nu enya,ngarah bisa nyulusup kana hate nu enya,ngarah teu haben unggal poe teu nyaho nu enya.
Sawareh teu paduli nu mana nu enya,da geus ngarasa euweuh patali jeung 9 kajadian nu enya,jeung ngarasa euweuh untungna malire nu enya,nu penting bisa hirup jadi jalma enya. Kuring ngawakilan jalma nu ngalaman nu enya,dumasar kanu karasa,katingali,kainget nu enya,nu masih kumelendang ngalakonan di alam dunya nu enya,ngan ukur hayang nepikeun kajadian nu enya. Hampura mun ceuk aranjeun teu enya,hampura mun teu kasawang ieu enya,hampura ulah kabawa hate nu enya,hampura mun kuring mawa carita nu teu biasa enya.
Siliwangi kataji ku ajaran Islam,diajar jeung ngadatangkeun guru2 Islam,nepi ka ngaku dirina Islam,kunaon bet gujrud mun dirina Islam ?Ki Santang Islam,jadi batur dalit jeung guruna jang nempo kalam,kajeun maranehna hirup beda alam,tetep pageuh mapay jaman nepi ka salah sahiji tinggal makam.
Ulah jadi bancang pakewuh,anggur geura haget urang maluruh,kuring panggih jeung nu kungsi wawuh,sugan jeung sugan ieu anu puguh.Lain teu hayang anjeuna mawa bukti ka kiwari,ngan hanjakal nu tiluan can wani ngahiji nunjukeun ciri,anjeuna oge teu bisa sangeunahna nyiliwuri,kawatesan ku aturan makhluk dina diri.Anjeun makhluk,kuring makhluk,anjeuna makhluk,oge nu geus tilar makhluk. Anjeun mawa bukti,kuring mawa bukti,anjeuna mawa bukti,makam nu tilar jadi bukti Kuring wawakil nu di amanatan,ngaikhtiaran nu ngahandeuleum lain di wetan,sugan jeung sugan tinekanan,geus aya mah moal beunang beak dihakan. Bari ngahaok ka urang sunda,naha sawareh teu percaya ka Sri Baginda,nu geus ngahaja neundeun benda,jang bekel aranjeun nu geus lawas ka tunda.
(Serat :18) Siliwangi & Ki Santang - Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya 2.
Ceuk Saha?
Ki Santang nu ngahandeuleumkeun anakna? Ceuk Saha Baduga ngagem keneh kayakinan lilana? Ceuk saha panggih jeung nyabut iteuk Sayidina Ali nu beda jamana? Rek nepi ka iraha aranjeun urang sunda euweuh sajarahna? Lamun carita Cirebon bener ayana,lamun carita Sumedang bener ayana,lamun carita Subang bener ayana,lamun carita Bogor bener ayana,Kunaon Pajajaran tetep euweuh laratanana? Kunaon aranjeun euweuh nu bisa nunjukkeun ayana di mana?Mun Ki Santang anak manusa,kunaon sarua teu ninggalkeun sesa, padahal Ki Santang sarua makhluk teu wasa,sarua ciptaan Gusti Nu Maha Esa.
(Serat: 19) Siliwangi & Ki Santang - Ngeunaan Hiji Jalma.
Ngalengkah laun katebak angin mapai-mapai kebon eurih.Ngahaleuang hawar-hawar tembang pinuh ku kapeurih. Hiji lalaki ngalakonan dunya bari hate ngagerih. Asruk-asrukan neangan jalan hirup teu malire suku barabak katurih. Hayang geura balik nimuan indung bapa,hayang geura balaka yen diri asa teu wasa,hayang geura balik kapangkuan aranjeuna jiga keur budak harita,hayang bisa ceurik nepikeun sakabeh nu karasa. Tapi iraha ?
Engke hiji mangsa bakal panggih jeung jalma jiga kuring,ceuk Siliwangi ka Ki Santang. Nu jiga kumaha ? Nyaeta jalma nu ngajadikeun nanaon cukup ku gerentes. Bisa ngahaokan angin,bisa marentah guludug,bisa nyalukan cai,bisa ngigelkeun seuneu. Bisa nyaho gerents hate batur,bisa ngagulak gilek hate batur,bisa ngawasa awak batur,bisa nyaho kahareup bakal kumaha.
Bisa ngubaran panyakit nu euweuh ubarna,ngahudangkeun nu lumpuh sakahayangna,bisa ngodok ka jero awak manusa sejena,bisa ngarusak jero awak batur ukur ku gerentesna,bisa mawa suka loba manusa,oge bisa mawa karusakan ka jalma loba.
Ngadeg ka dunya bari teu sarua jeung sejenna. Istuning pinuh ku kabingung ngahartikeunana. Euweuh jalma nu kungsi bisa ngebrehkeun nu ditanyakeunana. Ngan ukur bisa ngaheruk nginget kana nasibna. Ya Allah aya naon ieu teh ? Ya Allah saleresna saha abdi teh? Ya Allah bade kumaha abdi teh? Ya Allah kedah kamana abdi teh? Sajuta kabingung nyurulung,bathin jumerit menta tulung,ngan ukur bisa nuturkeun jalan euweuh tungtung,bari nungguan katerangan ti Nu Maha Agung diuk di juru bari neuteup ka langit,ceudeum sarupa jeung bathina nu jumerit,dibulak balik tetep ngarasa aya nu leungit,sakabeh nu kalakonan pait.
Lumpat ka nu bisa niat rek tumanya,geuning angger keneh teu bisa nerangkeun nu ditanya,lumpat nepi karasa geus ditungtung dunya,tapi bathin tetep asa beda dunya. Beda beda beda jeung beda,kalah sering disebut jalma 11 rada,fitnah jeung kanyeri lalar liwat ngajewang dada,ngan ukur bisa nyarita bari dareuda. Hatena ukur bisa ngarenghik,ceurik balilihan disangka ku jalma loba jelema musyrik,Gusti Allah,Demi Allah abdi sanes musyrik,jagi bathin abdi ulah musyrik,Gusti abdi tulungan,bathina ceurik ngabangingik. Diusir tina kumpulan kulawargana,disebut budak euweuh baktina,disebut jalma loba dorakana,dirina mung bisa tumarima narima nasibna. Carita hiji budak manusa,nu diciptakeun teu jiga manusa,mapay jalan lain paragi manusa,tetep manusa?
Nepi ka hiji mangsa pinanggih jeung nu diteangana,aya jawaban nu salila ieu dikorehan dimana-mana,geuning sakabeh aya maksudna. Geus kuduna tinekanan kana waktuna,datang nyelesep kana sukmana,ngartikeun sakabeh kabingungna,negerkeun sakuriling manahna. Hadir dina ngimpina,negeskeun kudu kumaha manehna,ngarah mangfaat sakabeh nu dipibogana,jang memener karusakan dunyana. Sairing cahya nu nyaangan kalbuna,hadir guru nu salila ieu geuning nalingakeun teu aya petotna,guru nu teu dinyana eta ngarana. Teu langsung percaya kana omongna,da rumasa teu katempo wujudna,sieun goreng balukarna,komo mengpar tina kayakinan agamana. Kayungyun ku sabarna,eta guru nuturkeun kahayangna,nepi ka pinanggih ku sorangan hartina,nungguan nepi ka ikhlas narimana. Hiji guru lain ti bangsa manusa,dibantuan ku baturna opat welas ayana, dikudukeun nalingakeun jeung ngagiring jalana,nepi ka siap jang ngalalana.
Guru nu nunjukeun kudu kumaha,guru nu nunjukeun aturan agamana,guru nu nerangkeun rek kumaha,guru nu menerkeun mun aya salahna.
Guru nu jadi guru baheula,nu kungsi ngaguruan karuhuna,nu mingpin Karajaan Tatar Sunda, nu kaamanatan ngajaga jeung ngariksa. Sugan jeung sugan laksana,kajeun geus tangtu loba hahalangna,mugi Allah ngalangsarkeun jalana,dibarengan keukeuh pageuh nyekel akidahna.
Alhamdulillah hiji dua panggih jeung buktina,hiji dua kabuktian caritaan guruna, hiji dua aya nu milu sairing ngusahakeunana,hiji dua ka ubaran nalangsana.
