CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

CONTACT JOHATNAN ~~085264639666~~

TERIMAKASIH ATAS KUNJUNGAN ANDA,...SEMOGA BERMANFAAT.

NAJIS AING MAH, BALAK KOSONG

Ku Iday

OPAT taun ka tukang. Harita kuring masih keneh digawe di Carnival Cruising Lines, nyaeta pausahaan kapal pesiar anu jalurna teh ti Miami, Florida, tepi ka Kapuloan Bahama. Boga pancen teh jadi waiter dina dek kapal.

Hiji mangsa kapal kuring katatamuan ku grup band ti New Jersey, New York. Saha deui mun lain Bon Jovi. Batur sapagawean mani hariweusweus ngomongkeun Jon Bon Jovi saparakanca. Sok komo barudak awewe mah teu sirikna histeris. Kuring mah hare-hare bae. Rek Bon Jovi rek Metallica, mangsa bodo! Kuring mah teu pati resep kana musik brang-breng-brong siga rock music teh. Resep ge kana musik slow panineungan anu biduanna Matt Monroe, Engelbert Humperdink, jeung Simon ‘n Garfunkel.

Hiji poe wanci haneut moyan. Para tamu rea nu ngadon moe awak dina dek kapal. Pon kitu deui Mr. Jon Bon Jovi, Mr. Richie Sambora, Mr. David Brian, Mr. Tico Torres, jeung Mr. Alec John Such. Kabeneran kuring ngaliwat ka palebah maranehna.

“Hi, waiter, come here, please!” Mr. Bon Jovi ngagentraan.

Manehna menta orange juice, gancang bae ku kuring ditedunan. Waktu kuring mikeun pesenan Mr. Bon Jovi, Mr. Sambora pesen lemon tea, kuring rikat mangmawakeun. Waktu mikeun pesenan Mr. Sambora, Mr. Torres hayang diet coke jeung kueh pancake, teu talangke kuring nyadiakeun. Waktu mikeun pesenan Mr. Torres, Mr. John Such menta susu jeung roti sandwich. Kuring mimiti keuheul. Waktu mikeun pesenan Mr. John Such, kuring kukulutus make Basa Sunda, “Ieu mah jelema, aya ku ngagawekeun. Cik atuh ari pesen dahareun teh disakalikeun!”

Naha atuh ari pok teh Jon Bon Jovi ngomong, “eta mah risiko pagawean maneh atuh, Ceng!”

Gebeg kuring reuwas. Baruk Jon Bon Jovi bisaeun ngomong Basa Sunda?

“Har, geuning Saderek teh tiasa nyarios Basa Sunda?” kuring nanya tamba era.

“Apan karuhun dewek teh ti Cisurupan,” tembalna kalem.

Leng kuring ngahuleng. Asa ngimpi. Naha enya kitu Jon Bon Jovi teh bibit buitna ti Cisurupan Garut? Panasaran kuring nanya deui, “Is that right, Sir?”

“Silaing cangcaya?Ayeuna dewek rek nanya, ari silaing urang mana?”

“Abdi oge sami ti Garut.”

“Garut palebah mana?”

“Singajaya.”

“Nyaho Kampung Mariuk di wewengkon Singajaya?”

“Tangtos atuh da abdi teh urang dinya.”

“Wawuh ka Mang Sadeli tukang nyadap?”

“Kenal pisan.”
“Bisi teu nyaho, anjeunna teh baraya dewek, geureuhana teh rayina Ajengan Syukron ti Cisurupan, ari dewek ka Ajengan pernahna kapiemang.”

Kuring ngan bati olohok. Teu sangka, Jon Bon Jovi biduan hardrock nu kasohor saalam dunya teh geuning masih keneh teureuh Garut.

Ti harita kuring jadi mindeng ngawangkong jeung manehna. Anu matak kuring jadi apal silsilah kulawargana. Bapana teh jenenganana Haji Suja’i patani tomat anu beunghar ti Cisurupan. Ari indungna teh Mrs. Mary Joe Martin, pituin urang New Jersey. Aranjeunna tepang di Kota Madinah, dina mangsa munggah haji.

Haji Suja’i henteu mulih deui ka Indonesia tapi ngiring sareng ingkang geureuha ka Amerika. Di New Jersey, padamelan Haji Suja’i tetep bae ngebon tomat. Mrs. Suja’i banget suhud ngawulaan caroge. Tepi ka waktu kakandungan ku si cikal, Mrs. Suja’i meh bae sabrol-broleun di kebon tomat, dumeh tas nganteuran timbel keur Mang Haji. eta nu jadi matak si cikal lalaki teh ku bapana dingaranan Ujang Obon Suja’i.

Tapi ku lantaran lingkungan gaul urang bule, babaturan ulinna teh hararese ngucapkeun ngaranna. Nya tuluyna mah dilandi bae jadi Jon Bon Jovi.

Sanggeus ngangkleung salila sapuluh poe, kapal balik deui ka Palabuan Miami. Jon Bon Jovi saparakanca jrut tarurun tina kapal rek nuluykeun lalampahanana ka New Mexico. Bejana rek shooting videoklip “Blaze of Glory”.

Barang rek jrut turun, Jon ngaharewos, “Iday, lamun silaing rek mulang ka Garut, bejaan dewek, nya. Rek ku telepon, faksimil atawa e-mail, kumaha silaing bae. Dewek hayang milu. Hate teh geus kumejot hayang moro bagong jeung Mang Sadeli ka Cikuray.”
Kuring ngaheueuhkeun.


*


TILU bulan ti harita, kuring meunang cuti taunan. Maksud teh rek nyelang balik ka Garut. Ku lantaran kitu kuring nelepon ti Miami ka New Jersey ngabejaan Ujang Obon. Ngan ampun rudetna. Kuring dipingpong ka ditu ka dieu. Ti imahna dititah nelepon ka Fans Club. Ari pek teh ti FC kudu asup heula waiting list. Lamun henteu kudu ngomong langsung ka promotion manager, kakara nungguan akreditasi. Jeung deui anu nampa telepon teh budak lalaki nu ngomongna semu selebor siga biduan rap music make basa Inggris lentong Brooklyn, New York. “Hi, man... stay cool okay...easy buddy, easy..,” pokna. Moal salah, pasti urang negro barayana M.C. Hammer.

Bakat ku pusing, ceuleuweung bae kuring dina telepon, “Hi, stupid American... listen to me! You just tell to your boss, this phone call is from Iday. I came from Singajaya... What?... No! Singajaya is located in Indonesia, not Africa... Do you understand?”

Naha atuh tembalna ti beh ditu, “Har... geuning Kang Iday,” ayeuna mah sora budak awewe mani halimpu jeung make basa Sunda.

Kuring curinghak banget ku atoh, “Dupi ieu sareng saha?”

“Abdi teh adi kelas akang waktos sakola di Madrasah Aliyah Musaddadiyah Garut.”
“Saha nya?”

“Atikah.”
“Nyimas Atikah putrana Haji Tamim ti Bungbulang?”

“Sumuhun.”

“Naha Nyimas aya di New Jersey?”

“Di dieu teh abdi digawe di Bon Jovi Management, diajak ku Mang Haji Suja’i.”

“Oh, kitu... kieu bae Nyimas, wartoskeun ka Jon Bon Jovi, urang miang ka Garut tea. Ngarah teu renced, akang rek hiber langsung ka Honolulu, diantos bae di Hotel Sheraton Waikiki, Hawaii.”

“Mangga, Insya Alloh ku abdi bade didugikeun.”
Plong hate teh ngemplong. Teu sakara-kara geuning ari ngomong jeung baraya salembur mah.

Opat poe ti harita, pasosore, Boeing 747 Northwest Airlines anu mawa kuring jeung Ujang Obon alias Jon Bon Jovi geus eunteup di Bandara Soekarno-Hatta.

Sanggeus nyokot babawaan ti pabean, Ujang Obon ngomong, “Iday, urang ngendong di Bandung bae, dewek mah teu betah sare di Batawi teh.”

“Heueuh, lah.”

“Ayeuna urang rek make naon miang ka Bandung?”

“Nya tumpak beus ti Terminal Kampung Rambutan, atuh.”

“Ah embung dewek mah, ... ari di dieu aya sewaan limousine?”

“Silaing mah olo-olo pisan! Apan di New York oge tuman naek angkot!”

Jon Bon Jovi keukeuh hayang tumpak limousine alias sedan mewah sasis panjang tea. Sok nyeri cangkeng lamun tumpak sedan biasa mah, basana teh.

“Dasar milyuner, mani elodan pisan!” kuring kukulutus.

Kapaksa kuring mapay neleponan rental mobil sa-Jakarta. Untung bae aya nu nyewakeun sedan panganten, Volvo 960 Limo-turbomatic, hiji-hijina merek sedan limousine anu asup ka Indonesia.

Tabuh salapan peuting. Sakadang Volvo anu ditumpakan ku kuring duaan jeung Ujang Obon katilu supir geus tepi ka Bandung anu saterusna langsung check-in di Grand Hotel Preanger. Bakat ku cape jeung tunduh, reres salat isa teu kungsi mandi heula, kuring dugsek sare mani tibra.

Kira-kira tabuh satengah dua peuting, panto kamar aya anu ngetrokan. Kuring ngorejat, “Saha?”

“Dewek, Obon.”

Bari lulungu, kuring mukakeun panto, “Aya naon, Jang?”

Beungeut Jon kaciri mani sepa. Ku naon yeuh? gerentes hate.

“Teuing euy, dewek teh teu bisa sare...tamba kesel tuluy nyieun lagu. Rumpakana mah geus anggeus, tinggal nyieun judulna wungkul.”

“Geus atuh, ayeuna mah sare bae heula...mikiran pijuduleun lagu mah isuk deui bae,” tembal kuring bari merelek heuay.

“Anu matak teu bisa peureum-peureum acan. Kieu balukarna lamun beakeun barang teh. I have no stuff anymore,” ceuk Jon bari meubeutkeun maneh kana korsi.
Kuring kerung. Beakkeun barang? Dina basa American slank, kecap stuff hartina sarua jeung dope atawa drugs alias obat bius. Boa-boa Ujang Obon sok tripping? Ongkoh geus ilahar pikeun kaom American celebrities mah ngonsumsi narkotika sabangsaning heroin, kokain, atawa crack (kokain sintetis) teh.

“Barang naon? PTP? LSD? Ecstacy? Diazepam? Amphetamine? Rek meuli anu kitu di dieu mah hese.”

“Lain atuh, ieu mah ududeun.”

“Mariyuana? Hashish? Ganja? Sarua hesena, Jang.”

“Silaing mah nyangka goreng bae ka dewek teh! Ieu mah udud roko biasa, deuleu!” tembal Ujang Obon bari nyeuneu.

“Oh...gampang atuh ari nu kitu mah. Meuli bae di kafe, sugan buka keneh.”

“Anu matak euweuh.”

“Euweuh? Piraku euweuh Marlboro, Lucky Strike, Camel, Mild Seven, Chesterfield?”

“Lain eta roko kabeuki dewek mah.”

“Oh, roko keretek? Dji Sam Soe, Gudang Garam Filter, atawa Bentoel?”

“Lain, lain eta.”

“Roko merek naon atuh kabeuki silaing teh?” kuring mimiti keuheul.

Jon Bon Jovi melong ka kuring. Bari meureudeuy semu era, manehna ngomong lalaunan, “Roko Cap Gentong...”

Leng kuring ngahuleng, awahing ku reuwas awor jeung hayang seuri. Baruk Jon Bon Jovi nyandu udud roko Cap Gentong? Naha teu salah kitu? Tagog bae vokalis hardrock music nomer wahid, lamun indit-inditan kudu bae make sedan limousine, ari heug kalandep kana ngudud roko Cap Gentong?!

Kungsi soteh kuring meuli roko nu kitu mangsa kuring keur kaedanan lalajo ronggeng dombret di basisir Blanakan, Subang.

Jon Bon Jovi sahinghingeun ceurik. Euh, aing mah! Lamun henteu digugu kahayangna kuriak matak gujrud sakuliah hotel. Ngerakeun pisan!

Sanajan hoream nataku, kuring maksakeun maneh, “Hayu atuh, urang neangan.”
Manehna mani haripeut. “Ka mana neanganana, nya?”

“Urang mapay bae, ka Pasarbaru, ka Bojongloa, ka Tegallega, ka Cicadas, lamun kapaksa-kapaksa teuing mah urang meuli bae roko klembak menyan di tukang rampe,” tembal kuring ngaheureuyan manehna. Jon nyerengeh.

