Ditetepkeunana Hari Jadi Kuningan dumasar kana;
- Kajadian nu mangrupa hiji titik anu tepi ka kiwari masih karasa lajuniung laku jeung pangaruhna ku urang Kuningan nu ngarojong aspirasi pikeun kamajuan daerah Kuningan.
- Ngagambarkeun ngawujudna beungkeutan masarakat nu teratur jeung geus boga pamarenhtahan sorangan.
- Kajadian eta ngandung ajen edukatip luhur anu bisa ngajurung sumanget genersi saterusna pikeun ngawangun Kuningan dina lingkup pangwangunan bangsa Indonesia sacara gembleng tepi ka tepung taun Kuningan salawasna bisa digunakeun keur ngomean sumanget jeung tekad rayat pikeun kamajuan lemah caina.
***
Nurutkeun Prof. Eddy Ekadjati mah, hanjakal pisan henteu aya informasi ngeunaan kumaha jalannna pamarentahan Kuningan mangsa harita, kumaha Adipati Kuningan ngajalankeun roda pamarentahan jeung aya kajadian-kajadian naon bae sapanjang anjeunna marentah. Hehteu digambarkeun oge kumaha kaayaan masarakat Kuningan mangsa harita, sabab sumber berita ngeunaan hal eta henteu kapendak atawa tacan kapendak. Kitu deui waktu Sang Adipati anu mashur ieu wapat, sarua tokoh-tokoh sejenna oge. Nya ari makamna mah dipercaya aya, komplek kuburan di kota Kuningan ayeuna.
Geusan Ulun jeung Mangkubumi
Nurutkeun sumber tradisi Kuningan anu kapaluruh ku Prof.Eddy Ekadjati, sabada Adipati Kuningan wapat, nu ngagentosna jadi Kepala Daerah Kuningan teh, Geusan Ulun, putra Sang Adipati Kuningan. Tapi iraha mangsa pamarentahanna, aya kajadian-kajadian naon sapanjang Geusan Ulun marentah, masalah-masalah naon bae anu timbul mangsa harita, henteu aya katerangan anu jentre.Upama Adipati Kuningan anu marentah taun 1498 so0hor jadi pembantu satia Sunan Gunung Jati, mangsa pamarentahan Geusan Ulun bisa ditaksir dina pertengahan abad ka 16, bisa jadi tepi ka awal abad ka 17 Masehi.
Kasultanan Cirebon sorangan sadikantunna ku Sunan Gunhung Jati, diparentah ku Fatahillah (1568-1570) jeung Panembahan Ratu (1570-1650).
Beda jeung Kasultanan Banten nu ngadeg taun 1552 nu museur kana kakawasaan pulitik jeung perdagangan sarta Kasultanan Mataram ngadeg taun 575 museur kana kagiatn pulitik jeung pertanian, Kasultanan Cirebon mah leuwih condong kana kagiatan agama Islam (penyebaran jeung pendidikan agama). Pangna kitu, Cirebon kapangaruhan ku pangaturan jeung jalanna roda pamarentahan di puseur dayeuh Cirebon sorangan jeung pamarentahan daerah-daerah bawahanna. Kulantaran kitu, aktipitas pamarentahan henteu pati dipentingkeun jeung henteu nyongcolang tepi ka henteu pati dipieling ku masarakatna, kaasup masarakat Kuningan. Eta sababna boh tradisi lisan boh tradisi tulisan, komo deui dokumen tinulis ngeunaan kaayaan jaman harita, jumlahna saeutik pisan.
Peryogi kauniunga oge yen jenengan Geusan Ulun mashur oge di Sumedang.
Nurutkeun sajarah Sumedang, Prabu Geusan Ulun teh cikal bakal Dalem Sumedang anu ngar7undaykeun para Bupati Sumedang tepi ka sababaraha taun samemeh revolusi kamerdekaan (1950-an).
Geusan Ulun marentah Sumedang ti taun 1580 tepi ka 1608, nikah ka Ratu Harisbaya calon istri Panembahan Ratu ti Cirebon. Kiu kituna nurutkeun Sejarawan Edi S. Ekadjati, saterusna timbul pertanyaan, naha jenengan pangawasa Kuningan jeung Sumedang dina periodeu anu kurang leuwih sarua bet jalmina oge sami, jenengannna sami-sami Geusan Ulun? Sajauh mana hubungan aranjeunna, turta kapan eta dua daerah teh aya patula patalina jeung Cirebon? Tepi ka ayeuna tacan aya jawabanna.