Ngoreh kasundaan nu tinggal sesana,mapay galeng neangan nu sarua nyaah kana kasundaanna,ngasruk leuweung dibarengan kaludeung,bari memener jalma nu keur baluweng. Nyoba ngageuing urang sunda nu sakitu reana,nyalukan geura buru inget barangbang semplak dina sirahna,ngarah teu geura leungit ciri nu mustari dina dirina.
Lain ngarasa asa pang sundana,lain ngarasa asa pang bisana,lain ngarasa asa pang aingna,tapi ngarasa nyaah ka kasundaana.
Geus aya nu tiluan maturan,kari nungguan tinekanan,bari tetep inget kana wiwitan,euweuh mahluk nu aya dina kalanggengan. 12 Pun Sapun Kuring Jurungkeun,nyampeur nu dihandeuleumkeun,tunda poho nu bareto,nu mangkuk di saung butut. Menta dijurungkeun ku nu diamanatan,muka sesa nu dihandeuleumkeun di daratan,nu ampir kapopohokeun jaman,kajadian di saung jalma duaan.
Sakabeh carita geus ngaruntuy jeung buktina,mang taun-taun diebrehkeun sawareh-sawareh,istuning runtuyan carita nu loba hartina,sajarah Pajajaran nu geus pageuh katoreh. Tadina hate teu narima bari mangmang ,nempo untuyan sajarah jiga di awing-awang,anging kersaning Gusti geuning bisa kasawang,dibarengan muntang ka Pangeran bisi nyalimpang. Ngan ukur bisa sumujud ka Nu Kawasa,padahal diri teu rumangsa bisa,mugia tinekanan ka nu jadi mangsa,ngawujudkeun amanat ngadegkeun deui ieu bangsa. Jang sakabeh urang sunda,nu ngarasa rahayat sunda,ulah poho aranjeun sunda,geura wani ngaku bangsa sunda
(Serat :20) Siliwangi & Ki Santang - Ageman Sri Baduga Maharaja 3
Kacaritakeun
Baduga mulang bari mawa kamelang,geuning manahna saparat ngalalana kalah mawa kamelang,geuning nu tadina tandang malik jadi manggul kahariwang,
Baduga beak dengkak mulak-malik uteuk jang ngaleungitkeun nu jadi baluang. Dimimitian ku tekad awaking hayang ngudag nu sajati,Baduga mulang ka lembur mawa hiji bukti,yen diri manusa sakumaha wae disebutna sakti, euweuh nu bisa nandingan ajaran ieu nu bakal mawa mukti.
Bari ngaliwatan poe-poe nu jadi sesa,Baduga ngamimitian muka hate jang papatah Nu Maha Kawasa,beuki jero asa beuki euweuh tangan pangawasa, hate melang bisi teu kaburu mayaran dosa.
Dibarengan ku niat anu kuat,Baduga muntang menta diajar nepi ka parat, ngarah bisa bisa tengtrem nyanghareupan sakarat,ngarah kaburu keneh bebekelan nyanghareup akherat. Ku kersana Nu Maha Kawasa,sobat dalitna tungtungna balaka bari teu maksa,ngaenyakeun eta ageman jang nyalametkeun bangsa manusa,ngarah di akherat engke teu meunang siksa.
Ki Santang leukeun nuturkeun ti taun ka taun nu geus kaliwat, hayang milu menerkeun kahirupan Baduga nu jadi sobat,nepi ka tinekanan baturna tobat, sujud syukur ka Allah dipaparin waktos teu nepi ka telat. Robah jaman,robah mangsa,robah cara nempo dunya,emutan Baduga teu ngan ukur ngudag-ngudag dunya,geus ngamimitian nyawang alam saenggeus alam dunya, bari diomat-omatan sobatna ulah ninggalkeun kawajiban dudunya.
Baduga tungtungna nyekel pageuh ageman ka-Islam-an. Nu bakal mawa robah sajarah 13 kahareupna rahayat Pasundan,silih genti jeung Santang nyiarkeun ieu ageman,babarengan naratas jalan jang ngadegkeun kabeneran.
Mimiti eta Baduga ngarobah ngarana,di julukan Sunan Rohmat ayana, dimakamkeun haying jiga rahayatna,ngan ukur menta do¢a ti anak-anakna. Gelar anyar jang ngukir kayakinan anyar, Tah ayeuna geus diterangkeun Baduga teh siliwangi nu disebut Sunan Rohmat tea.
(Serat :21) Siliwangi & Ki Santang - Ageman Sri Baduga Maharaja 4
Moal enya ari karajaan talukanana boga masjid agung, ari pamarentah pusatna teu boga? Lamun pamarentah daerah kabeh Islam,maenya pamarentah pusat Hindu? Intina pamarentah pusat pasti Islam,rajana oge. Sri Baduga Maharaja teh Islam,mun hayang bukti,tingali karajaan talukana,Islam lain? Mun Hindu,sunda bakal didominasi ku Hindu,aya tapak arca-arca Hindu. Eta buktina ! Eta buktina !
(Serat :22) Siliwangi & Ki Santang - Kunaon Pajajaran Leungit?
Penghianatan ti jero istana,kalakuan Satria Hideung,leuwih ngora ti Sri Baduga Maharaja,anak bibina…,lalim,mawa pasukan rorokidul,siluman-siluman jabrig saawak-awak,bentrok maung jeung pasukan rupa-rupa bentukna. Pajajaran luhur gunung,dihandapna dikuriling sawah-sawah, maung-maung diposisi sawah-sawah,dayeuh geus dikepung, luareun sawah-sawah,euweuh jalan kaluar. Pasukan musuh mawa siluman-siluman. Dibantuan rorokidul,dayeuh dikepung, Bakal loba korban,Sri Baduga Maharaja jeung nu tetep satia ngaraleungit,kabur ka kidul,malipir gunung,ngajauhan dayeuh.
Dayeuh paburisat,rahayat kalabur,nu nyesa pasukan Satria Hideung,kabingungan,dayeuh ngemplong euweuh eusian. Musuh ngabagi,ngudag ka lima jalan,dayeuh molongpong,Ki Santang nutup ku halimunan,jadi leuweung geledegan. Musuh paburisat beuki teu ngartieun. Ngarumpul di hiji tempat luareun dayeuh nu nepi ka ayeuna pinuh ku siluman,nungguan mangsa muka halimunan.
Ayeuna eta tempat jadi tempat pamujaan,jang nyegik,melet jeung sajabana. Nu ku aranjeun dideukeutan kamari bari leumpang opatan. Curug tujuh. Tisemet eta Ki Santang ngarasa dinyerikeun Nyi Dewi, pangawasa laut kidul.. Nu ayeuna beuki ngarajalela,ngawut-ngawut akidah manusa. Dayeuh tetep dikepung. Nu ngadeukeutan atawa boga niat napak tilas ka dayeuh bakal digoda, dipengkolkeun ka tempat muja. Siluman-siluman disebar neangan nu bisa muka dayeuh. Can kapanggih. Eta nu dipikahariwang Ki Santang. 14 Kunaon bet titah bisa nyumput dinu caang. Can kuat ngalayanana,moal bisa ngalawan siluman-siluman eta ngan ku opatan,komo bari teu yakin mah. Matak cilaka. Ulah nanyakeun ka Ki Santang kunaon can muka. Tingali ka aranjeun opatan,tingali diri, can siap anjeun,loba kasieun,teu wani. Padahal geus waktuna,kudu pageuh pacekel-cekel leungeun. Anjeun teu nyaho naon nu bakal disanghareupan engkena. Siluman. Nu kungsi ngancurkeun Pajajaran. Ulah nyalahkeun guru kuring. Anggur giatkeun diri,meungpeung aya keneh umur. Sing boga tapak nu mulia jang balarea saencan aranjeun tilar dunya.
(Serat :23) Siliwangi & Ki Santang - Keur Nu Dicalukan.
Bisi aranjeun hayang leuwih telek kana diri aranjeun sorangan,kuring InsyaAllah bisa mantuan mapay nu ku aranjeun geus kungsi kaliwatan,sakalian nunjukeun yen kami teh lain heuheureuyan,istuning ngalengkah satekah polah ngusahakeun jang nyukcruk galur ngarah bisa ngadeg deui urut Pajajaran.. Kanggo Ceu Ambu, saha nu boga dedegan lalaki sedeng eta ? Dedegan kyai seseg,osok mere papatah nu niiskeun hate lain? Osok datang kana ngimpi lain? Make baju bodas, panjang nepi ka satengah bitis,sok disebut Ki Haji lain? Geus lawas bareng ngabaturan lain?