Jon jeung kuring kaluar ti hotel tumpak taksi. Palebah Cicadas, taksi dieureunkeun. Jrut turun, tuluy leumpang mapay emper toko bari miharep susuganan aya jongko anu ngajual roko kameumeutna Jon Bon Jovi.

Kabeneran leumpang teh ngaliwatan riungan tukang beca anu keur maen gapleh dina trotoar jalan. Ari heug teh kadenge aya anu ngomong, “Najis, aing mah...balak kosong!”

Ger riungan teh sareuri eak-eakan.

Ngadenge kitu, Jon ngarandeg bari tuluy ngahuleng.

“Ku naon, Jang?” kuring nanya rada hariwang.

Manehna teu nembal. Rada lila manehna ngahuleng. Naha atuh ari gorowok teh, “Eureka! that’s right! eta pisan pijuduleun lagu teh!”

Jon katempo jigrah pisan.

“Iday, hayu urang balik ka hotel!”

“Apan urang neangan roko tea?” banget kuring teu ngarti.

“Teu kudu, urang meuli roko saaya-aya bae di hotel!” tembal manehna sumanget naker.

“Har... ari silaing?!” kuring ukur werat ngageremet.


*


Ayeuna kuring geus teu digawe dina kapal deui. Miami, Kingston, Nassau, Puerto Rico, Bahamas, Antigua ngan kari waasna. Ti saprak kuring kawin meunangkeun parawan urang Cikajang, kuring eureun ngalalana. Pagawean kuring ayeuna mah ngabantuan bapa mitoha kana ngebon engkol jeung wortel.

Sabulan ka tukang, grup band Bon Jovi ngayakeun konser musik “Crossroad to The East” di Jakarta. Ujang Obon ngahaja ngirim telegram ka Cikajang. Sono hayang panggih, basana teh.

era-era oge kuring nedunan ondanganana. Harita kuring indit ka Batawi teh sakalian iang wortel ka Pasar Induk Kramatjati. Sabalikna ti pasar, kuring nyimpang ka Hotel Hilton International. Barang sup ka lobby hotel, aya nu ngagentraan. “Kang Iday!” cek sora awewe.

Ari dilieuk, kuring olohok mata simeuteun. Atikah imut. Aduh, ieung... urut kabogoh teh mani jadi demplon kieu, gerentes hate. Hanjakal baheula kalah ditinggalkeun...he...he... Diteuteup ti luhur ka handap, katara awakna tambah ngeusi jeung tambah geulis, ngan dangdosan mah tetep bae nganggo busana muslimah, leungeun katuhu ngeupeul Nokia, leungeun kenca ngajinjing IBM Notebook.

“Hey, teu kenging melong sapertos kitu. Engke ku abdi diwartoskeun ka Ceu Empat di Cikajang geura,” manehna ngagonjak. Kuring ngelemes era ngadenge Atikah nyebut ngaran pamajikan.

“Kang, Ujang Obon tos ngantosan ti tatadi, hayu!”

Kuring nuturkeun manehna naek lift. Reg lift eureun di tingkat pangluhurna, president suite.

Barang amprok jeung Jon Bon Jovi, manehna ukur make kaos kutung jeung disasarung.

Manehna teu sirikna ngagabrug. Saterusna kuring jeung manehna galecok ngawangkong.

Sanggeus rineh, “Iday, silaing inget keneh waktu nganteur dewek neangan roko ka Cicadas tea?”

“Tangtu bae atuh. Naha kumaha kitu?”

“Apan omongan tukang beca anu keur maen gapleh tea jadi judul lagu kokojo keur albeum dewek anu panganyarna,” tembalna semu agul bari ngasongkeun CD anu weuteuh keneh.

Barang maca judul lagu kokojo anu dicitak dina bungkus CD, cakakak kuring seuri ngeunah pisan. Atuda kuring oge milu ngadenge, atra pisan tukang beca teh ngomong, “Najis, aing mah!... balak kosong!” Naha atuh ari dina judul lagu bet jadi robah kieu? Teuing Jon Bon Jovi anu ceuli lentaheun atawa pedah nulisna make basa Inggris lentong New Jersey. Nu sidik, dina eta CD teh ngajeblag tulisan anu unina, “Best cut: This ain’t a Love Song.” •

ABDI MAH GEUS PASRAH

Ku Ena Rs.

"IEU PEUTING PAMUNGKAS DI IMAH IEU..."

Apanan kapungkur, abdi datang ka lembur ieu teh lantaran dibawa ku Akang. Lantaran abdi dipenta ti kolot, dipihukum sacara sah ku akang. Lain datang tambuh laku atawa palid kabawa cileuncang...

Cenah ayeuna, sanggeus dua puluh taun kalarung, hate Akang geus teu suka ka abdi, nya abdi pasrah. Ngan hiji nu dipiharep mah, mun tea abdi kudu indit ti dieu, ti imah ieu, kahayang teh dianteurkeun deui ku Akang. Dipasrahkeun ka kolot abdi...

Eta ahirna mah kaputusan nu dicokot ku abdi teh. Deukeut-deukeut kana pasrah ketang, lantaran rumasa diri teu walakaya. Sanggeus padungdengan hate jeung pikiran. Sanggeus kanalangsa lantaran asa dihianat teu diajenan meh teu kawadahan... Asa pamohalan teuing abdi bisa mertahankeun hate Akang pikeun tetep mikaasih abdi. Asa pamohalan abdi bisa nyalametkeun beungkeutan rumah tangga ieu...

Da geuning Akang mah, najan anak urang geus dua, bari awewe kabeh, jigana teh teu sing dipake era. Bareng nu cikal mah geus parawan, mangsa kawinkeuneun. Tapi ah Akang boro-boro mikir ka dinya. Nu aya mah jigana teh ngalajur napsu we... Kalah Akang nu kawin deui...

Abdi moal tumanya "naon atuh kakurang diri abdi?", da rumasa memang diri teh tempatna kakurang. Meureun enya abdi teh kurang babakti ka Akang. Meureun enya abdi teh kurang nyugemakeun Akang. Mantak hate Akang ayeuna ngaberung ka nu anyar oge, itu mah tangtu boga kaistimewaan di hate Akang. Ari abdi, nu geus lila babarengan, nu geus apal luar jerona, dina situasi kawas ayeuna mah, tangtu ukur kagorengan wungkul nu aya dina mata Akang teh...

Mantak percumah mun abdi melaan diri oge. Atawa ngeksel-ngekselkeun kakurang Akang, da geuning kitu jalma mah papada mibanda, meureun abdi teh ukur hayang meunang sorangan. Ongkoh, ah, masing ngomong kumaha-kumaha ge abdi mah pasti eleh. Akang tea kana ngomong mah moal kapetolan...

Abdi geus pasrah, jigana moal lila deui ge bakal kaleungitan Akang... Akang kitu, kaleungitan abdi ge meureun eta nu dipiharep...

Abdi inget, ieu teh mimitina lantaran Akang gawe di Cirebon. Ah, lain gawe nu alus da akang mah ukur kuli bangunan. Enya, lain ngahinakeun da eta kabisa akang mah. Nembok. Tapi pantar pagawean kitu, nu buruhna teu sabaraha, Akang kolu heureuy ka awewe sejen...

Cek babaturan Akang harita, aya nu kungsi ngelingan ka abdi. Cenah, kade salaki teh.. mani dikiaskeun kieu: mun urang nyaba, tuluy di panyabaan hayang dahar, naha bakal balik heula ka imah? Jawabna teh, nya moal. Pasti neangan dahareun di tempat nyaba we.

Sugan mah kumaha maksudna teh... Sihoreng, salila di pangumbaraan, Akang butuh pangrungrum awewe, kalah neangan nu anyar. Mani teu sabar nungguan mangsa mulang ka imah...

Bari jeung Akang mah atah pisan. Kumawani heureuy ka awewe sejen, tapi tuluy karingkus da cenah heureuyna ka nu boga salaki. Kapanggiheun, salakina malik teu suka. Pan ka Akang ngadakwa, itu pamajikanana ditalak. Atuh awewe tuluy menta tanggung jawab ka Akang...

Atah pisan Akang mah... Mani kataliktuk ku itu, ku ieu...

Harita hate abdi ge geus ancur. Nalangsa. Peurih. Abdi mah di imah percaya salaki teh keur neangan kipayah. Nyatana bet ngadon rucah we. untung atuh harita abdi sabar, daek icil waragad, aya perhiasan saeutik ge, bari eta teh pamere kolot, dikaluarkeun keur nulungan Akang sangkan bisa bebas tina dakwaan lalaki itu. Emh, aya ku teu ngaragap diri...

Akang tuluy mulang ka lembur da dikaluarkeun ti pagawean. Cenah, mandorna teu sukaeun aya pagawena nu nyieun masalah bari jeung urusan awewe. Abdi rada ngemplong, da sugan mah Akang teh balik sagemblengna. Horeng tukangeun mah Akang teh geus ngawin awewe itu...

Cenah, si awewe itu teh urang Cianjur. Sanggeus dikawin ku Akang, biur manehna ka Arab jadi TKI. Plong hate teh... piraku ari kapisahkeun ku jarak rewuan kilometer mah Akang jeung manehna teh angger nyambung keneh... Piraku ari jauh mah Akang teu bisa mopohokeun...

Tapi geuning jauh tina panyangka. Manehna kalah asa boga tanaga da meureun boga pangahasilan. Make sok ngirim duit ka Akang. Jutaan deuih. Abdi sok api-api teu nyaho... Keung wae, da enya kahirupan rumah tangga teh pan kacida susahna. Keur dahar sapopoe jeung jajan barudak ge mani direumbeuy-reumbey ku nginjeum ka tatangga. Panghasilan Akang geuning teu mahi ieuh...

Da lamun pikiran Akang nu jalan mah, tangtu geus karampa jalan hirup Akang teh. Hirup nu ayeuna jeung abdi ge mani sakieu susahna, naha atuh make kudu rucah? Kalah rek balik deui ka enol nu kitu mah.

Da enya atuh, kalah hawa napsu nu ngawasa diri Akang teh... Lain pikiran nu bener ieuh. Sual anak nu bakal jadi korbanna, jigana teh teu kungsi ieuh dipikiran. Kumaha hate anak mun indung bapana papisah. Kumaha hate anak mun engkena boga indung tere...

Jigana teh na pikiran akang mah, hirup jeung awewe itu teh bakal leuwih senang, bakal leuwih alus batan jeung abdi. Padahal can tangtu. Boal bakal leuwih susah. Pedah ayeuna itu mah keur buburuh jadi TKI di Arab, mulangna bakal mawa duit, padahal sabara bulaneun ari kakuatan duit? Pan masing sakitu lobana oge duit mah sok tereh erep...

Basa Akang kamari-kamari ieu nyebut rek ka Bandung, sabenerna abdi geus terus rasa. Dina itungan abdi, awewe itu geus mangsana datang da geus dua taun. Akang pasti nepungan awewe itu, pamajikan Akang nu ngora. Jeung enyana, barang Akang datang, bet tuluy pakgeprek. Akang menta abdi sangkan nanda tangan surat ngidinan kawin deui keur Akang...

Cenah, Akang teh ditungtun ku awewe itu sangkan ngawin sacara resmi. Bareto mah da ukur kawin agama. Akang mani ticeurik-ceurik ka abdi. Akang nyebur ukur keur ngalaksanakeun kahayang itu wungkul. Lamun henteu ngawin sacara resmi teh cenah Akang kudu mulangkeun duit nu kungsi dikirimkeun ti Arab tea... Sabaraha  sabenerna duit nu geus katarima ku akang, kuring teu pati apal. Da abdi mah tara ieuh dibejaan...

Bodona abdi bet daek nanda tangan. Najan bari hate jeung nalangsa, abdi nguat-nguatkeun diri pikeun ngagerakeun leungeun dina kertas nu netelakeun abdi ngidinan Akang kawin deui. Ngotretkeun tanda-tangan...

Horeng Akang mah pinter. Kitu soteh ngawadul ka abdi. Da dina hate Akang mah geus aya paniatan rek miceun ka abdi. Kitu soteh politik Akang sangkan bisa tereh kawin resmi ka itu. Lamun rek ngadon nalak ka abdi heula mah pan pasti meakeun waktu nu lila bari jeung waragad nu gede.

Sedengkeun ku cara ngawadul kitu, nyebut ukur keur ngalaksanakeun kahayang itu wungkul mah, Akang bisa ngalaksanakeun niat kalayan waragad nu murah. Geus kawin resmi ka itu mah, Akang tinggal noker kuring...