Geusan Ulun Seueur Putrana
Sumber tradisi Kuningan anu kapaluruh ku Prof.Edi Ekadjati nyebutkeun yen geureuha Geusan Ulun teh seueur, ku kituna putrana oge seueur tepi ka aya kana 50 urangna. Tina jenengan jeung jujulukna para putra Geusan Ulun bisa ditapsirkeun yen sabagian ti antarana jaradi pangagung nagara atawa pangawasa lokal, atawa putra istri jaradi garwa pangawasa lokal di daerah Kaadipatian Kuningan atawa luar Kuningan. Sawatara urang putrana aya anu jeneng Dalem atawa Kangjeng Dalem nyaeta; Dalem Mangkubumi, Dalem Citangtu, ayeuna mah desa, Dalem Pasawahan, ayeuna mah Kacamatan, Dalem Panyilih, Dalem Koncang, Dalem Aryajaya, Dalem Kasturi ayeuna mah Desa Kasturi teh, Dalem Dagojawa anu dipendem di Purwawinangun. Dagojawa teh tempat di tapel wates Cirebon-Sumedang, ayeuna mah Desa Punawinangun disebutna teh. Terus Dalem Winduherang, desa ayeuna mah, Dalem Salahonje, sarua ayeuna mah desa, Dalem Nayapati, Dalem Karawang, Dalem Amonggati, makamna sisi Citamba kota Kuningan. Dalem Cihideung, ayeuna mah desa. Dalem Cengal, Dalem Keko. Dalem, Paduraksa, Dalem Tembong, sarua ayeuna mah geus jadi desa, Dalem Cikandang, Dalem Cibiruang, Dalem Maruyung. Dalem Bolostong, Dalem Tarka, Dalem Haur Kuning, Dalem Cigugur/ Dalem Wirajaya, Dalem Mungku, Dalem Cigadung, Dalem Cageur.Putra-putra Geusan Ulun oge aya anu gelarna Adipati turta kungsi jadi pangawasa. Nyaeta Adipati Ukur (di Priangan tokoh Dipati Ukur jeung Bupati Priangan dina pertengahan abad ka 17, jeung Dipati Barangbang. Ari para putra istri yaeta Nyai Panembahan Girilaya, bisa jadi selirna Panembahan Girilaya Sultan Cirebon taun 1650-1662. Nyai Gedeng Anggadiraksa, bisa jadi istrina Ki Gedeng Anggadiraksa. Ari saesebutan Gedeng eta teh gelar pangawasa daerah, terus Nyai Gedeng Jati, Nyai Kuwu Cirebon Girang (bisa jadi istrina Kuwu Cirebon Girang), Nyai Gedeng Panguragan (bisa jadi istri patinggi Panguragan kaereh ka Cirebon. Terus aya deui Nyai Aria Salingsingan. Arua atawa Arya teh gelar kalungguhan pangawasa daerah, dina tradisi Talaga abad ka 17. disebut oge tokoh Pangeran Salingsingan jeung Nyai Dalem Sumedang (bisa jadi dipigarwa ku patinggi atawa menak Sumedang).
Kulantaran dipakena gelar Dalem, Adipati, jeung Dipati dina ngaran para putra Geusan Ulun, katingalna aya parobahan sistim administrasi pamarentahan di lingkungan pamarentahan Kuningan sabada pamarentahan Geusan Ulun. Bisa jadi wilayah Kaadipatian Kuningan dibagi sababaraha daerah administrasi pamarentahan leutik, nu dipingpin ku para putra Geusan Ulun. Putra istri mah dipencar ka sababaraha daerah lantaran ditikah ku para menak jeung patinggi ti luar Kuningan.
Putra cikal Geusan Ulun nyaeta Mangkubumi. Nurutkeun Prof. Dr. Edi Ekadjati, dina sajarah Sunda, Mangkubumi teh ngaran kalungguhan bawahan raja, saperti anu diungkabkeun dina Naskah Sanghiyang Siksa kandang Karesian nu ditulis taun 1518. Aya tapsiran, yen sesebutan Mangkubumi aya kaitannana jeung ngaran tempat nyaeta Kebumen, ayeun mah perenahna kiduleun alun-alun kota Kuningan. Istilah Kebumen asalna tina kecap bumi atawa Mangkubumi, ditambah awalan ka jeung ahiran an nu hartina tempat pamarentahan, tempat kagiatan pamarentahan Mangkubumi. Memang babeula mah tempat kagiatan pamarentah di daerah Kuningan puseurna sabudeureun alun-alun kota. Bumi Bupati, Adipati tempat kagiatan pamarentahan kadipatian/kabupaten (pendopo) kiduleun alun-alun, beulah kalerna pasar tempat kagiatan perdagangan kalereun alun-alun, panjara wetaneun alun-alun.Eta teh saluyu jeung konsep Sunan Gunung Jati di Kasultanan Cirebon.
Malah pola pamarentahan Kasultanan Mataram oge nurutan Cirebon.
Kitu deui Jawa.. eta teh tepi ka lembaga pamarentahan panghandapna, desa. Tapi pola pusat pamarentahan di Kuningan mah robah, sabab pendopo Kabupaten dipindahkeunn ka urut bumi dines Asisten Residen Kuningan kalereun kota Kuningan. Asisten Residen teh patinggi kolonial Hindia Walanda.
Ayeuna urut pendopo kabupaten heubeul geus dijadikeun pusat pertokoan jeung perkantoran, samemehna mah setanplat beus jeung lapang maenbal. Tepi ka ayeuna pendopo Kabupaten Kuningan ngajengleng dina lahan urut komplek wangunan kantor jeunhg imah dines Asisten Residen tea.
Sadikantunna ku Dalem Mangkubumi, teu kapaluruh saha anu neruskeun ngajalankeun roda pamarentahan kaadipatian Kuningan jeung kumaha lumangsungna pamarentahan. Jigana mah geus robah.
Sababna eta daerah jadi rebutan tilu pusat kakawasaan gede nyaeta:
- Kasultanan Cirebon anu ti ahir abad ka 15 geus ngawasa ieu daerah.
- Kasultanan Mataram nu puseurna di Kartasura, ti awal abad ka 16 geus ambisi hayang ngalegaan kakawasaanna di Pulo Jawa.
- Kumpeni Walanda (VOC) nu puseurna di Batawi, kumejot hayang nyedot kauntungan saloba-lobana ti ieu daerah.
Sumber : http://majalah-mangle.com