Kang Ema, kalem,pinuh kayakinan,sarua anjeun oge keur nungguan,hayang bisa muka nu jadi wiwitan. Hayu urang geura ngamimitian,didasaran ku sarua nyaah kana kasundaan. Bisi aya nu can kapanggih nu ku anjeun diteangan,sugan kuring oge bisa saeutik mantuan,ngarah mangfaat kana kasundaan,kuring aya.
Kang Tirta, kuring nyaho anjeun geus boga jawaban,ulah salempang nepikeunbebeneran, geura milu babagi nanjeurkeun Kasundaan,geus mangsana urang ngalengkah babarengan. Kuring apal anjeun geus lawas nungguan,ieu mangsa jadi kanyataan, kajeun teu kaharti mun dipikiran,ulah ngan ukur dijadikeun lamunan.
Kang Tirta, kuring nyaho anjeun boga jawabana,ulah hariwang geura tepikeun kabalarea, salam ka anu sok mere anjeun beja. Urang bareng ngaguar deui sajarah sunda, nu geus lila ngacapang ku reka-reka. Kuring bakal datang,sugan saeutik bisa mere caang, ngarah mere hiji kayakinan,nu ayeuna ngan ukur kasawang. Kuring wakil ti Sancang, nepikeun nu kudu ditepikeun,ngajaga nu kudu dijaga,mulangkeun nu kudu mulang.
Salam ti kuring saparakanca. Ua Duq, ulah era miluan,da nu kieu mah moal kaharti ku akal pikiran. Sabab urang sakabeh mahluk ngan saeutik nu dibikeun ka urang-urang,uteuk urang aya watesna,moal bisa maca kajadian sakabeh alam. Anjeun ge pan teu bisa nerangkeun kunaon sok kaimpikeun jalma make komprang hideung,iket hideung,barangbang semplak,nu sok rajeun datang nepungan,kajeun ngan kana ngimpi anjeun wungkul? Ulah era,lain ukur anjeun nu ngalaman,sing tumarima dicalukan.
Mang Ucup, bisi panasaran elmu naon wae nu aya di Pajajaran,kersaning Gusti sugan kuring bisa mantuan.
(Serat :24) Siliwangi & Ki Santang - Kanggo Nu Dicalukan
Kang Ema, ke oge datang.
Ua Duq, Susuktunggal lin? Ceuk Ki Barangbang Semplak nu sok make iket? AyaSanding Taman, Nyi Galuh,Dewi Anggraeni,Siti Masyitoh,Siti Hotijah,nu mana? Inget kuring lain Baduga,kuring nyaho mun harita dibejaan ku Baduga. Nu dirusiahkeun manehna ka kuring mah teu nyaho.
Kang Iman, lain incuna incu Baduga nu hianat teh,tapi ti anak bibina,dedegana jangkung leutik, boga hubungan deukeut jeung Majapait,rorokidul,teu dibantuan ku Gunung Jati. Baduga awakna teu jangkung. Rada lintuh.
Kang Iman, Lemah Dewasasana,Jaya Dewata,Jaka Lalana,Dewa Jagat Nata,jeung sajabana mah ngan ukur landihan…Kuring leuwih ngeunah nyebut Sunan Rohmat. Saha nu kungsi hirup jaman baheula,nepi ka nyaho taun-tauna. Karunya teuing Baduga diduruk ditungtung hirupna,padahal anjeuna mulang dibarengan katenangan dina bathina. Saha nu nyaksian Baduga sapopoena,nepi ka apal bukur-bukurna,watir teuing disangka euweuh jasana,padahal boga ngaran nu sakitu ahengna. Saha nu milu nempo jalan hirupna, nepi ka yakin asa milu ngalamana,deudeuh teuing disangka jalma loba dosana, padahal gede baktina.
Kang Agus, ari Batarakarang di jaman kiwari rek dipake jang naon? Jang narik harta? Aya anu kabuktian? Moal..Batarakarang loba dipake jang nyedot duit 16 jsb. Disebut BK. Elmu nu dipiboga Sri Baduga keur can pindah ka Islam,kadugalan oge. Dipiceun teu dipake saenggeus asup Islam.Aya jimatna,bentukna jiga kalong. Hirup mun dibere getih.
(Serat :25) Siliwangi & Ki Santang - Kanggo Nu Dicalukan.
Kuring nonggerak, saacana menta dihampura ka balarea,rumasa make basa nu garihal karasana, supaya euweuh nu ngarasa dibeda-beda,kuring ngahaja make basa sunda nu ayeuna. Kuring nonggerak,teu ngarasa mikaboga elmu luhung ayana,kuring ngan ukur makhluk biasa, nu sapopoe kumalendang di alam dunya,nuturkeun cai kamana ngucurna. Kang Agus Pakusarakan, eta ajian kungsi jadi cecekelan sobat kuring, Ngan hanjakal dipake bari ngandelkeun bantuan bangsa kuring, eta oge nu teu ngarti kana aturan,da sabenerna teu meunang dina agama. Kuring teu wawuh jeung nu sabangsa kitu,kajeub ajiana kuring bias,lain mawa waluya.
Kang Iman, kuring hormat jeung muji kana kategesan anjeun ngeunaan Baduga (Siliwangi), keun urang teundeun mun manggihan nu beda,urang gedekeun jeung hijikeun nu sarua, sabab urang kudu taki-taki mapag mangsa kahareupna. Kuring bungah nu euweuh papadana,geuning loba keneh urang sunda nu nyekel kasundaana, eta tanaga nu teu leutik gunana,jang ngalengkah nimukeun deui jati diri sunda nu ampir euweuh dikieuna.
Sakali deui Kang Tirta, keun kuring nu rek tandang,teu kudu ngahaja datang ka Sancang,kuring ti Sancang tilu ngawakilan sakabeh sancang, kuring katitipan salam sadulur ti Ki Santang.
Kang Ema,tuturkeun we caritana,ke oge bakal pinanggih jeung anu kuduna,tuturkeun we caritana.
Kang Roche, budak cicingeun hayang disebut budak baong? Teu kudu hariwang kuring bakal sabisa-bisa noong, ke oge ngalaman nu sok rajeun ngaliwat kana pikiran,sugan jeung sugan ku Allah diijinan. Kuring muji kana pikiran nu panasaran, sabab bakal metot jelema jang neangan, ngorehan sesa-sesa nu bakal jadi cecekelan, ngarah teu kasasab ka alam kangeunahan. Kang Dekky Mulyadi, nu ngawakilan budak kiwari mentingkeun eusi nu pondok bari nyari,teu ngan saukur hayang kaciri, mugi pinanggih jeung jati diri. 17 Waliwis Bodas, hiber di awang-awang,boga hate nu kerep baluang,nuturkeun indung suku mapay- mapay alam anu ngambang, muga anjeun hirup mawa seungit kembang. Waluya, hiji ngaran nu diudag ku sakabeh jalma di dunya,hampura kuring teu wani muka anjeun boga sukma,ari teu diijinan ku nu mikabogana.
Netta, Sunda bakal pinanggih deui jeung kadigdayaan,asal urang teu poho kana wiwitan, teu miceun nu geus jadi ciri kasundaan,teu ngaleungitkeun jasa jalma nu kungsi ngagedekeun Pajajaran.
Kang Kumincir, hampura kuring teu pati apal anjeun saha,ngan kuring teteg na hate anjeun jalma nu moal ngasaha-saha,kuring aya ukur ngahaok supaya sunda ngarasa lain nu saha, ngajak urang sunda leuwih ngahareupkeun usaha. Nitip salam ka urang lembur,kudu bisa duduluran kajeun lain dulur,urang babarengan geura nyukcruk galur,muka deui jalan jang ngaraketkeun sakabeh urang sunda sing asa jadi dulur.
Ceu Roro, hampura mun kuring salah tetempoan,ngan kuring tetep gede harepan,teu kahalang umur nu geus elat-elatan,urang mangfaatkeun sugan teu kahalangan. Hampura kanu geus disebutan ngan teu kaburu dikorehan,sugan isuk jaga aya mangsa digeroan.
(Serat :26) Siliwangi & Ki Santang - Cirebon Menta Misah.