Basa Akang indit ka Cianjur bari mawa surat idin kawin deui, abdi mah geus ngarasa yakin, di dieu teh abdi mah moal lila deui. Bakal tereh papisah jeung Akang. Bakal papisah jeung anak. Da enya, lain teu nyaah ka anak, ngan ari kudu mulang ka kolot bari mawa anak mah kuring teh teu sanggup keur ngawaragadanana. Akang wayahna nu kudu tanggung jawabna...

Jeung teu nyalahan. Basa Akang mulang ti Cianjur, Akang tuluy murang-maring. Kaluar basa nu ngusir-ngusir abdi ti imah. Ih, ari Akang geus teu suka mah piraku hayuh wae cicing di dieu.

Arek abdi ge mulang ka kolot, tapi enya kitu: datang ka dieu teh bareto lantaran dipenta ka kolot abdi, dipihukum, lain kabawa palid cileuncang. Ayeuna oge dina kudu mulangna, abdi hayang dianteurkeun ku Akang, dipasrahkeun deui ka kolot abdi...

Horeng Akang teh sabenerna jalma pengecut. Ari kudu adu harepan jeung kolot abdi mah geuning taya kawani. Kajeun daek nganteurkeun abdi mani kudu dibarengan ku pangurus lembur, ku Lurah. Da meureun enya Akang boga karempan sieun diambek ku kolot abdi. Emh...

*

Neuteup budak nu keur ngagaleubra sare, Nia jeung Wida, juuh cimata abdi teh. Dientong-entong ge abdi ceurik. Teu katahan... Tuda kanyaah indung ka nu jadi anak mah moal aya watesna. Komo ieu isuk mah bakal paturay... Bari jeung iraha bakal patepungna deui...

Kumaha teuing nasibna isukan? Kumaha teuing sikep indung terena isukan? Boa-boa moal nyaaheun. Boa-boa bakal ngadatangkeun kasangsaraan ka budak abdi. Duh, Gusti Alloh... Kacida hariwangna abdi kana nasib budak keur kahareupna.

Tapi abdi ayeuna aya dina posisi nu teu walakaya, teu bisa melaan nu jadi budak. Dalah melaan diri abdi ge geuning teu bisa. Abdi ukur pasrah... Teu kabayang baheula mah bakal papisah jeung budak dina kaayaan kieu, abdi pepegatan...

Hampura anaking lamun ku mamah bakal ditinggalkeun. Lain, lain teu nyaah ka hidep. Tapi kumaha atuh... mamah asa teu sanggu ngabiayaan hidep mun kudu jeung mamah. Da ayeuna mamah ge rek mihapekeun diri deui ka nu jadi kolot, ka aki jeung nini hidep. Sugan atuh ka hareup mah aya nasib nu hade keur mamah... Urang bisa hirup babarengan deui...

Mun isuk bray beurang, mamah can manggihan kecap nu pantes pikeun dikedalkeun ka hidep keur basa pileuleuyan. Asana teh mamah ukur bisa ceurik. Ukur bisa menta dihampura. Da enya atuh saenyana mah, mamah pasrah papisah jeung bapa hidep, tapi jeung hidep mah mamah teh teu siap...

Mamah jangji, bakal ngadu'akeun hidep beurang jeung peuting najan paanggang. Muga hidep manggih jeung jalan kahirupan nu bagja. Wayahna urang paanggang ge, tapi da batin mah teu weleh raket... Atuh mamah ge menta didu'akeun sangkan panggih jeung kahirupan nu leuwih hade...

Duh, Gusti Alloh, pasihan abdi kakiatan. Pasihan budak abdi kakiatan...

Taya gerentes hate nu kedal deui. Isuk abdi mulang...

Pileuleuyan, anaking... sakali deui hampura mamah...

Pileuleuyan keur imah ieu...

Pileuleuyan kahirupan di dieu...

Pileuleuyan rewuan panineungan, susah-senang nu kungsi karandapan di dieu.

Pileuleuyan Akang... Hampura kana sadaya kalepatan abdi...

Cimata abdi murubut nepika kadenge hawar-hawar adan subuh ti masjid...

Mapag poe anyar nu pinuh ku kanalangsa. Abdi geus pasrah...

IEU PEUTING NU KACIDA PANJANGNA KEUR ABDI...

***

Lembur simpe, mei 2009

KURING, KALANGKANG HEULANG

Ku Didih M Rap

Tonggeret mimiti reang patembalan. Angin geus teu gegelebugan deui, teu kawas basa kuring karek jol ka dieu. Ngahiliwir ayeuna mah, matak genah keur niiskeun awak anu keur bayeungyang. Nu matak, tiung ge rada disingkabkeun ka luhur nepi ka ngaliglag palebah beuheung, ngarah angin bisa nyulusup asup.

Kuring anteng keneh diuk luhureun jukut handapeun tangkal pineus anu jalugjug jangkung, sanggeus sakitu jam lilana leuleumpangan ngurilingan ieu tempat. Najan wanci geus ngagayuh tunggang gunung, can aya kereteg niat mulang. Enya, betah geuning cicing di dieu teh. Betah ngararasakeun lindukna alam pagunungan, betah ngararasakeun humiliwirna angin, betah nyawang kaendahan lengkob anu rembet ku rurungkunan, anu di handapna ngamalir walungan Cikapundung (nyaho eta walungan Cikapundung teh ti manehna). Tah, sora caina seah ngawirahma jeung sora tonggeret anu reang patembalan. Paingan manehna mani galecok nyaritakeun pangalaman ulin ka dieu. Paingan manehna mani pok deui pok deui ngajak kuring ka dieu, da bakal romantis keur nu ngumbar asih mah. Mun teu sieun ku pibalukareunana mah, hayang pisan kuring ngayunkeun kahayang manehna teh. Hayang pisan kuring duduaan jeung manehna di dieu, dina kaayaan saperti kieu. Tapi, lah...

Renghap, kuring narik napas jero naker. Karasa aya momot anu beurat jeroeun dada teh. Momot anu sasat dijieun ku sorangan, anu hate leutik keukeuh teu merean mun kudu ngecagkeunana. Najan beurat, najan teu weleh dibangbaluhan ku kasieun, tetep karasa endahna. Nu matak, najan sakumaha beuratna, kuring bakal tetep miarana.

Miara? Enya miara, lain nganteur. Kuring bakal tetep ngajaga ieu rasa malar teu nepi ka sirna. Inditna kuring sosorangan ka ieu tempat ge salah sahiji bukti yen kuring pageuh kana pamadegan sorangan. (Da mun rek nganteur mah tangtu kuring giak nyanggupan basa manehna ngajak duaan ka dieu). Mun manehna bangun anu betah aya di ieu tempat, mun manehna bangun anu hayang kuring ulin ka dieu, kuring indit teu bareng jeung manehna. Ayeuna kuring bisa ngarasa betah di dieu, cara anu karasa ku manehna. Mun manehna kungsi ngabayangkeun hal nu sarua. Jadi, enas-enasna mah batin kuring jeung manehna ayeuna keur tepung di dieu, dina waktu ieu, najan raga mah keur jauh paanggang.

Reup, sajongjongan meureumkeun panon. Breh kalangkang manehna atra nembongan dina ciptaan. Rengkak paripolahna, seurina, dangahna, kiceupna, tembres dina lamunan. Sorana, eta sorana ge bet asa jelas kapireng ku ceuli batin.

"Teh, tos emam?" patalekan anu mindeng dikedalkeun ku manehna saban ngaliwat ka hareupeun meja kuring dina waktuna istirahat. Sorana anu agem, anu lentongna binarung rasa kanyaah jeung kamelang, teu weleh ngendagkeun jajantung kuring. Kuring ngarti ka mana leongna eta patalekan. Sakapeung-kapeungeun kuring sok daek dahar bareng jeung manehna di kantin. Ngan mimindengna mah nolak, bisi gareuwah batur sakantor mindeng teuing babarengan mah.

Nepi ka kuring beunta deui, sora manehna angger asa nongtoreng dina ceuli.

Asa kaingetan, hiji waktu basa keur dahar bareng, manehna kungsi ngadongengkeun pangalmanana basa mimiti nyaho ka ieu tempat. Keur jaman kuliah, manehna magang di salasahiji surat kabar, jadi wartawan freelance. Hiji waktu, cenah manehna dibere pancen ku koordinator liputan kudu nyieun tulisan ngeunaan Cikapundung. Manehna kudu nataan kalawan gemet kaayaan Cikapundung ti girang nepi ka muarana. Nya harita cenah manehna mimiti nyaho ka dieu teh. Sabada anjog di Maribaya, manehna tuluy nikreuh ka wetankeun nepi ka jogna ka ieu tempat, lokasi wisata Guha Belanda jeung Guha Jepang.

Kayungyun, harita (basa keur ngadongengkeun Cikapungdung) manehna nyaritana teh make jeung milosofi sagala. Sajeroning nunutur Cikapundung, nu kaimpleng teh cenah asa keur mapay-mapay lalampahan sorangan. Manehna teh teu beda ti walungan, cenah.

"Cikapundung teh di girangna mah canembrang pisan. Mun beuki ka wetan, caina teh beuki kiruh, da seueur nu ngiruhan. Komo tos bade ngamuara ka Citarum mah, di wewengkon Bojongsoang, tos teu mangrupa cai Cikapundung teh. Abdi oge teu benten ti kitu," omong manehna ditungtungan seuri mawur.

Harita kuring teu rea ngomentaran omongan manehna. Ngan sanggeus diuk deui nyanghareupan meja di kantor, jadi aya nu kapikiran tina omongan manehna teh. Ceuk manehna, Cikapundung beulah wetan jadi kiruh lantaran rea nu ngiruhan. Ayeuna manehna ngarasa teu beda ti Cikapundung, ngarasa kiruh. Naha manehna ge ngarasa aya nu ngiruhan kitu? Boa manehna teh nyindiran kuring, nganggap kuring ngiruhan kahirupanana?

Harita keneh kuring nga-sms, menta dihampura bisi enya kuring dianggap ngiruhan manehna. Da jeung enyana deuih hate leutik mah ngaku kuring geus ngaganggu katengtreman hatena. Kuring rumasa, sawatara waktu ka tukang geus kalepasan ucap mitineung manehna. Kuring teh kawas lali ka temah wadi. Kuring kawas nu teu sadar saha kuring jeung saha ari manehna. Kuring teh apan wanita timur anu sakuduna bisa nyidem perasaan. Kuring teh apan wanita anu geus teu laganca deui, kuring teh jadi hiji indung ti anak-anak kuring. Anak kuring nu cikal ayeuna geus nincak kelas tilu SMP. Manehna onaman, najan enya geus batian, karek hiji tur kembang buruan keneh. Sagigireun eta, manehna mah apan lalaki. Keur lalaki mah sok tara dianggap salah mun neundeun tineung deui ka nu lian teh.

Tapi kumaha jawaban manehna?

"Teu kedah nyuhunkeun dihapunten. Teteh teu lepat. Ieu mah abdi bae nu leumpeuh yuni. Teteh ulah kagungan maksad ninggalkeun abdi. Teteh kedah tanggel waler kana rasa anu tos mangkak na dada abdi."

Teu wudu bungangang maca sms ti manehna kitu teh. Komo lebah maca kekecapan nu panungtung. Leuh, ieu hate asa balik deui ka mangsa SMA. Malah leuwih ti kitu boa.

Kuring nga-sms deui, ngaheureuyan, "Leres kitu Aang (ngabasakeun teh sok Aang, najan ka sahandapeun) kagungan rasa nu sami sareng abdi? Piraku Aang resep ka nini-nini?"

Jebul jawaban ti manehna, "Wios, nini-nini ge da ieu mah nini-nini geulis hehe...," pokna togmol. Nyaan, bisaan manehna mah ngagenahkeun hate kuring teh, anu ngalantarankeun hate kuring beuki manteng geugeut ka manehna. Ungkara-ungkara saperti kitu teh geus tara kapanggih ti batur saimah mah. Tong boro ngedalkeun pamuji, waktu patepung ge mingkin kasungkeret beuki dieu teh. Da teu balas tugas ka luar kota atawa tugas lembur tea.