Cirebon menta misah lain kusabab Pajajaran lain Islam,aya hiji satria nu hayang leuwih meunang kakawasaan,ngahiji jeung karajaan tatangga nu geus lila mumusuhan, niupan hasutan supaya teu ngaku deui ka raja Pajajaran. Geus kasawang ku Siliwangi saacana, aya kajadian nu bakal ngarusak karajaana,kusabab Siliwangi boga hate nu wicaksana, milih malipir ngarah teu loba nu jadi korbana. Siliwangi geus teu pati ngagungkeun dunya, teu kabita ngan ukur ngudag-ngudag dunya,Siliwangi geus loba tafakur nyiapkeun bekel saenggeus dunya,ngarah tegep teger mun geus mangsana ninggalkeun dunya.
(Serat :27) Siliwangi & Ki Santang - Deudeuh Teuing Sunda.
Kajadian kaluar tina kepungan geus lain kaanehan,loba kaalaman ku jalma-jalma kiwari nu milu peperangan,kunaon bet dianggap carita bobodoan,padahal ngaleungitna eusi dayeuh harita bener kanyataan. Teu kudu bingung kunaon Cirebon menta pipisahan,kajeun sarua Islam tapi beda prakprakan,katambah aya hiji jalma nu hayang kakawasaan,nepi ka tega menta bantuan raja nu ngamusuhan. Teu kudu disumput-sumput ratu laut kidul milu ngarusak Sunda,da kajeun kumaha geus loba pisan buktina,komo dicampur-campur jiga ajaran agama,beuki jauh mengkol hate jalma. Ka sakabeh urang Sunda,nu ngaku atawa henteu anjeun Sunda,sakeudeung deui moal aya bangsa Sunda,sakeudeung deui Sunda tinggal carita. Kuring ngan ukur bisa ngajak nempo diri,kuring ngan ukur nitah geura nempo ciri,saencan leungit ieu nagari,jiga beuki leungitna ngaran Dewi Sri. Geura sosonoan kana kecap Sunda,sabab Sunda bakal euweuh dikieuna,jiga kacontoan ku loba bangsa di dunya,nu ayeuna ngan ukur tinggal ngarana.
Deudeuh teuing sobat kuring Siliwangi,sakitu kungsi boga ngaran anu wangi,geuning bangsa anjeun bakal leungit ti ieu bumi,ngabarengan leungitna dayeuh diteureuy bumi. Pileuleuyan Sunda,pileuleuyan Baduga,nasib anjeun teu beda,ngan ukur jadi legenda. Geuning nu wani teu loba,ngan ukur saeutik nu nyaah ka Sunda,moal cukup jang ngalawan angkara,nu hayang keungit ieu Sunda.
Ki Santang lain mahluk abadi,sarua jeung urang sarerea teu abadi,kawatesan ku umur nu ditangtukeun ku Gusti,boa isuk geto Ki Santang mulang ka Gusti
(Serat :28) Siliwangi & Ki Santang - Deudeuh Teuing Siliwangi.
Hiji mangsan lahir ka dunya hiji budak lalaki, leutik tur istuning ririwit eta budak lalaki, matak pikahariwangeun indung bapana, euweuh nu nyangka eta budak bakal terus aya dikieuna.
Ti leuleutik eta budak beda pipikiran, ngaleuwihan tina umurna, katempo beda jeung jelema sakurilingna. Siliwangi leutik niliktik hirup di alam pikirana sorangan, lolobana euweuh jalma nu bisa ngabaturan, kusabab loba pisan nu teu kaharti ku akal pikiran.
Mang taun-taun Siliwangi ngarasa sosoranganan, bongan mun mikir siga sakahayang sorangan, jiga nu teu malire kana omongan babaturan, kusabab Siliwangi bisa nyawang nu acan ka alaman.
Kersaning Gusti nu masihan widi, Siliwangi bisa marentah lemah-seuneu-angin jeung cai, boga kakuatan diri nu moal kaharti, Siliwangi gede jadi manusa nu bener-bener sakti.
Dina kahirupan nu loba sorangan, tungtungna pinanggih jeung nu sadia maturan, hiji makhluk nu beda kaayaan, istuning eta sobatna sabar ngabaturan.
Kapeurih dina kahirupana nu asa sosoranganan, ka ubaran ku hadirna sobat nu kerep ngadatangan, babaturan nu teu petot mamatahan, mere papatah nu mana nu meunang jeung teu meunang dilakonan. 19 Siliwangi leutik gubrag ka dunya, ririwit teu nyana bakal terus ngalalana, anging kersana Nu Maha Kawasa, kajeun jiga teu daya eusi awakna beda.
Siliwangi geus bisa ngahijikeun raja-raja satatar Sunda, anu cenah mah pangaruhna nepi ka Sumatra, kunaon saenggeus anjeuna tilar dunya, Sunda bakal ukur tinggal ngarana?
Deudeuh teuing anjeun Siliwangi Raja Sunda, dibere gelar anu mere wawangi ka nagari Sunda, ayeuna bet aya nu norehkeun anjeun ngarusak Sunda, nepi ka tega anjeun disebut mawa angkara murka.
Bener anjeun lain jalma sampurna, ngan kuring apal anjeun gede jasana, bisa mingpin Sunda nepi ka puncak jayana, bisa ngawangun tatar Sunda nu dipikaseuseub kutatanggana.
Deudeuh teuing Siliwangi sobat kula, geuning nu ceuceub ka anjeun beuki dieu beuki loba, geuning ngan saeutik urang Sunda nu masih keneh ngarasa anjeun urut raja Sunda nepi ka euweuh rahayat Sunda nu apal anjeun dimakamkeun dimana. Geura ngaca ka nagari Cina, nepi ayeuna apal tulisanana, bari susulumputan na jero hatena ngajungjung carita raja-rajana, teu kawas urang Sunda nu teu apal tulisan Sunda kumaha, jeung na jero hatena embung ngaku carita rajana.
Kuring ngan ukur bisa ngalengis bari nyurucud cimata, ngaheruk nuturkeun carita anjeun ayeuna, mun anjeun ayeuna aya keneh dikieuna, istuning anjeun bakal ngahelas kungsi diborojolkeun ka dunya.
Haturan simkuring Suadma, Haturnuhun kuring disebut Aswatama, kuring bungah disangka ngarang-ngarang carita, kuring ngan ngajak aranjeun geura nyaring jadi urang Sunda jiga baheula.
~Wassalamu’alaikum wr wb..
Kuring Nonggerek~
(Serat :29) Siliwangi & Ki Santang - Tanda Kembang 1.
Sampurasun,kuring ti Sancang Pakidulan, hampura kuring teu bisa nyebutkeun ngaran, sabab aya nu keur ditungguan, mantuan nu ngoreh dina pasesaan.
Kalakay jeung tutunggul, meunang pancen beurat kudu dipanggul, bari kudu pageuh leumpang lempeng luhur tanggul, bari keukeuh sirah kudu tungkul.
Kuring Kule, kuring ngagiring ieu jalma, ngarah bisa muka nu geus lawas teu bisa kabuka. dayeuh muka digantian ieu kembang.
(Serat :30) Siliwangi & Ki Santang - Tanda Kembang 2.
Sampurasun,kuring ti Sancang Pakidulan, hampura kuring teu bisa nyebutkeun ngaran, sabab aya nu keur ditungguan, mantuan nu ngoreh dina pasesaan.
Kalakay jeung tutunggul, meunang pancen beurat kudu dipanggul, bari kudu pageuh leumpang lempeng luhur tanggul, bari keukeuh sirah kudu tungkul.
Kuring Kule, kuring ngagiring ieu jalma, ngarah bisa muka nu geus lawas teu bisa kabuka.
Kuring ngawakilan maung hideung, nu loba kapanggih di tengah leuweung, kuring kapaksa nyumput bisi dititah jalma teu hideng, nu sarakah menta muka sesa nu dihandeuleumkeun.
Kuring mawa Tanda Kembang, jang nunjukeun ieu jalma wawakil Sancang, ke dina mangsana nyanghareup tempat nu dianggap Siliwangi ngahiang, dayeuh muka digantian ieu kembang.
Kuring ngawakilan maung hideung, nu loba kapanggih di tengah leuweung, kuring kapaksa nyumput bisi dititah jalma teu hideng, 20 nu sarakah menta muka sesa nu dihandeuleumkeun.
Kuring mawa Tanda Kembang, jang nunjukeun ieu jalma wawakil Sancang, ke dina mangsana nyanghareup tempat nu dianggap Siliwangi ngahiang,

Carita Sindangkasih

Ku, Didi Supriyadi
Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay carita nu baheula, ngenaan silsilah atawa cikal bakal carita Nyi Rambut Kasih sok sanajan aya sababaraha versi carita rahayat ngenaan Nyi Ambet Kasih atawa Nyi Rambut Kasih salah sahiji nu rek kukuring dipedar, numutkeun carita para pujangga sunda, sareng sesepuh urang nu masih jumeneng, jeung nu geus teu aya dikieuna, miheulaan ninggalkeun urang nu masih kumeledang di alam marcapada nu masih ngarandapan rasa lapar, hareudang, tiris, turta panas jeung lian-liana.
Baheula ditatar pasundan leuwih merenahnamah di daerah kabupaten majalengka, kungsi aya sababaraha karajaan leutik, nya di antarana nu katelah karajaan Sindang Kasih, nu di pingpin ku salah saurang ratu nu kakoncara arif turta bijaksana, para ratu mikayungyun para menak mika serab, kolot ngasor budak era, dipikadeudeuh ku deungeun-deungeun, nya nu jadi papayung eta karajaan nu katelah Ratu Ayu Nyi Rambut Kasih, atawa aya oge nu nyebat Nyi Ambet Kasih.
Ceunah ceuk jalur carita Anjeuna salah sahiji ratu nu kawilang geulis kawanti-wanti, endahna kabina-bina, geulis lain pupulasan istuning geulis bawa ngajadi, jangkung leutik camparenik, ceuk paribasna mun di teuteup ti hareup sieup, mun di tingal titukang lenjang, geulis teu aya babandingan kulit koneng umyang, mulusna lir bulan opat welas teu katutup ku awan istuning matak reseup nu neuteup. kaluhungan budi paranginamah geus pasti da anjeuna teu weleh marahmay kasasaha oge.
Kaistimewaan liana nyaeta anjeuna ngagaduhan rambut nu kacida panjangna, eta rambutna ngalangkungan panjangna ti wanoja-wanoja nu ngagaduhan rambut panjang, saking ku panjang-panjangna eta rambut mun anjeuna bade sidengdang atawa moyan merlukeun sababaraha gantar kanggo moyan keun eta rambut, nya kulantaran ngagaduhan rambut nu panjang sarta endah pisan nya sok di sebat Nyi Rambut Kasih.
Salaku papayung nagara anjeuna pada mika serab sarta dipicinta ku sakumna hamba rahayat di eta nagarana, ku lantaran anjeuna molah nagara arif tur bijaksana, Karajaanna anjeuna kaceuluk ka awun-awun, kakoncara kajanatria, karajaan nu subur makmur, gemah ripah loh jinawi, sepiing pamrih rame-ing gawe, sepi paling towong rampog. ceuk paribasana.
Rahayat nu di polah ku anjeuna aya dina katemtreman, kahirupan rahayatna, bener-bener silih asah, silih asih jeung silih asuh, rempug jukung sauyunan, pikeun pangwangunan, kulantaran kitu nya nagara anjeuna mangsa harita, ku nagara lianna di sebat "Sugih Mukti" Nu Artina Nagara beurat beunghar. Kahirupan Rahayat di nagara Sindang Kasih kalolobaanna tina tani jeung palawija, sedengkeun keur kaperluan sandangnamah sok ninun kapas nu loba di pelak di pakarangan imahna sewang-sewangan atawa kebonna.
Disisi basisir lamping, nu subur, maranehna oge marelakan tangkal tiwu pikeun pigulaeun, mun di leuweung-leuweung atawa kebon-kebon, ku anjuran Sri Ratu Rambut Kasih di khususkeun melak Tangkal "Maja".
Tangkal Maja ieu tangkalna lalempeng jeung deui jararangkung, daunna lalaeutik rasana pait, tapi khasiatna mujarab pikeun ubar panyakit. buahna loba bentukna kawas buah kawista, cangkana emoy, mun geus asak rasa buahna hampir sarua jeung boled nu di seupan atawa di bubuy.
Sok sanajan kitu geus pasti anjeun Sang ratu teu molah nagara sosoranganan. anjeuna di bantu ku tilu patih nu kawilang satia, nyaeta : Ki Patih Gedeng Kulur, Ki Patih Gedeng Cigombang, sarta Ki patih Gedeng Mardapa. Tilu patih ieu mangrupakeun pangawal satia dina sajeroning ngagerakeun roda pamarentahanna sapopoe, Khusuna di widang miara kaamanan sarta katemtreman sakumna rahayat nagara.
Dina hiji poe saperti ilaharna, katilu patih eta mandep ka sang ratu, pikeun ngalaporkeun hasil gawena sewang-sewangan, sakaligus ngantos titah ratu salajengna, kumaha paman.
Aya kabar penting perlu di pika nyahokeun ku kuring dina danget ayena? Tumaros Ratu Ayu Rmabut Kasih arta pertela sarta wibawa. "Ampun gusti ratu, ku ayenamah aya dina ginajar kawilujengan" walerna Ki Gedeng Cigombang bari cedok Nyembah.
Maksudna paman?” Nya maksudna kaayaan nagara teu kakirangan naon-naon, Patih Cigobang ngajelaskeun deui satarabasna kaayaan di nagara sarta rahayatna, Nya syukur ari kitumah, terus kumaha ti paman-paman nu sejena? Tanya Sri Ratu,
Sembah sungkem Sri Ratu" Ki Gedeng Kulur Cumarita,” tina panalungtikan kasababarahan daerah, simkuring mendadakan hiji kajadian nu kacida pentingna. Sakuman rahayatmah aya dina kaayaan nu bihara-bihari , tapi aya di hiji padepokan wetan neun aya hiji sawah nu kaserang hama beurit"
"Naon Beurit?"eta laporan kacida pentingna, paman,"selang Sri ratu bari daria temen. O'Enya' punten Sri ratu" susul Ki patih Gedeng Kulur mangun humar hemir." Tapi simkuring atos marentahkeun Pak Kliwon pikeun nanggulangi poe ayena pisan.
Leres Pisan ari kitumah' Paman Patih.Urang emang teu bisa cicing kitu wae naon wae hamana nu rek ngaganggu kana pepelakan rahayat urang. Nu paling utamanamah pare, Kusabab mun pepelakan beak ku hama maranehna bakal ngarandapan kalaparan, mun maranehna geus kalaparan, tangtu saisi nagara pasti kana paburantak, urang kudu bener-bener pikeun ngahidar tina kaayaan sarupa kitu, Ucapna tegas.
Leres pisan sandika ratu" kulantaran kalolobaana rahayat urang hasilna tina pepelakan, jadi aranjeuna teh mangrupakeun, Soko tina Guru perekonomian di nagara urang, lamun sokona kuat, tangtu kaayaan nagara ge bakal repeh rapih, beh dituna subur makmur, tapi sabalikna mun sokona lemah, tangtuna oge bakal kacau, atawa hancur lebur kari tulis, iyeumah pangemutan simkuring jalmi teu aya kanyaho...," Ceuk Patih Gedeng Mardapa" Nyi Rambut Kasih ukur ngageulenyu imut, (Mesem)
"Leres pisan paman, nya kulantaran ayena giliran paman patih Gedeng Mardapa ku anjeun, sok boh bilih aya nu bade di laporkeun" saur Sri Ratu.
Ki gedeng Mardapa nu tadi teu di titah geus nyeleungkeung ari ayena di titah malahan humar hemir kapiasem, Eu...., Eh...Oh...Aduh kumahanya, Ampun Sri Ratu Simkuring mah teu gaduh Beurit...eh...punten.simkuring mah ngan ngantos panitah Sri ratu saterasna, Ki Patih Gedeng Cigobang sareng Ki patih Gedeng Kulur, silih siku, bari teu kuat nahan pikaseurieun, ningali tingkah pola baturna.
Dasar Bodor Manehmah....ngaco wae akh..bari ngawarewos Ki patih Gedeng Kulur.." Heeh... Nganguk Ki patih Cigobang.
Nyi Rambut Kasih nyalira ngan ukur mesem imut ngageluyu ningalikeun tingkah polah bawahana. Nya ari kitu mah," Sri ratu sasauran' ti danget ayena paman ku kaula rek di bere pacen sewang-sewangan sakumaha biasana tur ilaharna mancen tugas tapi kade sing iyatna tong cileureun, sing caringcing pageuh kancing sing sariket pageuh iket, bisi aya nu teu disangka-sangka. kudu waspada.
"Muhun Kaulanun gusti, parentah ti Sri ratu kantos bade di laksanakeun nu salers-leresna, nya atuh nuhunkeun widi mangga abdi tiluan bade ngalaksanakeun sakumaha tugas ti Sri ratu, Sembah Tilu Patih Karajaan Sindang Kasih, ninggalkeun karaton'Seja ngalaksanakeun tugas sewang-sewangan" Tilu patih nu satia lumampah katempat tugasna sewang-sewangan.
Sarangenge geus meletek pabelah wetan tanda-tanda kahirupan nu bakal lumangsung nyaksian hade jeung gorengna mahluk nu kumalendang di alam marcapada ieu, panonpoe nu endah sarta sawara manuk-manuk nu recet unclak-anclok tina dahan kadahan, lir ibarat nu ngabageakeun datangna mangsa beurang, nu ngaganti jemplingna mangsa peuting. Hayu urang tinggalkeun heula karajaan Sindang Kasih Nu kacida aman sarta kerta raharja nu di pimpin ku Sri Ratu Nyi Rambut Kasih, urang teundeun di haleungleum sieum, urang tunda di hanjuang, paranti nyokot, ninggalkeun mangsa datang urang sampeur deui.
Sakedap urang ningali ka kasultanan cirebon, nu mangsa baheula ka asup Karajaan tohaga, sarta Gede nu aya di tataran pulau jawa. Mangsa harita nu ngemban tugas salaku papayung atawa sultanna nyaeta salah saurang guru Agama Islam, nu kadieunamah kasohor salaku salah sahiji di antara Wali Sanga (Sembilan Wali). Namina Raden Fatahillah, nu ayena sok di sarebat Syekh Syarif Hidayatullah atawa Sunan Gunung Jati.