Hhh!, kuring ngarahuh deui. Rupa-rupa rasa karasa mingkin nyaksrak jeroeun dada. Rasa endah, betah, pagaliwota jeung rasa sieun mun hiji waktu aya batur nu nyahoeun kana lalakon kuring jeung manehna. Mun nepi ka aya nu nyahoeun, komo mun anu nyaho eta teh batur saimah kuring atawa batur saimah manehna, tangtu bakal nimbulkeun gugujrudan. Najan enya ayeuna kuring ngarasa kurang diperhatikeun ku nu jadi salaki, teu hayang ari rumah tangga kudu pakucrut alatan lampah teu uni kuring mah. Jeung pangpangna mah deuih mun nepi ka kanyahoan teh meureun kuring moal bisa laluasa deui sms-an atawa teteleponan dina jemplingna peuting mangsa nu lian geus ngaranjang ka alam impian sewang-sewangan. Meureun kuring teh moal lugina deui pagilinggisik di kantor. Moal ngalaman deui dahar bareng di kantin. Nu matak kajeun milih kieu, milih indit sorangan-sorangan, asal asih manjang ngantengna.

Keur anteng natar lamunan, terrr... hape na pesak jaket karasa ngageter. Teu disada, da puguh nada deringna teu diaktipkeun. Ret kana layarna, nomer imah.
"Hallo?" ceuk kuring sanggeus mencet tombol ok.
"Mamah iraha uih? Ade can emam," ceuk sora ti ditu, Si Bungsu.
"Oh, Ade. Mamah di kantor keneh, bageur. Si Bibi teu masak kitu?" kuring nanya.
"Hoyong sareng Mamah emamna," sorana rada ngarenghik.
"Pan biasa ge sok nyalira, bageur. Sok emam nya, Mamah aya keneh pidameleun. Sakedap deui uih...."

Teu kungsi cacarita nanaon deui Sii Bungsu teh, ngan kadenge rada tarik neundeun deui gagang telepon teh. Ngambek tangtuna ge. Puguh piindung keneh Si Bungsu mah, teu kawas lanceuk-lanceukna. Malum karek kelas dua SD.
"Duh, hampura Mamah, bageur. Mamah geus ngabohongan hidep. Padahal Mamah teu weleh mapatahan hidep sangkan ulah sok bohong," kuring ngagerentes.
Ret kana jam nu meulit dina pigeulang leungeun kenca. Jam lima leuwih saparapat. Najan bari jeung bareurat, teu burung kuring nguniang nangtung. Pruk, pruk, ngeprukan jukut garing nu narapel dina calana. Teu pupuguh bet jadi keuheul ka Bi Anih, ku naon mani teu bisa ngabebenjokeun budak malar daek dahar.
Bari rada murukusunu, kuring ngoloyong niat rek mulang. Ngan acan ge lima lengkah, hape karasa ngageter deui. Sanggeus dicekel, ret kana layar. Teu wawuh. Can kadaptar dina hape kuring.
"Hallo," teu burung diangkat.

Tut...tut...tut... ti ditu ditutup.
"Ih, mani euweuh gawe ngaheureuyan batur," kuring kutuk gendeng sorangan. Blus, hape dipesakan deui.
Ngan teu lila ti harita, geus ter deui hape teh ngageter. Direret, nu tadi deui. Angkat, entong, angkat, entong? Aya padungdengan sakeudeung. Ah, angkat we bisi tadi mah dumeh sinyal di dituna goreng.
"Hallo," ceuk kuring.

Tut...tut...tut... cara tadi deui. Puguh wae beuki mentegeg hate teh. Nyaan nu ngaheureuyan ieu mah. Ambeh itu teu ngaheureuyan deui, antukna hape teh dipareuman.
Jongjon ayeuna mah leumpang teh, teu kaganggu ku ngangkat telepon ti jelema nu euweuh gawe. Teu kungsi lila ge geus anjog ka gerbang ka luar. Tuluy kuring muru Vario nu diparkir di sisi beh ditu.

Peutingna, jam sabelas kuring nga-sms ka manehna, bebeja yen tadi sora tas ti Taman Juanda, neang kaendahan anu kungsi didongengkeun ku manehna. Asa laluasa nga-sms teh, da salaki kuring tadi jam dalapan indit deui. Ngan nepi ka sawatara menit ditungguan, sms kuring teh can kakirim wae. Dina laporan hape handapeun kalimah nu ditulis ku kuring kirimkeuneun ka manehna eces kabaca, "tunda": Mh +6281320211076. Bet asa mentegeg hate teh. Leuwih ti mentegegna hate ditinggalkeun ku salaki anu tadi amitan rek lembur. Teu diaktipkeun kitu hape manehna teh? Can sare kitu batur saimahna? Sasari mah apan jam-jam sakieu teh waktu anu lugina keur silih budalkeun kereteg hate. Naha ayeuna bet ngadadak hese.

Ditungguan nepi ka jam dua belas, sms kuring can kakirim keneh. Ngolebat dina pikiran rek nyobaan ditelepon. Tapi teu kebat, kapeungpeukan ku kainggis bisi nyambung, tapi anu ngangkatna lain manehna. Antukna gulang-guling gulinggasahan dina luhur kasur.

Jebul sangkaan goreng. Moal kitu batur saimahna geus ngambeueun kana hubungan kuring jeung manehna anu leuwih ti saukur batur sakantor? Boa manehna poho mupusan sms ti kuring terus kabaca ku pamajikanana? Mun geus ngambeueun, kumaha nya reaksina? Boa hape manehna dibeubeutkeun? Boa manehna tadi tas pasea rongkah.

Tapi, ah, najan enya ge hubungan kuring jeung manehna aya leuwihna, can jauh da (jeung euweuh niat pikeun leuwih jauh deuih). Nepi ka danget ieu kuring jeung manehna tetep silih jaga kahormatan masing-masing. Jadi, dina enyana ge kapanggih ku pamajikanana, asa teu kudu nepi ka gugujrudan gede.
Kalan-kalan kuring ngarasa heran, ku naon kuring kataji ku manehna. Lain ukur resep biasa deuih, mindeng apan nepi ka panas hareudang mun geus tel sono ka manehna teh. Aya naon atuh di manehna teh? Disebut kasep, ah asana jajar pasar wae. Dibandingkeun jeung salaki ge asana teh onjoy keneh salaki. Hayang jalan-jalan, dahar babarengan ditraktir ku manehna? Henteu deuih. Manehna mindeng ngajak ulin ge teu balas ditampik ku kuring teh apan. Ukuran materi, lain ngahinakeun, mapan keneh kahirupan kuring. Da kuring mah kasebut dobel meunang gajih sabulan teh. Salaki meunang, kuring ongkoh. Sedeng manehna apan ukur manehna nu gawe teh.

Pedah kuring mindeng ditambelarkeun ku salaki kitu? Enya, sigana mah eta alesanana teh. Geus lawas hate teh asa ngahgar teu kacebor kaasih, kageugeut, karomantis salaki. Ari saukur hubungan "ritual" mah, saminggu sakali wae mah tara nepi ka poho salaki teh, tapi teu geugeut cara baheula. Mun cara dahar tea mah ongkoh dihuapkeun, ongkoh wareg, tapi teu karasa sarina. Tah, nu karasa ku kuring, eta "sarina" teh ayeuna ayana di manehna.

Keur manehna sorangan kuring teu nyaho, ku naon pangna resep ka kuring. Najan enya ge kuring teh-cenah, ceuk batur-geulis, tapi eta mah bareto, welasan taun ka tukang. Ayeuna mah dina ayana keneh oge, ukur sesa-sesana meureun kageulisan teh. Sagigireun eta, mun keur kuring aya alesan-najan teu pira tur wenang soteh eta alesan teh ceuk kuring pribadi-pikeun mitineung lalaki sejen, keur manehna mah teu nyaho deuih kuring teh. Naha manehna ge kurang diperhatikeun ku pamajikanana kitu? Tapi, ah, rumah tangga karek lima atawa genep taun mah kuduna mah keur meumeujeuhna geugeut jeung pamajikan teh.

Ter... ter... hape ngageter. Kuring curinghak. Hate ngarasa bungah. Sangkaan teh ujug-ujug nyangka sms ti manehna. Gancang hape dibuka. Barang breh nu ngirimna, medenghel. Lain, lain ti manehna. Teu wawuh. Tapi teu burung dibaca eusi sms teh.

"Hoyong pisan nyarengan Teteh calik handapeun pineus teh, namung sieun ngagareuwahkeun. Kalihna ti eta, apan saban diajak ameng sareng teu balas ari nolak. Pami ukur nyerangkeun mah teu sawios-wios panginten, nya?"

Teg, tangtu sms ieu ti manehna. Da anu sok ngabasakeun Teteh ka kuring mah ukur manehna. Tapi naha nomerna teu wawuh? Ganti nomer kitu, atawa make nomer pamajikanana? Tapi, piraku deuih ngasms kuring make nomer pamajikanana mah.

Ras kuring ka nu ngaheureuyan tadi basa rek ka luar ti Taman Juanda. Gancang muka laporan dina panggilan tak terjawab. Tuluy diakurkeun jeung nomer nu ngasms bieu. Akur.

Sajongjongan kuring ngahuleng. Enya kitu ieu teh sms ti manehna, atawa lain? Balesan, entong? Mun ngabalesan, kudu nyarita kumaha?

Acan ge meunang kacindekan, ter deui hape ngageter. Barang dibuka, ti nu tadi keneh.
"Abdi ngaraoskeun kaendahan anu tan wangenan tiasa nyerangkeun Teteh. Hajakal, nu dipitineung teh bade disarengan mah alim wae. Naha kedah salamina kitu abdi ngudag-ngudag kalangkang heulang teh?"

Yakin, manehna. Kuring ngahuleng deui. Mikiran kudu kumaha ngabalesan caritaanana saperti kitu. Sajeroning ngahuleng, bet rada keuheul ka manehna teh. Mun tadi geus aya di dinya, naha teu nyampeurkeun atuh? Enya oge mimitina kuring embung dibarengan, ari geus aya di dinya mah tangtu atoh nu aya mun manehna nyampeurkeun teh.

Keur uleng mikir, ter deui hape disada. Geuwat dibuka. Teu diilikan deui nomerna ayeuna mah, langsung kana eusina. Da geus yakin manehna.
"Atos nya, sms ti abdi teu kedah diwaleran. Abdi bade mondok, cape kedah ngudag-ngudag wae kalangkang heulang. Daaah..."

Meg teh kana hate asa aya anu nonjok. Buru-buru kuring nelepon ka nomer bieu, bisi kaburu dipareuman hapena. Kuring hayang ngabudalkeun heula kasono ka manehna.

Tapi..., nu kadenge teh ukur sora operator, "nomer yang anda hubungi sedang tidak aktif..."

Kuring ngabigeu. Hareneg. Geregeteun.

Najan geus nyaho moal kakirim, antukna kuring nulis balesan. Keun wae isuk oge kabukana ku manehna.
"Naha dikinten Teteh teu cape kitu? Mun Aang leres bade tumampi, sing sabar wae antosan waktos nu mustari..."