Dina Hiji mangsa, di tataran kasultanan Cirebon katerap hiji panyakit nu kawilang ngabahayakeunana, panyakitna panas tiris timbul tina wabah malaria (Reungit). Mangsa harita tataran cirebon, cuacana panas nakeranan, masih cukul pasir, rea rawa-rawa, rawa eta di kulantaran ngarembes cai laut atawa cai hujan, cai nu nyumplang tur jadi cileuncang nu ngajadikeun tempat eta jadi becek sarta kotor, ngajadikeun loba reungit malaria, nu antukna panyakit eta nyebar ka manusa-manusa nu aya di tataran eta. Cirebon teu pati geger atawa ngamarudahkeun nu lian, ku sabab Jumlah nu beunang ku panyakit eta masih beunang kaitung ku ramo, Lila beuki lila jumlah nu ngarandapan wabah malaria beuki loba, antukna, tina poe ka poe aya wae nu tilar dunya, dimana-mana kaadenge nu ting jareurit geus puguh ari nungaradap ka nyeurinah di tambah deui ku nungguanana, ngingsak ningali kulawargana nu keur sakarat rek ngantunkeun dunya.
Bingung teu mangih tungtung, susah teu manggih hinggana kanggo Sultan Syarif Hadayatullah dina sejeroning nyanghareupan kana iyeu kajadian nu tumiba kanagarana sarta rahayatna, mingkeun poe-mingkeun loba nu kaserang wabah eta panyakit, ti cara usaha ku jampe pamake, dadaunan nu ngadung obat, Nepi kana hiji poe sultan ngerahkan sakumna bawahan sarta rahayat pikeun ngayakeun gerak sehat.
Urang teu cukup ngubaran wabah panyakit atawa jampe-jampe, tapi teu di barengan usaha, Nah' Ayeuna urang kudu ngancurkeun panyakit nu ayena keur sumarambah jeung deui lain panyakit ieu wae tapi kabeh panyakit ku urang kudu di singlar, mun ceuk kaUla mah" datangna panyakit nyaeta ti diri urang keneh, nu lalai tina kawajiban,miara kebersihan, sarta kasehatan, Padahal Kebersihan teh sabagian tina iman," sasauranan dina hiji wejangan.
Salila ieu urang ngan ukur mentingkeun eusi beuteung, sedengkeun miara kebersihan sarta kesehatan dina lingkungan urang teu di palire di api lainkeun, Ieu dosa urang, dosa nu katingalna leutik, tapi bahayana gede keur urang, "Leres pisan kanjeng sultan. abdi-abdi sadaya sadar ayenamah kana peuntingna kabersihan" Jawab hamba rahayatna..
Nya kulantaran ayena urang sadar yu..!!! urang tobat sarta tawakal Ka Pangeran Nu Murbeng ALam, Di barengan ku isthiar ngabersihan lingkungan urang, moga-moga Anjeuna kersa masihan kasalametan sarta kasehatan ka urang sakumna... Amin...!"
Kusabab geus sadar sarta bener-bener tobat rahayat rempug jukung sauyunan geusan ngalakukeun kagitan beberesih,runtah dadaunan sarta rawa-rawa di garingkeun, nepi ka bolenang lesnang ceuk paribasana. Lingkungan geus bersih, jukut, sampah, jeung liana sakira matak ngtoronan di beakeun kabeh,tapi anehna panyakit tetep ngagalaksak ka rahayat, sok sanajan sarangna geus atawa bibitna geus ancur, tapi wabah tetep nyebar diantara rahayat.
Ayena teu aya jalan deui salain ngubaran babarengan, Di emutan Syekh Syarif Hidayatullah atawa Sunan Gunung Jati dina hiji peuting, mikiran rahayatna nu tunggara ngarandapan panyakit nu beuki dieu beuki rongkah. Nya dina hiji peuting Sunan Gunung Jati ngalakukeun "munajat" kanu kawasa Allah SWT. nuhunkeun pitunjuk pikuen nyanghareupan pakewu nu sakieu rongkahna.
Kulantaran Sunan Gunung Jati saurang wali nu Agung teulila tiharita ajeuna menang ilham, kanggo panyakit nu di randapan ku sakum rahayatna, nya ubarna keudah ku buah Maja"nu aya di tataran Karajaan Sindang Kasih, di belah kuloneun cirebon.
Saparantosna Anjeun kenging Ilham kanggo piubarreun, Kanjeng sultan nitah pangawal pikeun ngangkir putra Pangeran Muhamad kanggo deudeuheus ka anjeunna. Mangga,! Kanjeng" Di estokeun pisan danget ayena simkuring angkat pikeun ngalksanakeun tugas nu di pasihkeun ka simkuring" Kata Ki Hadam, Bari ngolong ti payunen Kanjeng Sultan seja nyumponan tiah kanjeng pikeun ngangkir pangeran Muhamad.
Teu lami' tiharita Ki Hadam tos aya di payuneun kanjeng Sultan deui Bari di sarengan Ku Pangeran Muhamad" Singketma ieu carita Sunang Gunung Jati miwarang putran pikeun ngadokapan ka karajaan Sindang kasih pikeun milangsaraya ka papayung eta nagri nu katelah Nyimas Ambet Kasih.
Yu urang balik deui ka ieu carita ngeunaan karajaan Sindang kasih, nu ka telah nagri sok sanajan karajaan berat beunghar, teu kurang sandang sarta pangan, Ratu Ayu Nyi Ranbut Kasih katingalna mingkin giat dina molah nagri, seba raga ka nagara, pikeun kamakmuran jeung kasajahtraan rahayatna. Dina mangsa harita rahayat di karajaan Sindang Kasih, teu nepi kakurangan komo belah dituna nepi ka paeh kulantaran teu manggih dahar.
Tapi geus jadi titis tulis ti ajali, ngeunaan urang nu kumelendang di alam marcapada, ngan sifat saliwatan, Aya beurang aya peuting, susah jeung senang, eta mangrupakeun hukuam alam nu moal bisa di robah ku urang salaku mahklukna, Nya kajadian ieu oge tumiba ka Sri Ratu NYimas Ambet Kasih.
Nalika keur Senang, Tentram, Kerta raharja Gemah ripah loh jeinawi, mingpin nagri ngolah nagara. dina hiji peuting anjeuna ngimpen. Dina Impenanna Anjeuna sapertos Ningali 2 Panonpoe Lungsur ti langit Nyaketan Karaton Karajaan Sindang Kasih. Lungsur ti belah wetan, Tapi anehna sok sanajan 2 panonpoe teu ngarasakeun panasna, nu katingalna ngan endahna sareng bentukna. Kulantaran katarik ku endahna, nya timbul dina keretegna pikeun menangkeun salah sahiji ti 2 panonpoe eta, ngan teu beunang, kulantaran kesal teu beunang-beunang antukna di ancurkeun eta panonpoe, tingburasat silalatu mancawura kamana-mana, kakaraton kabeuleum rata kabeh jeung pangeusina, tapi untung aya salah sahiji imah nu teu kabawa kabeuleum, Anjeun lugay tina kulemna nalika rek lumapat nyalametkeun diri.
Beu...meni ajaib jeung rongkah eta ngimpen teh..Gerendengna Nyimas Ambet Kasih, nalika Anjeuna tos lugay tina kulemna, kahariwang, kasieun, antukna sumarambah kana bayah, Anjeuna, sok sieun impenan eta mangrupakeun firasat atawa mangrupakeun kila-kila. " Ahh..mudah-mudahan we impenan bieu ngansakadar kembangsare".
Asalnamah Anjeuna Teu pati mirosea kana eta Impenan, tapi keukeuh teu bisa pohokeun, mingikin di pohokeun mingkin Inget, Nya eta Impenan teh Jadi kabayang wae, kusabab kitu jadi ngarasa pansaran turta hariwang" boa-boa memang bener eta Impenan teh mangrupakeun firasat' ngagerendang dina sajeroning hate.
Mungguhing kersaning gusti, pangeran gamapangen pisan pikeun mulak-malik ieu kahirupan di alam marcapa, tina sangsara jadi ngeunah, kitu deui sabalikna, nya kaayan eta oge dirandapan ku karajaan Sindang Kasih. Nu asal muasal dongkapna Raden Muhamad sareng garwana Siti Armilah Ka Karajaan Sindang Kasih, kulantara ngabahu denda panitah ramana nu miwarang milangsaraya ka karajaan Sindang Kasih, ngeunaan mundut buah maja nu aya di Karajaan Sindang Kasih pikeun ubar panyakit nu tumiba ka sakumna rahayat kasultanan cirebon.
Nyi Siti Armilah antukna netep di karajaan Sindang Kasih pikeun nyebarkeun dugi ka ngantunkeun tilardunya makomna di sisi walungan Citangkurak, nu mangsa jaga makomna bakal jadi wewengkon tempat papayung nagri pamarentah daerah majalengka, ny dugi kaayena makomna Nyi Siti Armilah di pengkeren kantor pamarentahan Majalengka.
Satosna di kantunkeun ku Nyi Ambet KAsih "Ngahiang" karajaan Sindang KAsih seur nu ngajugjug ti kasultanan cirebon jeung mataram pikeun nyebarkeun Agama Islam, nu ayena geus ganti ngaran jante Majalengka. Carita "Ngahiangna" Nyi Ambet Kasih sumembar mangrupakeun carita rahayat kanggo masyarakat Majalengka, sarta keur kasaktianna ngarupakeun kapercayaan nu masih gede pangaruhna pikeun masyarakat majalengka kulantaran sok loba ngawenehean keun mendakan teu apal timana datangna ngawujud wanoja nu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina, kadang-kadang aya oge nu nepi ka gelo, atawa geuring nu numutkeun kapercayaan di ganggu ku rohna Nyi Ambet Kasih atawa sok disebat Nyi Rambut Kasih. Wallohu,alam bisawab.

BENTANG CAKCAK JEUNG KURING

BIASANA mah tina jandéla kamar kuring nu teu weléh muka tengah peuting, sok katangar aya panon anjeun na béntang nu cungelik nyorangan siga nu ngahaja rék maturan kuring nu sarua keur nyorangan.
Kuring sok jongjon neuteup béntang nu keur neuteup kuring, sok jongjon neuteup diri, jongjon neuteup rohangan 3×3 méter kamar kuring, jongjon nulisan diri ku geutah peuting nu nyalangkrung na tungtung panon. Kuring sok kajongjonan sabot jongjon nyeuseup seungit peuting nu ngusikeun béntang jadi panon anjeun.
Béntang téh teu maturan peuting ieu mah. Teuing kamana. Langit lénglang, cahya bulan ti jauhna nyaangan. Lieuk kana jandéla, lieuk kana langit, weléh béntang téh euweuh.
Kamana atuh béntang téh, na bet kapélét ku kiceup anjeun ieu téh? Ah, rék mencrong lalangit wé, bongan anjeun euweuh. Tuh siah aya cakcak dua keur otél jeung baturna, sigana jalu jeung bikang. Kumaha nya lamun cakcak jaluna téh anjeun, cakcak bikangna téh kuring?
Kuring jadi cakcak, ngarayap, nyaplukan reungit, otél jeung anjeun, silih toél, silih sogot, silih udag, silih pencrong. Siga jeung béntang sok silih teuteup.
Lieuk kana jandela, lieuk ka langit. Euweuh béntang téh. Lieuk kana lampu nu nyengcelik. Bet siga anjeun, ngan ieu mah beureum. Boa enya anjeun, ngan keur beureum, teu siga sasari hurungna téh ngempray. Lain, da anjeun mah tara beureum, moal enya anjeun beureum, herang wé anjeun mah da béntang.
Cahya bulan euweuh. Langit mongkléng. Béntang gé ngadon euweuh deuih. Ih. Kamana atuh béntang. Langit taya baturna. Taya sasaha nu kumelendang. Taya sasaha nu lumampah. Taya sasaha, najan ukur ngaliwat. Taya sasaha ari euweuh anjeun mah. Aya gé tembang pamungkas siaran radio ngagalindeng nutup acara lekasan.
Jep radio jempé. Teu lila lampu beureum radio pareum. Lampu beureum nu siga panon anjeun. Béntang euweuh, nu siga panon anjeun gé euweuh. Kuring ngahuleng.
Lilin gé euweuh nu sok biasa marengan. Béak didahar seuneu. Seuneu téh ayeuna mah sok sagala didahar. Ka lilin-lilin didahar. Ceuk paribasa mah réla berkorban demi penerangan. Enya kitu? Keun wé lah rék kukumaha ogénan, moal dipikiran. Kuring mah keur nganti béntang ieuh, béntang nu siga panon anjeun.
Sedot, kuring nyeuseup haseup langit. Langit minuhan genggerong. Sugan na genggerong mah langit téh aya baturna. Sugan aya béntang. Sedot, kuring nyedot deui haseup langit. Langit minuhan sirah. Sugan langit na sirah mah aya béntangan. Weléh euweuh. Euweuh béntang di langit mamana gé. Kamana atuh béntang téh?
Tutup wé kitu jandéla téh, bongan béntangna gé euweuh. Langit wé mongkléng, keueungeun diharudum sarung hideung. Enya, tutupkeun jandéla téh, ceuk haté. Tapi suku mani asa beurat ngaléngkah. Kuring kalah haben nyeuseupan langit, sugan langit pindah kana sakujur awak, minuhan tulang minuhan getih. Sugan aya béntangan, ari langit na awak mah. Kamana atuh béntang téh? Nu siga panon anjeun téa geuning?
Kuring mencrong deui lalangit. Cakcak aya kénéh, ngan nyorangan ayeuna mah. Teuing jaluna teuing bikangna. Cicing wé ngahéphép, teu otél siga mun aya baturna, teu utek buntut-buntutna acan. Kunaon cicing waé sih? Papaéhan kamu téh? Na pédah naon make kudu papaéhan sagala? Cing, pédah naon? Sok we papaéhan. Teu, teu percaya. Kamu mah ngajak heureuy lah. Ekting lah. Nyaho kuring gé, wéw.
Ah, lieur sorangan. Ngabandungan cakcak angger ngajeten. Mani teu ngaréspon. Teu usik teu malik teu jungkir-jungkir acan. Teu soraan deuih. Cakcak, cakcak. Jaman kiwari mah cakcak gé ngalarti cacak teu disakolakeun gé. Nyaho kuring mencrong téh manéhna ngadadak jadi patung. Kunaon cakcak bet jadi patung nya? Keun wé kétah rék jadi nanahaon gé, moal dipikiran. Kuring mah keur nganti béntang ieuh. Kamana atuh béntang téh?
Naon ieu nu muter na sirah, ratug na angen, nyaliara na sakujur awak. Rey, saawak-awak ngarey, urat-urat kagetihan deui, éngsél-éngsél kalendor deui, langit muntel sakujur awak, langit muntel jagat, langit sakabéhna, langit nu ngarep-ngarep béntang.
Teu kudu ditutupkeun jandéla téh, keun wé ah sing muka. Ngarah hawa tumaninah turun unggah. Keun sakeudeung deui peuting ge bakal salin rupa jadi beurang.
Ké, ké, engké beurang béntang bakal aya moal nya?
Hhh, kamana waé atuh manéh téh, hah?
Cikunten Indah, Maret 2002
Anggi Sri Wilujeng, lian ti pangarang, ogé resep maén jeung nyutradaraan dina pentas téater. Kiwari matuh di Ciamis, ngokolakeun Sanggar Kembang Saga (Kelompok Belajar Mengarang Sastra Galuh

PANGKUR

Ku: Asep Idjuddin


Nu ngalalana, muka beurang ku kahayang, ngintip burit ku pamikir, nunutur isuk ku suku, nyanding peuting ku hariring. Taya wates kasugemaan, salilana kasaba halabhab rasa. Seubeuh ukur neundeun reureuh, taya panutup nu tangtu. Lir nu nginum cai laut, batan seger anggur jeger, kasiksa ku kalangkang.


Nyorang nu meunang mamantes kungsi mapaesan ngimpi, disuganan anggur mengpar, diarep-arep tilelep, nu ambucuy matak uruy, horeng kalayar molelel. Tapi kapok ngan sapajodogan, panyurung nu nyurungkuy ngurud sakur tunggul huru. Estu teu bina ti kalakay, kumaha angin jeung cai. Ana mulang ngalongkewang, taya pamatri kamari. Reureundahan selang tangkal, ngulisik pedah geus busik. Sakapeung bijil kaduhung, teu lana ku pangbibitan, unggal muka unggal asak, kawas kabobodo tenjo kawas kasamaran rasa, dikucuprak mah, atah kabeh.


Sawindu nyuhun panghurun, nyundul padumukan tihul, dalapan warsa kabawa, taya daya kumawasa. Padahal unggal renghapan balatak nu ngaheroan, saincak-incak ngajagang, kari milih kumaha karep. Komo mun aya wahana, kawas ngadadak sumerah, nu diudag kasenangan nu teu lana. Hayang deui lapar deui, pabaliut jeung hanjelu mipit sesebitan ati, mipir kanyeri nu pulang anting. Sakalieun nenggak, ngalungsar kawas banusan, rumenghap bagja satapak.


Indit nyingkahan karudet, neang bagja sakedapan, murudul duhung panungtung, da lengkah sasab jajahan, mabal kana lahan angar. Padahal aya panghalang nu mo bisa ditaragal, najan sakapeung mah poho, apan umur diukur, nafas dialas, paselang gancang jeung laun, lir buludru numpuk cucuk. Naha mun nepi ka waktu, moal murungkut ku hurun? Lesot tina hiji dahan, ngait kana dahan sejen. Babakalan jiga enya, horeng atung eneh atung eneh. Katambias surat kayas. Mawa koredas bobodas rasa, ngagenclang cimata sutra. Tapi ukur ngalieuk sakeudeung, balik deui-balik deui. Teu eungeuh leumpang teh teu nepi-nepi. Padahal unggal waktu nutug kana pangbalikan, paribasa panjang umur kalangsu ku urut tutur, ray poe ray poe dicontangan ku kahayang, ku kalangkang, nu mawa bagja sakedapan. Manehna ge mindeng ceurik kalan-kalan jero ati, teu langka katembong ngembeng, tempo-tempo kasurung ku tangtung duhung, katambias ku rumasa, mindeng suda dahar suda sare, najan lain kuru cileuh kentel peujit. Tapi kapaksa ku tumarumpang, nginjeum nyawa nginjeum raga, najan teu pok ijab kabul, tapi da sidik injeuman. Hartina taya iwal, keukeuh kudu dipulangkeun. Nu ngait kana ati binarung rasa sieun tan wangenan, eta mun nginjeumna beresih ari tempo dipulangkeun kotor. Rek naon nu jadi kelah mo bisa diulah-ulah mo bisa diembang-embung, geus niba kana patokan, sakur pamulangkeun kotor nya tetep kudu diseuseuh, dina umpalan letah nu meredong. Lamun ngukur babandingan, lain bantrakeun nu wawayagon, da puguh jauh bedana. Kiwari make tangtungan, sapoe sapeuting 24 jam, dina waktu nyeuseuh injeuman, keukeuh matok sajam teh lima rebu taun.