***

Cipageran, 12 Juni 200

BULAN WANCI SAREUPNA

 Ku Dadan Sutisna

Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.
Nya danget ieu pisan, lembur téh kari waasna. Sampalan pangangonan, pasir eurih pamikatan, jalan satapak ka mumunggang, boa moal kasampeur deui. Enya, biheung bisa balik ka lemah karuhun, tur geus dikayidkeun pamohalan balik deui.
Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang samoja di pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah saméméh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu diamanatkeun téh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh kamomorékeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara éta tangkal samoja.
Indit téh éstuning taya kereteg ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna panonpoé nu baris maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté ngaronghéap. Datangna teuing ti lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katémbongna mani geus saged, beberengkes, bangun rék indit-inditan.
“Hayu atuh!” pokna.
“Hayu? Ka mana?” kuring kerung.
“Har, apan kamari geus dibadamian. Urang téh rék nyaba ka jauhna, ka alas peuntas. Urang nyiar kasenangan di ditu!”
“Asa kakara ngadéngé kuring mah?”
“Aéh-aéh, apan geus dibéjaan ti tangéhna ogé. Urang téh rék nyaba ka ditu. Matak harita bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun pakeun sarta ulah natambuh waktu. Bekel ieuh, kudu mawa bekel!”
“Kumaha atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”
“Keun baé, kitu wéh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal!”
“Saha baé nu milu téh?”
“Loba. Geus taruluy batur mah!”
Mani asa rurusuhan indit téh. Asana mah, henteu mandi-mandi acan. Da éta, Pa Érté mani ngabebereg, henteu méré pisan témpo. Kuring nepi ka poho, henteu ngonci heula imah, henteu maraban domba, atawa nitipkeun pakaya jeung tangkal samoja ka nu aya di lembur.
“Keun baé da engké ogé aya nu ngurus!” cék Pa Érté sajeroning leumpang.
Nepi ka palabuan, enya baé geus ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur kuring, misah di beulah wétan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Lebé, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah Wirya, katémbong keur ngabaredega. Panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nu keur nyawang pikahareupeun.
Kapal anu rék mawa kuring – teuing ka mana, da Pa Érté can kungsi ngécéskeun – geus ngajugrug di basisir. Kapal anu nya badag nya jangkung, asa can kungsi manggih tandinganana.
“Geus kumpul saréréa?” cék Pa Lebé.
“Parantos sigana mah,” Pa Kuwu nu ngawalon téh.
“Hayu atuh urang indit ayeuna!”
Kabéh asup kana kapal. Dipingpin ku Pa Lebé. Tapi anéh, ari barudakna mah henteu sina milu. Kalah ka diantep ngajanteng di sisi basisir. Katémbongna, maranéhna bangun sedih naker. Loba nu carinakdak. Malah kadéngé lapat-lapat, aya nu ngahariring lagu Pileuleuyan. Euleuh, geuning aya nu maca tahlil sagala rupa.
Basa hatong kapal disada, asa aya nu ngajedud dina jajantung. Nya di basisir ieu pisan, saniskara katineung baris diteundeun, biheung kasampeur deui.
Nepi ka ayeuna, sajeroning nangtung dina dék kapal, kuring bingung kénéh. Rék ka mana ieu téh? Saenyana, éta pananya bisa ditepikeun ka Pa Érté, atawa ka saha baé. Ngan can aya waktu nu rinéh. Sabab kabéh ogé, keur anteng narangtung bari nyawang cai laut nu ririakan kasorot bulan nu beuki pias.
Nu ngajanteng di dék kapal téh, nu keur ngalamun kawas kuring, jumlahna teuing sabaraha urang. Ngajajar heuleut saméter. Kawas nu dikomando, leungeun maranéhna nangkeup harigu. Sorot panon ka jauhna, teu ngiceup-ngiceup.
Moal boa, ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri. Gancangna teuing sakumaha, geus teu karasa.
Pa Érté ngajanteng pisan gigireun kuring. Teuing iraha jolna, da tadi mah anu ngajanteng lebah dinya téh Pa Olot. Asa manggih kasempetan pikeun nepikeun kapanasaran, Pa Érte gancang ditoél.
“Pa, rék kamana urang téh?”
“Engké ogé apal sorangan!” walonna bari henteu ngarérét-rérét acan.
Ngadéngé jawaban kitu mah, angger baé lebeng. Poékeun. Nya kapaksa baé, keur saheulaanan mah, dijawab ku sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harénghéng di lembur.
Bisa jadi, pangna Pa Lebé saparakanca ngajak miang téh, lantaran kaayaan lembur geus henteu pikabetaheun deui. Paceklik nu panjang. Kurang dahareun. Pagebug. Loba kasakit. Taneuh nu angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari nineungna mah, napel kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh Pa Lebé, boh nu séjénna, kawas nu mentingkeun sorangan. Naha ari anak pamajikan henteu dibawa, diculjeunkeun kitu baé? Saha nu ngurusna?
Kituna mah, aya alesan maranéhna indit ninggalkeun lembur ogé. Alesan anu ku kuring karasa jeung karampa. Méh kabéh anu ayeuna keur nangtung dina dék kapal, papada boga bangbaluh hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu nepi ka maranéhna miang ogé, biheung geus réngsé.
Kuring leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran jelema-jelema anu keur narangtung nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa Érté. Dina panon Pa Érté katara aya nu ngembeng. Boa manéhna keur ingeteun ka pamajikanana, da basa ditinggalkeun téh keur meujeuhna bureuyeung. Atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan. Kuring apal pisan, hirup Pa Érté ti baheula ogé henteu manggih kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung lembur, nu geus déngdék ka kénca alatan dihakan umur. Cék béja, ti barang rumah tangga Pa Érté hayang ngoméan éta imah téh. Keun bae panggung ogé, weweg-weweg atuh. Tapi tepi ka ayeuna ogé angger baé. Henteu robah, henteu kaganti golodog-golodogna acan. Kalah ka pamajikanana ririwit. Mindeng gering jeung kurang kasabaran, pédah hirup Pa Érté taya menyatna.
“Hésé geuning hayang ngawangun imah téh, Jang!” cék Pa Érté harita, hareupeun Pa Lebé.
“Cék kuring mah, jieun heula tihangna anu weweg!” walon Pa Lebé.
Enya, kawasna mah, pangna panon Pa Érté nepi ka ngembeng ogé alatan inget ka dinya. Inget ka imah anu henteu kungsi kaoméan.
Kuring ngaléngkah deui. Bagean Pa Olot ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah leuwih ngembeng ti panon Pa Érté. Naha Pa Olot téh inget ka budakna anu minculak ti batur? Enya, Pa Olot téh geus masagi dina dunya barana mah. Ngan sapopoéna teu weléh ngungun alum. Komo saprak Si Unéd mangkat rumaja mah. Si Unéd anu kakocapkeun sakola ka kota, mindeng nyieun masalah anu matak wirang Pa Olot. Komo apan, Pa Olot téh jadi jelema anu dipikolot, picontoeun urang lembur. Kari-kari ayeuna dikotoran ku kalakuan anak. Enya. Si Unéd anu sok mabok. Si Unéd anu – cék Pa Olot – jauh tina agama. Si Unéd anu kungsi ngagadabah Nyi Imas.
“Aing téh henteu bisa mingpin kulawarga. Henteu bisa ngalelempang paripolah anak!” kadéngé Pa Olot gegerendengan. Nyaritana bangun hanjelu naker. Kawas bijil tina haté nu pangjerona.
Kuring ngaléngkah deui. Pa Kuwu ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah katémbong geus aya nu ngalémbéréh. Nyarakclakan. Murag kana dék kapal. Naon anu dipaké sedih ku Pa Kuwu? Asana téh taya cawadeunana. Tur kuring henteu kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh. Salila mingpin désa, asa taya codéka nanaon. Malah kapaké pisan. Enya, ari kabeungharanana mah misah ti batur. Imahna ngajengléng. Kakocapkeun bulan hareup mah rék meuli mobil. Pakayana nu lubak-libuk, cék manéhna sorangan, lain hasil idek-liher di balé-désa. Tapi meunang meres késang, ladang dug hulu pet nyawa. Kari-kari ayeuna, Pa Kuwu ogé milu indit jeung Pa Lebé. Naha henteu lebar ninggalkeun pakaya, ninggalkeun pamajikan bahénol, ninggalkeun kasugemaan hirup?
Naon anu keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik ogé. Tapi sanggeus sakitu lilana didagoan, Pa Kuwu méré jawaban. Kawas nu surti, kuring téh hayang nanya kitu.
“Di dinya moal apal, naon anu keur jadi kabingung. Sabenerna, ku di dinya ogé bisa dijawab. Bisa dirarasakeun. Naon anu ku di dinya dipaké handeueul satutas ninggalkeun lembur?” pokna.
“Kuring mah henteu boga nanaon, Pa Kuwu. Imah geus rék runtuh, sawah jeung tegal teu boga. Ukur hiji anu dipaké hanjelu téh, kuring geus ngamomorékeun amanat Ema, miara tangkal samoja!”
“Lain, aya kénéh sajaba ti éta,”
“Naon?” kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna angger, teu riuk-riuk, teu némbongkeun robahna semu.
“Pikiran baé ku sorangan!”
Lebeng. Henteu kapikir.
Bagéan Pa Lebé anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah lain ngembeng deui, nyurulung mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana sukuna.
Pa Lebé, kuring apal pisan. Lalaki anu sapopoéna teu weléh basajan. Imahna lebakeun tajug, ukur kahalangan tangkal jambu. Pa Lebé anu tara leupas ti kopéah jeung – sakanyaho – tara ninggalkeun istigpar. Nilik kahirupanana mah, Pa Lebé henteu kasebut bisa usaha. Malah tepi ka kiwari, hirupna angger nyorangan. Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti harita, kawas henteu boga deui niat rarabi. Sapopoéna idek-liher di tajug. Mapagahan barudak nu hayang diajar ngaji.
Padahal, naon anu dipaké sedih pikeun Pa Lebé mah. Miangna ti lembur, asana mah henteu ninggalkeun kabeubeurat. Atawa melang ku tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa jadi, ngan éta-étana anu dipaké hariwang ku Pa Lebé mah. Inggis taya nu bisa neruskeun tapak-lacakna.
Henteu kaburu bisa ngawangkong. Sabab lir dikomando deui, anu ngajaranteng dina dék kapal téh arasup ka jero. Tinggal kuring ngajanteng sorangan. Satadina mah rék nuturkeun, ngan asa betah kénéh. Sabab bulan anteng maturan peuting, najan sorotna beuki pias. Cai laut angger ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur teuing ka mana.
***
Transmigrasi.  Pindah ka alas peuntas. Néangan hirup jeung huripna. Di ditu, di tempat nu ayeuna rék dijugjug. Ukur éta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rék ka mana deui, ari lain transmigrasi mah. Kawasna Pa Lebé saparakanca kapincut ku dongéng Mang Satibi baréto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit ninggalkeun lembur. Anu séjénna mah, harita, kalah ka tingbirigidig diajak nyorang sagara téh. Ngan Mang Satibi anu  beunang disebut nékad. Inditna kadua pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti harita, Mang Satibi nganjang deui ka lembur. Terus ngadongéng, kumaha senangna di alas peuntas. Cék dongéng Mang Satibi, di ditu téh manéhna geus bisa nyieun gedong, meuli motor, meuli sawah jeung tanah. Padahal pagawéan sapopoéna mah henteu hésé, ukur ngurus kebon sawit.
Pasti. Pa Lebé saparakanca, kaasup kuring, rék transmigrasi. Rék ngarobah hirup di ditu, di alas peuntas. Eukeur mah kaayaan di lembur geus teu pikabetaheun, katurug-turug kawasna mah ingeteun kana dongéng Mang Satibi téa.
Ngan anéhna, nu aya dina kapal, bet henteu nyaritakeun kaayaan di ditu, di tempat nu rék dituju. Kalah ka patingharuleng bangun ngadadak manggih kabingung. Malah aya ti antarana anu nepi ka luh-lah, kawas peunggas harepan. Ilaharna mah, lamun rék nyanghareupan kabagjaan – sebut baé kahirupan di alas peuntas téh kabagjaan – lain ngeluk tungkul siga nu bingung. Malah sakuduna béar marahmay. Taya salahna sapanjang jalan gogonjakan, seuseurian, patingcakakak sangeunahna.
Enya, kaayaan di jero kapal téh kalah matak sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu ngadon ngalamun. Taya nu katangén ngobrol ngalér-ngidul. Taya nu katémbong melenyun udud. Maranéhna kawas nu jongjon jeung dirina séwang-séwangan.
Kapal téh terus nyemprung meulah jaladri. Geus henteu kadéngé sorana, awahing ku tarik. Ngan anéhna, geus mangbulan-bulan, henteu nepi baé ka nu dituju. Kalah ka pengeusi kapal lir nu beuki tagiwur. Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon jeung dirina séwang-séwangan.
“Rék iraha nepina ieu téh?” kuring nanya ka Pa Olot. Tapi ditanya ngadon ngeluk, bari kapireng sorana inghak-inghakan.
“Ku naon Pa Olot?”
Henteu ngajawab.
Nyampeurkeun Pa Érté, sarua henteu ngawalon. Komo ari Pa Kuwu mah. Hansip Oding, Ulis Odang, Bah Wirya, sarua ngabaretem.
Kapal angger nyemprung, teuing rék iraha eureunna.
Pangeusina geus loba nu inghak-inghakan. Malah terus careurik patarik-tarik. Ngaguruh sapangeusi kapal. Kuring bingung pipetaeun, naha kudu milu ceurik? Tapi kapal angger nyemprung. Angger teu soraan. Kuring kukurilingan, ka rohang nahkoda. Tapi taya sasaha. Kapal maju ku sorangan. Kawasna, nahkodana ogé keur milu ceurik.
Teuing meunang sabaraha bulan, maranéhna ceurik téh. Lila-lila, tina ceurik téh, jadi patinggorowok patarik-tarik. Kaasup Pa Érté, Pa Lebé, Pa Kuwu, jeung nu séjénna.
“Hayang balik deui. Gancang balik deui!” pokna.
Tapi kapal henteu eureun. Jajauheun nepi malik arahna. Asa ketir nénjo kitu mah. Kaasup kuring bet hayang balik deui. Sabab asa aya nu tinggaleun di lembur téh. Enya, asa aya nu tinggaleun.
“Moal, karah kumaha ogé, anjeun moal bisa balik deui!” aya sora ti gigireun, basa kuring keur nangtung ngumbar katineung dina dék kapal. Sora anu agem. Tur kuring kakara ngadéngé sora sakitu agemna. Basa dilieuk, aya nu maké baju sarwa bodas ngajanteng.
“Saha anjeun?”
“Pangeusi ieu kapal!”
“Enya, tapi naha bet nyampeurkeun kuring?”
“Pédah wé, katémbongna siga nu bingung!”
“Naha anjeun henteu milu ceurik?”
“Naon nu perlu diceungceurikan?”
“Itu geuning batur mah …”
“Enya, maranéhna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik wé cenah. Aya nu tinggaleun di ditu!”
“Kabéh aya nu tinggaleun?”
“Enya!”
“Kaasup kuring?”
“Bisa jadi!”
“Ké, ari ieu kapal téh rék kamana? Geuning henteu nepi baé?”
“Engké ogé bakal nyaho!” pokna bari terus ngaléos.
Kuring ukur bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Nu gogorowokan beuki tarik. Sora Pa Kuwu mani pangtarikna.
“Hayang balik deui!” cenah. Enya, dipikir-pikir mah, kuring ogé asa aya nu tinggaleun. Pamustunganana mah sapamadegan jeung maranéhna : hayang balik deui.
Tapi kapal terus nyemprung. Teu beunang dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina terus maruragan. Ngamalir dina dék-dék kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba. Beuki pinuh. Pamustunganana kapal déngdék pinuh ku cimata. Terus déngdék. Pangeusina patingkocéak. Kuring hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Saméméh karem, kuring bisa kénéh neuteup bulan nu beuki pias 


RENGHAP ELIS

Meusmeus regot, meusmeus regot Ki Aduy jeung Ni Otih patukang tonggong ngarinum cèndol. Beurang panas èrèng-èrèngan. Kuring kumètap. Tapi boga duit timana, apan gawè gè can boga deui, sanggeus tilu poè katukang disiksa PHK.Leuwih parna, pamajikan pundung, kabur ti lembur nyorang bapa jeung indungna nu geus lila nyicingan imah kontrakan di Jakarta. Orokaya kuring ngaulah-ulah, da cenah manèhna mah geus teu betah deui rumah tangga jeung salaki nu mindeng dibintih hutang jeung teu awèt gawè.

Tapi kuring can ngarti naha pamajikan bet kudu kabur ti lembur, apan geus lila cicing didieu tèh. Teu kudu pundung kaduhung rungsing ka kuring, urang geus dua tahun leuwih rumah tangga tèh, Eulis. Sakuat-kuatna gè kuring nyanghareupan hirup, teu welèh wè butuh nu ngarojong, butuh nu maturan. Eulis, mun seug anjeun satia maturan kuring didieu, moal poekeun kieu hirup kuring tèh. Kuring reugreug. Sanajan loba kakurangan, lamun pareng dilakonan ku duaan mah, tangtu bisa katambalan.
Kuring teu eureun-eureun leumpang sorangan, najan can nyaho kamana belah unggah. Geus karasa jegjreg ceker. Tapi leumpang sapanjang jalan pilemburan mah, teu welèh wè pada naranya. Mang Nono nanya naha teu ngilu ngusep. Neng Mirna nanya bari imut ngaheureuyan. Ki Momon aki-aki tujuh mulud, ngajak moro langlayangan. Nini Iin nolol ti jandèla imahna ngadon nanyakeun hartina global warming. Kuring ukur bisa gogodeg sapanjang jalan. Bororaah nèmbal, apan pikiran titatadi gè geus teu puguh jurus.
Kuring tuluy leumpang, mapay kebon, mapay galengan. Hariwang jeung kahayang teu welèh seseledek dina rohangan hatè. Kuring ngarandeg hareupeun saung teu jauh ti jalan, diuk nyalsè ngareureuhkeun kacapè hate. Rènghap kuring garing lir ibarat aya seuneu ngabebela dina jero dada.
Di jalan lembur katempo barudak leutik maraèn sapèda. Aya ogè nu langlayangan. Si Nanang jeung si Lani anteng maèn kalèci. Tukang tarompet di gembrong barudak. Sora tarompèt geus silih tèmbal najan ganti taun masih dua poè kènèh. Nini Otih ngarenghik ka Ki Aduy hayang dipangmeulikeun tarompèt jiga barudak. Ki Aduy pungak-pingeuk, kusuwal-kusiwel ngodokan saku bajuna.
Di belah wètan, Nini Ocih katempo nalaktak gugurawilan dina tangkal jambu nu Haji Uyud, jiga nu hayang dibandring. Si Akina bangun nyalsè ngabaheuhay niup suling gigireun tangkal. Kolot di lembur mah gening mani jaragjag, pait daging pahang tulang, teu kawas kolot di kota nu saeutik-saeutik geuring nyangsaya.
Nempo maranèhna, kuring ujug-ujug inget ka umur sorangan nu bakal ngolotan. Jiga daun garing. Jiga warna panon poè nu rèk nyumput. Kuring hayang mèakeun umur di lembur, nempo alam nu weuteuh maplak pepelakan. Hiliwir angin tibelah gawir. Ngan hanjakal Eulis geus teu ngilu diuk gigireun kuring…
***
Nepika poè isukna, pikiran tèh masih pajeujeut. Kudu timana heula ngamimitian sangkan hirup bisa robah. Jiga kamari, wanci haneut moyan, kuring geus ngadaweung hareupeun imah. Sora hayam silih tèmbal. Sakapeung kadèngè sora domba Mang Dadang belah girang nèmbalan lagu dangdut ti imah Kang Maman. Kuring saukur bisa nempo nu pareng lalar liwat di jalan. Leng pikiran nguliat deui. Panon geus cangkeul tetempoan. Hatè geus teu genah rarasaan. Imah leutik geus teu kaurus. Pakarangan balatak. Tikotok tingarenclo di buruan.
Tibaheula kuring sok ngandelkeun pamajikan nu ngurus imah. Dipikir-pikir mah naon salahna ngurus rumah tangga mah ku opat leungeun, ambèh pamajikan teu ngarasa digawèkeun. Apan èta mah geus kawajiban pamajikan, lin? Tapi naon kawajiban kuring ka Eulis salila ieu? Kalangkang Eulis kokolèbatan, teu welèh kacipta dina ingetan, peureum kadeuleu benta karasa.
Duh, Gusti, euweuh pamajikan mah hirup tèh asa cicing sorangan di jero sumur nu poèk.
Lamun sangheuk leuleumpangan, kuring sok ngadon ngahuleng sisi walungan gedè. Nyawang pikahareupeun. Naha bet jadi ngeleper kieu hirup tèh? Sarua ngeleperna pareng nyanghareupan Pa Junaedi bandar kai nu teu bosen jeung teu poho nagih hutang ka kuring. Sajeroning kokolèbatan kalangkang Eulis, sakapeung kalangkang Pa Junaedi sèsèlèkè ngawur kapaur dina pikiran kuring.
Halah kèder hatè tèh lamun nempo Pa Junaedi ngamang-ngamang bedog rèk nagih hutang. Nempo ramona gè sagedè gedang. Mun diteunggeul ku manèhna tangtuna kuring jehjer, teu walakaya. Panonna bolotot. Huntu gè sakitu wewegna, tangtu cilaka mun ngègèl. Puringkak bulu punduk kuring nulak taktak.
Hariwang, melang, sieun teu welèh nyiksa, baur jeung kapaur milampahan hirup kahareup.
Sok hayang ujug-ujug beunghar, ngalayah duit di tengah imah. Sok kabita nempo Haji Daud nu loba harta. Mobilna dua jeung imahna dua umpak. Mun balik gawè tèh sok angkaribung ku bawaan. Leungeun pamajikanna gè reunceum ku barang mahal. Leng pipikiran dungdeng rinyay tetempoan. Nyel ambek.
Teuing geus sabaraha lila kuring diuk sisi walungan. Sora cai walungan lir ibarat sora getih nu ngagolak nyaksrak jero awak. Kuring ngarènghap panjang. Eungap, nahan amarah nu teu daèk ingkah. Karasa leler deui kaambek tèh. Kuring melong langit jeung tatangkalan. Kuring nempo Neng Marni jongjon nyeuseuh luhureun batu walungan. Sok ngadadak inget ka pamajikan. Kuring nyegruk ceurik.
“Kunaon, Delon? Kawas cucurut kaibunan waè…” kadèngè aya nu nanya ti tukangeun. Kuring ngalieuk. Brah ki Dede keur ngangkat calana. Buukna dipolès beureum. Kuring ukur seuri konèng, tuluy nyumputkeun beungeut, nahan inghak.
“Ceuk kuring gè naon, tong loba nonton sinètron, jadi wè teu kaopan.” Ceuk ki Dede bari tuluy ngarandeg hareupeun kuring. “Pohokeun awèwè kitu mah, nèangan deui wè.” Pokna bari tuluy leumpang rusuh muru walungan.
“Rèk kamana, Ki, mani rusuh?” kuring nanya.
“Puguh acara gaplèh gè di pause heula, teu kuat hayang miceun.” Ceuk Ki Dede bari ngalieuk ngusapan beuteung sorangan.
“Tong miceun didinya, di hareup aya Neng Marni keur nyeuseuh.” Ceuk kuring bari nunjuk Neng Marni nu masih jongjon nyeuseuh. “Watir, ètana palid ka Neng Marni.”
“Baruk aya nu nyeuseuh?” ki Dede ulak-ilik. “Baè ah, ieu mah darurat.” Pokna bari morosotkeun calana. Kuring nangtung bari gogodeg, tuluy ngalèos rèk balik. Katempo panon poè eumeul-eumeul. Tikajauhan kadèngè Neng Marni ngagorowok. “Ema! Ki Dede ngarudal!”
“Hampura Nyai! Ieu mah teu bisa di pause!”
***
Reup maghrib. Jelema jul-jol ka tajug rèk solat maghrib. Kuring ti tatadi geus nempo Aki kuring sila nukangan. Sok jadi sedih. Iwal Aki Dasmi nu masih deukuet jeung kuring ayeuna sanggeus pamajikan ninggalkeun kuring, sanggeus kabeh ninggalkeun kuring. Rèngsè solat, Ki Dasmi nyampeurkeun kuring nu anteng sila. Gèk manèhna diuk nyanghareup kuring.
“Geus tilu poè kuring nempo ilaing loba ngahuleng. Mikiran pamajikan, lin?” Ki Dasmi miheulaan ngomong. Kuring ukur bisa ngeluk tungkul. Ki Dasmi ngarènghap panjang.
“Yeuh, lamun jodo mah si Eulis tangtu balik deui. Nya kitu deui lamun teu jodo, wayahna.” Pokna. Kuring beuki ngeluk. Geumpeur nahan kasedih.
“Tapi nu penting mah ayeuna, kumaha ilaing satèkah polah ngayakinkeun pamajikan.” Ceuk ki Dasmi nuluykeun.
“Ki, kuring geus dua kali jauh-jauh panjang gagang ngadatangan pamajikan ka Jakarta sangkan bisa riung mumpulung deui di lembur, tapi diolo gè embungeun deui balik ka lembur. Kuring geus merul ngirim surat maksud ngayakinkeun, tapi hasilna kieu. Kuring hayang akur deui, tapi manèhna geus ngomong teu betah rumah tangga jeung kuring. Kuring geus pegat harepan.” Ceuk kuring dareuda.
“Ilaing boga salah naon ka pamajikan?” ki Dasmi nanya semu heran. Kuring ngabetem.
“Nya sanggeus di PHK tèa, Ki, kuring jeung pamajikan pasèa waè.” Ceuk kuring
“Aèh, lain geus opat kali ilaing di PHK tèh, tapi baheula mah pamajikan teh teu kabur. Malah mèrè sumanget, lin?” Ceuk Ki Dasmi heran naker. “Naha ayeuna mah bet kabur?”
“Pangpangna mah sanggeus pamajikan nyahoeun kuring gedè hutang ka Pa Junaedi.” Ceuk kuring beuki ngeluk.
“Baruk ilaing boga hutang?” Ki Dasmi semu nu reuwas. Kuring unggeuk.
Ki Dasmi ngarènghap panjang. Sakapeung mah batuk ngohkoy. Teu karasa geus asup solat isya. Ki Dasmi nangtung ngajak solat bareng. Rèngsè solat Ki Dasmi ngajak kuring ka imahna. Peuting ayeuna Ki Dasmi mènta kuring maturan manèhna. Di tengah imah lampu bohlam koneng ayun-ayunan katebak angin nu asup tina liang para imah. Cahyana oyag-oyagan nyieun kalangkang dina bilik. Samak diamparkeun, kuring jeung Ki Dasmi dariuk, tuluy Ki Dasmi ngawangkong deui.
“Jang, tong hariwang ku hutang; lamun daèk ngèsang mang tangtu katalang. Tong melang ku kahayang; lamun kabayang mah tangtu kasorang. Tong pegat harepan. Kudu dileukeunan nya, urang kudu sabar jeung daèk ngèsang. Jang, hirup mah mun teu ngoprèk moal nyapèk. Kadè, mun pareng aya masalah, tong ditèmbal ku amarah. Kudu merenah mikiran jeung mèrèskeunna. Omat tong luhur teuing ngukur, lantaran hirup mah kacegat umur jeung liang kubur…”
Jempling sajongjonan.
“Jang, tong loba ngahuleng teu puguh, arèk mah ngeunteung katukang. Kudu diajar bungah dina susah, sangkan teu guligah. Tong nyapirakeunn kasalahan leutik, mun seug ngumpul mah sok hèsè ngerik. Lamun meunang rijki, kudu bisa ngeureut neundeun. Jang, kadè kudu somèah ka sèmah, akur jeung dulur salembur. Tong sombong, tong jahat ka sasama, tong nganyenyeri hatè batur. Omat, Jang, robah lampah. Poè ayeuna kudu leuwih hadè batan poè kamari. Poè isuk kudu leuwih hadè batan poè ayeuna. Cag geura niatkeun hirup bener…” Ceuk Ki Dasmi. Kuring nyuuh kanu jadi Aki. Sumegruk ceurik.
“Jang, ieu tarima duit ti kuring.” Ceuk Ki Dasmi bari mikeun kaen coklat. “Kuring tibaheula ngumpul-ngumpul. Susuganan jaga mangpaat, boh ka kuring sorangan, boh ka dulur. Tibaheula gè kuring mah embung makè duit kaleuleuwihi, mangkana awèt. Tarima, Jang. Tong ngarasa kasinggung.” Pokna. Kuring olohok. Ki Dasmi muka tali kaèn, katempo duit ti mimiti nu lecek nepika nu heuras ngagulung dibeungkeut karet.
“Duit halal ieu mah, Jang. Ladang kèsang…Sugan wè bisa ngalunasan hutang ilaing.” pokna. Leungeun kuring ngadègdèg narimana. Sabot kuring masih olohok nempo duit, Ki Dasmi ngagolèdag sasarèan. Manèhna neuteup lalangit. Kuring ngilu ngagolèr gigireunna bari teu ngiceup neuteup duit dina leungeun.
“Ki…”
“Jang, tong hariwang ku hutang ka jelema. Hutang nu kudu dipikamelang mah nyaèta hutang ka Gusti Nu Maha Agung.” Ceuk ki Dasmi. Sorana laon.
“Hutang ka Gusti? Hutang naon, Ki?”
“Hutang kahirupan.”
“Kunaon mayarna, Ki?”
“Ibadah jeung amal hadè…”
Peuting beuki jempling. Reup kuring peureum. Poèk. Teu karasa kabèh dunya pareum dirawu peureum. Sajorelat pikiran jeung rarasaan nyawang dina jengkal sarè. Inget-inget geus bedug shubuh. Adan geus ngahaleuang ti tajug. Tong reuwas lamun jempling peuting bisa nyarita nu leuwih singget tur pinuh rasiah sual kahirupan jeung pilampaheun, nu sapanjang janari nepika sareupna dipikiran panjang, dipilih-pilih, dipajang, ditimang-timang…
“Aki!!!” kuring ngagorowok meupeus simpèna shubuh. Rugap-ragap awak Ki Dasmi nu ngajelepeng tiis teu usik-usik. Jul-jol jalma daratang muka panto imah. Innailahi wa innailahi Raoji`uun…
***
Gusti, umur mah anjeun nu ngatur. Umur ngora bisa waè isuk maot. Aki Dasmi mulang, beuki melang wè kuring hirup sorangan. Saha deui nu bisa raket deui jeung hatè kuring ayeuna? Kuring leumpang sorangan ngajugjug ka walungan. Rumangsang beurang maheutkeun deui kamelang. Kuring nangtung sisi walungan. Katempo ki Dede hanjat ti walungan. Manèhna nalikeun tali kolor, tuluy teurab mani beurat.
“Rèngsè ngarudal, Ki?” kuring nanya. Manèhna unggeuk.
“Sabar nya Jang. Tibaheula ki Dasmi sobat kuring.” Ceuk Ki Dede bari nepakan punduk kuring. Manèhna ngalèos ngajugjug jalan. Karasa deui tiis deui rarasaan, simpè hatè najan sora cai walungan kadèngè tarik. Leuleus hirup, ngudupruk sumanget. Asa lila deui rèk nabeuh harepan tèh. Kumaha ngamimitian hirup lempeng deui, heuras deui, sumanget deui? Kuring ngarasa hirup sorangan di dunya tèh, jiga batu, jiga gebog cau nu palid di walungan…
“Kang…” kadenge aya sora halimpu titukangeun kuring. Kuring ngalieuk.
“Eulis?!” kuring reuwas naker. Gusti, ngimpi lain ieu teh? Pamajikan geus aya hareupeun. Rarayna marahmay. Eulis nyuuh ka kuring.
“Hapunten, Kang, hapunten Eulis salami ieu ninggalkeun Akang. “ ceuk Eulis peura, nyegruk ceurik. Cipanonna haneut dina leungeun jeung pingping kuring. Teu karasa kuring cirambayan. Gabrug tèh kuring nangkeup pamajikan mani pageuh. Kuring bungah pisan pamajikan daèk balik deui ka lembur. Kuring jeung pamajikan namplokeun kasono nu salila dua bulan teu panggih.
“Hapunten, Kang, hapunten Eulis.” Ceuk Eulis nginghak. Kuring duaan nangtung pahareup-hareup.
“Eulis, sami-sami hapunten Akang. Ti ayeuna mah urang tong pipisahan deui nya?” ceuk kuring peura. Eulis unggeuk, inghak-inghakan nahan ceurik. Kuring tuluy ngalèng pamajikan ngajak leumpang. Sapanjang jalan kuring duaan silih teuteup pinuh kasono. Di jalan paamprok deui jeung Ki Dede.
“Walah, balik deui Eulis? Panyana tèh geus kawin jeung urang kota.” Ki Dede ngarandeg melong pamajikan kuring.
“Rèk kamana, Ki, mani rusuh? Rèk ngarudal deui?” kuring nanya.
“Tadi ngarudal, hilap teu cebok.” Pokna bari lumpat, tuluy ngajleng ka walungan. Kuring jeung pamajikan silih pelong nempo kalakuan Ki Dede. Manèhna imut ngagelenyu. Gusti, teuteup Eulis karasa iuh. Seuri Eulis karasa haneut. Kuring asa katumbu umur ku Eulis. Sapeupeuting, rènghap Eulis lir ibarat simbut. Di luar imah, sora tarompèt kadèngè silih tèmbal. Geus ganti taun…