Sacara matematis geus kajudi, mun kudu titereb 6 jam hartina tilu puluh rebu taun, padahal dina tataran normal kiwari saabad ge saratus taun, jadi panalekna sabaraha abadeun? Rek kuat kitu, bari nyandang wirang jeung kanyeri nu taya watesna? Apan moal maot deui. Da dibebaskeun tina maot, moal aya hiji oge malaikat maot nu wani nyampeurkeun, sabab tugasna geus rengse, malah apan para malaikat maot, ge milu maot. Mun nu sejen dihudangkeun ku hujan mani, malaikat maot mah jeung milyaran anak buahna teu rengrot teu usik ku hujan eta, da hujan eta mah husus keur nu boga raga, boga nyawa, boga ruh. Nya kitu hayawan jeung tutuwuhan ge moal aya nu kapangaruhan da najan dibere raga jeung nyawa, taya nu kabagean ruh.


Eta kabeh ukur dijieun catetan, henteu dijieun patokan. Kangaranan catetan tea, mindeng poho batan inget, mindeng kaliwat batan kabaca, malah tempo-tempo catetanana ge leungit. Buktina rarungsing ngabarungsinang, mun dibere inget sangkan nempo catetan. Ngadadak ngajaul jagjag semu jumago, pikeun mindingan ka-hengker-na. Ngarah teu kapiteng hengker, kapaksa sagala rujad, dan tunggul dirarud catang dirumpak. Benteng kedeplik nu geus ngipisan mah komo deui, katojos ku kuku ge tobros. Tobrosna benteng bareng jeung bijilna dajal (najan incu buyutna), tuluy ngadurukan lebah dada. Atuh mokaha heabna teh mawa sangar satungkebing langit hideung, satangkaraking jagat nirca.


"Jadi rek kuma atuh pikarepeun?" ceuk Kalangkang nu salawasna nutur-nutur.
"Ah kuma behna we, da kuring mah usik aya nu ngusikkeun, raga taya pangawasa. Komo nyawa sasampiran awak ukur sasampayan." tembalna asal calangap.
"Har pan lain ukur nyawa jeung raga, malah diinjeuman ruh sagala, otak jeung akalna, panon jeung awasna, ceuli jeung dengena, letah, kulit jeung rasana. Enteng atuh ari embung nyanghareupan balitungan mah." jawab Kalangkang beuki deukeut.
"Lain embung, da mo bisa dipondah, ngan seunggah..." cenah.
"Nya heueuh sarua we. Licik atuh, daek nyuntik embung disuntik. Kuduna geus dibalitungkeun ku sorangan, samemeh niba kana balitungan Nu Maha Adil. Moal leuwih moal kurang, saayana, saujratna. Ngan pedah geus aya papasingan. Nu kaburu nyungkur tobat, dipupus, nu ngait sagede siki sasawi, samenit, sagede siki jambu sapuluh menit, sagede siki kadongdong saparapat jam, tuluy we dumasar kana umpakan pagawean, nyanding umpakan wawales. Ngimbang tumpukan hadiah." pokna.
"Tah enya eta nu jadi seunggah teh, da rumasa teu pantes ngimbang hadiah, tapi ari nyanding wawales, teu parurun, da..." jawabna teu kebat.
"His taya ti dituna bisa ngolembar, kudu cara baheula geuning mani panggagahna, pangjagina, pangwanina, taya nu dihiding; ulama dibura, ajengan diherengan, santri dipiijid, pamarentah dibantah, kulawarga dibibira, mun aya nu kumawani ngelingan teh, malah nepi ka wani nyalahkeun Nu Kagungan, ku cara goreng sangka. Cing buktikeun, pan ceuk anjeun keneh, wani migawe, wani tanggungjawab. Batur mah ukur runtah, anjeun sorangan nu bener mah lin?" kalangkang teh nunjuk rorek.
"Heu da beda alam, beda angin, ayeuna lain baheula, baheula lain ayeuna. Piraku wates baheula dipake ayeuna, bari nu ayeuna disingkirkeun." tembalna.
"Lain kitu, tapi moal aya ayeuna mun euweuh baheula. Aya ayeuna sabab aya baheula, aya tunggak aya watang, ceuk Amanat Galunggung ge. Hartina lain nu baheula make ukuran ayeuna atawa sabalikna, tapi kalakuan baheula dihukum ayeuna make parameter nu geus ditangtukeun. Bisa parameter baheula, luyu jeung nu dipilampahna, bisa parameter ayeuna, pedah geus robah, bisa oge tunggalan dua parameter. Tapi najan kumaha wae. Titik panginditanna mah geus pasti; nu salah dihukum, nu bener dibere hadiah. Pek wae rek kukumaha ge da moal ngarobah eta kapastian." Kalangkang beuki negel.


Wirahma Kinanti nyalin jinis jadi Kidung, mengpar lana Magatru tungtungna ngucuprak Pangkur, ambek nyedek tanaga midek, kasieun geus miheulaan lumpat nyunyuntrung panggulung, lir gulang-gulang kabandang dina lilingeran kukulinciran. Hese atuh, sasab sagala nu rumengkak dipenta tanggungjawab, sagala nu dumadi diperedih panilikan, nu mibanda paripolah, teu bisa mopondah. Dina kujur jurus pangkur kudu puguh alang-ujur, kudu nungtun panuduhan, najan bisa samar kawas Tanjung Anom jeung Irawan, sadulur patutunggalan, marebutkeun bener hiji pada ngaku. Teu bina ti Jayasakti nyaba ngalalana ngitung lembur ngajajah milangan kori, lir teu puguh nu dijugjug. Mantri jero wijaksana, ciri turunan ratu rembesing kusumah tetesan andanawarih, lain menak samarangan. Ku lemah-lembut jeung handap asor, raja badog, nyuuh nyegruk taluk bari teu ditekuk. Lebah dinya kudu bener nasarupkeun, nuar janggot mah ulah ku patik, atawa ngurud tunggul ulah ku silet. Da geus puguh parantina, lain asal jeblog asa jekok. Kacida mahiwalna mun maehan reungit ku kanon, ngebdil kapal ku sumpit. Nu leuwih ruksak deui, mun niat motret dikodak ku mariem. Hartina sagala ge aya parantina, aya tempatna. Kawas nyiuk lauk ku dudukuy, bisa. Tapi keukeuh parantina mah ayakan. Tah nu sok malawading teh karereannana sok hayang gancang, asal daek asal kek, najan lain parantina, atuh mimindengna ngabulasin. Geus kitu mah, ngadat. Murang-maring meupeus-keuyang. Nu aya nu tembong, kabeh ngan salah jeung salah. Teu sadar yen sumber kasalahan sabenerna, dirina sorangan.


"Tapi kumaha atuh, Nun? Pan gurba Kurusetra geus lila muka, unggal juru geus dihias ku joprak jeung jemblongna getih. Baratayuda teh asa sakotret kayu-api, sacekes bengsin. Nyawa manusa murah-mareh. Pupuh Pangkur geus heubeul madungdung. Kabeh ngarasa bener. Ceuk babasan ge ngala nyawa manusa tilu siki mah cukup ku ucul udud sabungkus. Bari papada muslim, deuih." pokna rada nambalang.
"Enya ngarti. Najan kami ukur kalangkang nu teu mibanda rasa nanaon, tapi mibanda rengkak tina bangbalikan sinar nu mucunghul tina wujud andika. Tapi kami bisa nempo gambaran rengkak, malah sakapeung mah sok ngurung nyumurup jeung raga. Hartina naha salah mun kami mere iber, ka nu boga tur katitipan raga, batan ngaheulakeun batur?" cenah.
"Jadi maksud andika teh...?"
"Cing rampa ku rasa, naha boga keneh atawa ngancik keneh eta nu disebut nurani?"
"Nya puguh we, komo, kantenan."
"Mun kitu atuh, teu kudu milu asup kana gelaran Kurusetra, pan meureun boga pamilih, boga pamadegan, boga kahayang, boga implengan. Ulah kabawakeun buntu laku ngabagong mogok."
Huleng. Dipikir diicip-icip, dipapay dirasa-rasa, manehna manggih deui hulu iteuk palangeran, najan enya rada ipis bari can kacekel-deleg. Ngan galura jeung caliweurana panundung pangkur, asa teu pati mangaruhan. Jaregjeg ngajaran mapay lengkah kamari, memeh kasarad kabawa mijah. Kapanggih aya nu pangdenge breh tembong sagurat kalangkang najan teu hideung cara biasa, tapi ngeplak bodas suminar: opat ringkel nu geus matok, alif lam lam he. Nungtun padungdung wirahma pangkur, ngalawan nu ngaranjah lebah dada. Cag.**