SAUNG KATINEUNG

Saban poé minggu mah, réngsé solat subuh téh sok langsung morongkol deui. Béda minggu ayeuna mah, isuk-isuk gé geus leuleumpangan. Méméh balik ka imah, ngahaja nyimpang heula di kebon jagong ki Oleh. Geuning geus leubeut. Geus pada apal kabéh urang dieu mah, mun hayang jagong di kebon ieu kudu daék heula tarung panco jeung Ki Oleh, nu bogana. Teu jauh tidinya, maplak tatangkalan endah diharudum ibun.
 
Ka belah kulon, teuteup eunteup di saung laeutik sisi sawah Haji Nono. Matak nineung matak waas. Kleung angkleung ingetan ngahaleuang ka mangsa keur leutik sok ulin bareng Dedi, Kokom jeung Lilis di saung éta. Gogonjakan, ngoyag-ngoyag tali bebegig. Manuk hariber. Jiga ayeuna, manuk silih udag. Panon poé geus ngeteyep rék nembongan. Kuring ngarénghap panjang. Teu karasa, Gusti, geus jauh ngulur umur, geus moal bisa dieureun-eureun atawa mulut nu geus liwat.
Balik ka imah, brus kuring mandi di sumur tukangeun imah. Mun pareng genah gegejeburan, sok poho batur nu ngantay rék milu ka cai. Geus rényom kadéngéna. Si bibi rék nyeuseuh mah, ki Momo rék miceun mah, Nyi Mimin rék ngisikan mah, jeung nu séjénna. Atuh réngsé mandi téh kabéh pada ngékéak. Puguhing ki Momo mah, teu weléh bari nyindir.
“Abong lila bubujangan, mandi gé lila. Iraha kawin, Jang?” pokna bari seuri ngahahah. Geus remen nu nanya kitu téh, tapi sok tara dilayanan. Bubuhan kakeuheul geus manteng. Mun seug ki Momo lain kolot, geus titatadi ditalian di tangakal balingbing pipir imah. Katempo manéhna ngaleos, sengit haseup bakona néjéh liang irung.
Dijero kamar kuring ngarahuh. Panon anteng melong eunteung. Geuning nyaan katempo pisan geus kuduna mungkas lalagasan. Umur sakieu di lembur mah moal teu pada nganaha-naha can boga pamajikan téh. Tapi da nepika ayeuna, mumul kawin téh. Lain teu payu, geus aya nu harayangeun mah. Mumun mah, randa Isah mah, Téh Ninih mah, Kokom mah, Lilis mah, Dedeh mah. Kabéh gé saropan tur gareulis manis. Nya kitu téa, kuring resep kénéh léléngohan. Lain sieun, lain teu boga biaya. Puguh wé gawé mah geus kawilang lumayan. Tabungan di bank geus meujeuhna keur rumah tangga mah. Kumaha deui, haté embung baé méréan. Teu bisa dipaksa-paksa.
Kadieunakeun, geus tara aya deui nu nganaha-naha, iwal ki Momo wé nu bangor kénéh ngaheureuyan kuring sual kawin mah. Kitu deui nu di imah, geus sieun mun nanyakeun sual kawin téh. Éta gé tisaprak kuring mudalkeun kaambek kanu di imah lantaran hayoh ditanya iraha kawin. Murang-maring sagala disépak. Adat kuring gedé ambek. Tisaprak kajadian éta, urang imah teu wani-wani deui nyeungeut amarah kuring. Sensitip ngomong sual kawin mah.
Awéwé-awéwé nu mimitina ngadeukeutan kuring ge ayeuna mah geus tara datang ka imah deui. Kabéh geus ngarasa bosen nungguan kuring. Béja mah Mumun can lila kawin jeung Kang Dadang, urang Majaléngka. Randa Isah teu kuat hayang rumah tangga, antukna kawin jeung mandor pabrik. Téh Ninih béjana keur deukeut jeung urang Padang. Lilis geus tara deui ulin ka imah, bejana Dedi mikahayang. Kokom geus pindah ka Palémbang. Dedeh béjana kapincut deui ku lalaki séjén. Kabéh gé lus-les pada néang jalan séwang-séwang, bakating ku cangkeul nungguan jeung miharep kuring meureun. Ki Dudus mah ngahanjakalkeun kana lalampahan kuring. Cenah mah awéwé geus dina lawang panto, kari unggeuk. Nya ayeuna mah kabéh pada bedo kudu lila nungguan kuring unggeuk daék tumarima rumah tangga. Jadi iraha rék kawin? Teuing atuh!
“Man! Geus siap, Man?!” kadéngé aya nu ngageroan di luar imah, meupeus lamunan kuring. Rikat kuring maké baju. Inget poé ayeuna Ki Dudus hayang dianteur ka Jatinangor, ngadon rék neangan cokelat di Jatos. Kateuing keur naon! Keur nini Mimih meureun.
***
Dina angkot kuring amprok jeung Darmaji, babaturan és ém pé. Atuh sono geus lila teu tepung. Nya sajajalan téh ngawangkong. Manéhna geus boga budak hiji. Cenah kawin jeun urang Rancakalong, urut babaturan sakelas pisan. Enya, jeung Ida. Kuring inget kénéh ka manéhna.
“Man, kamari pisan panggih jeung Dedi. Jadi ogé nya rék kawin. Jodona mah geuning jeung Kokom nya…” Ceuk Darmaji. Kuring ngaranjug. Jeung Kokom?
“Béja mah rék ka Lilis?” kuring kerung. Darmaji malik kerung.
“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?” Darmaji mingkin heran
“Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.” Témbal kuring. Darmaji katangen gogodeg. Manéhna lila neuteup kuring.
“Lilis teu nyarita?”
“Nyarita nanahaon, Lilis gé ayeuna mah tara ulin deui ka imah. Sugan téh geus kawin jeung Dedi di Bandung.” Tembal kuring. Jempé sakeudeung.
“Man, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Lilis, tapi Lilis nampik. Nya ayeuna jadina mah jeung Kokom. Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu apal..” Darmaji ngajéntrékeun. Kuring ngahuleng.
“Ilaing nyaho kunanon Lilis nampik Dedi?” Darmaji nanya.
“Naon?”
“Ceuk Dedi mah Lilis miharep rumah tangga jeung ilaing. Lilis sorangan nu balaka ka Dedi, yén manéhna rék satia nungguan ilaing. Beu ilaing bet téga mihukum Lilis. Malahan ceuk beja kamari-kamari indungna geuring parna, mikiran budakna can kawin-kawin…”
Leng pikiran asa rinyay ngadéngéna, nyéah kana jero dada. Di Cikuda Dedi turun. Baku poé minggu mah di jalan téh sok macét. Pangpangna mah di Jatinangor, paciweuh ku nu lalar liwat rék ulin ka pasar mingguan di Unpad. Panon poé geus karasa panas. Hawa beuki bayeungyang. Pikiran jeung haté noroweco teu pupuguh. Baruk Lilis nungguan kuring?
Sajeroning macét, supir ngarti. Manéhna nyetel kasét dina tip mobil. Kadéngé haleuang tembang sunda. Ari ti mimiti naék ki Dudus mah teu ngawangkong saeutik-eutik acan, jiga nu nyeri huntu. Nya ngadéngé tembang téh jadi aya dédéngéeun dina kaayaan macét mah. Rey karasa aya nu ngeleketey dina lelembutan. Deng tembang marengan panineungan nu teu karasa kumalayang. Haleuang tembang karasa kana puhu kalbu…
asih urang…
diapungkeun ka langit
muntang kana mega
ucang-angge duaan…
asih hurang…
dipentangkeun ka langit
manteng dina bulan
ayang-ayangan duaan…
asih urang…
tingkaretip jiga bentang1
…..
Ser haté nu simpé dumadak haneut ngadéngéna. Tembang bieu lir ungkara basa nu ngusapan mapay-mapay garingna rasa. Tembangna nyaritakeun wanoja nu keur geugeut panineungan ku rasa cinta. Kumalayang haté sajongjonan. Ngarasa bagja teu pupuguh, ngarasa ngemplong pikir, tapi sakapeung hariwang teu puguh. Kuring ngarérét ka ki Dudus nu titatadi teu usik-usik. Bet haté sakapeung ngarasa keueung. Enya, Dedi gé ditampik bubuhan Lilis hayang satia nungguan kuring. Teuing geus sabaraha taun. Tapi naha Lilis tara ulin ka imah deui? Teu kungsi lila, kadéngé deui tembang anyar tina tip…
…..
hate ngarasa geugeut
hayang geura geura deukeut
rasa liwung gandrung
diri kapidangdung
semu ngalanglayung
hayang geura geura tepung
sawangan kumalayang ngawang-ngawang
nyipta rasa tinu anggang jeung manehna
implengan gumalindeng anteng mayeng
namperkeun rasa katineung kadirina
harepan geus jadi ampihan rasa
moal laas najan anggang jeung manehna2
…..
Bener kitu Lilis masih kénéh kangen ka kuring? Bener kitu manéhna teu pundung kawas nu lian? Bener ceuk Darmaji, kuring téga nganyeunyeuri manéhna. Sok jadi hanjakal geus kasar ka Lilis. Kuring nu kungsi kasar ka manéhna. Kuring nu kungsi nyentak manéhna. Babakuna teu ditari teu ditakon unggal manéhna nganjang ka imah. Geuning Lilis mah tetep satia, tetep miharep. Teu karasa tembang dina kasét ganti deui…

…..
dina lambaran katrésna
aya ringkang can kasorang
diri kapidangdung
dipapareng kuciptaan
liuh gumulung kahéman
mugia nyorang kabancang
sumerahna ieu diri
tumarima demi cinta
najan diri kudu nandangan tunggara
najan ukur saliwatan
najan ukur sakedapan
abdi pasrah moal robah pamadegan…3
…..

Duh ibarat kitu Lilis nungguan kuring téh. Palangsiang, boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku kuring, tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring. Jigana Lilis nyeri haté. Jigana Lilis éra. Jigana ayeuna gé Lilis tara manggihan indung kuring ka imah téh lantaran sieun kuring nyangka nu lian-lian. Padahal Lilis mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran ka indung kuring mawa sarupaning buah-buahan. Lilis nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus kolot…
Tapi ayeuna mah Lilis geus jiga nu sieun datang ka imah gé. Nu di imah gé geus tara ngomong-ngomong sual Lilis. Kabéh sieun ku ambek kuring. Indung sorangan gé geus tara nyabit-nyabit sual kawin, sual Lilis. Haleuang tembang teu eureun-eureun minuhan pikir kuring, ngusapan haté kuring.
“Kang, tos dugi Cileunyi. Aéh kalahka ngaharuleng” supir nakol kaca panto meupeus lamunan. Kuring jeung ki Dudus ngarénjag reuwas. Tuluy silih pelong. Geuning sarua jeung kuring, sihoréng simanahoreng ki Dudus gé titatadi anteng ngalamun, poho rék eureun di Jatinangor mah.
“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan. Sedih jeung bungah karasana panineungan…” ki Dudus gagaro sirah nu teu ateul.
“Sarua, Ki…”
“Pir! Milu deui muter ka Tanjungsari. Tapi tong dipareman tipna!” ki Dudus ngacung.
***
Sajajalan kasét digeder, béak diputer deui, béak diputer deui. Teu eureun-eureun. Atuh kuring gé nepika apal. Kuring jeung ki Dudus mupakat balik deui ka Tanjungsari ngabélaan hayang tuluy ngadangukeun tembang. Meuli cokelat ka Jatos mah teu jadi. Sapanjang balik mah euweuh nu cacarita. Simpé. Ukur sora mesin mobil. Ukur haleuang tembang. Duh, sajeroning dipépénde tembang, ingetan manteng ka Lilis. Tibaheula manéhna nungguan kuring.
Teu karasa balikeunna mah gancang, geus tepi deui ka Tanjungsari. Can ge lila turun tina mobil, supir ngagorowok, “Kang, kaset pajeujeut!”
Ki Dudus ngadadak hayang buru-buru balik. Inget ka si Nini cenah. Antukna kuring leumpang sorangan. Sajajalan pikiran ngarasa sasab ka awang-awang, asa teu manggih arah. Haté norowéco ngarasa diturih wanci nu can pasti. Di tengah sawah manuk silih udag. Kuring leumpang luhur galengan, dumadak ngarasa hariwang ku hirup…
Di imah, kabéh keur kumpul. Kaayaan tengah imah jiga nu geus kaanjogan sémah. Aya bubuahan dipiringan deukeut panto.
“Aya sémah, Mah?” kuring nanya bari muka jaket. Jempé sakeudeung.
“Enya, aya Lilis. Bieu pisan mulang.” Tembal indung. Kuring neuteup ki Momo, ret ka adi. Si bibi ngaléos ka dapur. Aéh aya naon asa beda ti sasari. Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut jandéla kamar. Duh, Lilis nganjang deui…Karasa haté nitah cengkat ngudag Lilis nu jigana can mulang jauh. Kuring ngarawél jakét rék kaluar.
“Rék kamana deui, A?” indung nanya. Kuring neuteup panon indung.
“Rék manggihan Lilis…” Pok téh halon.
“Mun sakirana rék nganyeunyeuri manéhna jiga baheula, leuwih alus tong manggihan.” Ceuk indung kuring semu beurat. Katémbong panon indung ngembeng ku cipanon. Haté kuring ngdadak héab. Simpé sajongjonan. Sakur jelema nu aya didinya neuteup seukeut ka kuring. Rénghap kuring karasa heureut. Gancang kuring kaluar, gidig leumpang gagancangan…
Sajajalan dada karasa beurat. Hawar kadéngé deui tembang nu tadi dina mobil, piligenti nyiwitan ati…

lamun enya jodona
lamun enya kuduna
moal rék aya nu bisa misahkeunnana…
lamun enya cintana
lamun enya hayangna
ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…4
Katémbong tikajauhan Lilis rék balik meuntas sasak. Leumpang kuring digancangan. Mingkin deukuet, dada karasa mingkin heureut. Tilu lengkah ka Lilis kuring ngarandeg.
“Lilis…”
Lilis ngalieuk, semu reuwas amprok jeung kuring. Sakeudeung silih teuteup anteub. Lilis ngeluk tungkul, jiga nu teu wasa paadu teuteup jeung kuring. Kuring ngadeukeutan manéhna. Gap teu asa-asa nyekel leungeun Lilis. Kuring teu nyaho naon nu ngalamuk dina haté Lilis ayeuna. Kuring nungtun manéhna mapay galengan muru saung. Sajajalan nu kadangu ukur sora manuk. Gék kuring duaan dariuk di saung jiga baheula keur leutik. Nya di saung eta pisan, Lilis babarengan deui jeung kuring. Lila paheneng-heneng. Duaan pabetem-betem. Kuring ujug-ujug bingung rék ngomong naon. Lilis tanggah lalaunan, neuteup ka kuring sakedapan. Duh, Lis, geus lila teu tepung. Angin karasa humaliwir. Kuring jeung Lilis silih teuteup. Teu karasa haté ngangkat leungeun sorangan ngaranggeum leungeun Lilis.
“Lis, hapunten Akang, “ pok téh,” Tong jadi pundung. Haté mah teu bisa dibobodo gening. Kuring teh gening teu bisa hirup sorangan…” ceuk kuring halon. Lilis neuteup panon kuring. Duh, bulu panonna mingkin carentik baé. Lilis nu manis, kuat nandangan tunggara satia nungguan haté kuring léah tumarima. Kuring ujug-ujug ngarasa deudeuh jeung geugeut ka Lilis. Katémbong aya nu ngeyembeng lebah kongkolak panonna.
“Lilis bakal satia salawasna…” pokna. Teu kungsi lila manéhna ceurik. Cipanonna nyakclak kana leungeun kuring. Haneut. Teu karasa Lilis nyangsaya kana dada. Cipanonna beueus karasa dina dada kuring.
“Horeeee!!!” kadéngé aya sora nu kareprok tukangeun saung. Kuring jeung Lilis ngarénjag bareng. Reuwas naker. Katémbong ki Momo jeung ki Dudus saparakanca tingtorojol muru saung. Nyi Mimin, adi, si bibi jeung indung kuring nuturkeun ti tukang, sareuri jiga nu bungah. Ki Oleh ajarg-ajragan atoh. Kuring jeung Lilis silih pelong, tuluy Lilis imut ngagelenyu.
“Man, ilaing jadi rék kawin jeung Lilis téh?” ki Momo nanya saklek jiga nanya ka maling. Kuring neuteup Lilis sakeudeung. Lilis imut surti. Kuring unggeuk. Sakur nu aya didinya kabéh keprok deui. Ki Oleh ajrag-ajragan. Indung kuring ngagabruk Lilis jeung kuring bari ngagukguk ceurik, bakating ku bungah. Indung kuring nangtung bari nyusutan cipanon. Teu eureun-eureun syukur ka Gusti. Duh, gening salila ieu téh kuring lain nganyeuneyuri Lilis hungkul, tapi nganyeunyeuri indung, ngariripuh diri sorangan…
Kuring jeung Lilis silih teuteup geugeut. Barang rék nangkeup pisan Lilis, ki Oleh nyekelan taktak kuring.
“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Lilis, ilaing kudu panco heula jeung kuring!” ceuk ki Oleh.
“Emang Lilis jagong!” ceuk ki Momo némpas.
“Ilaing mah Oleh baku sok maén sengsor waé!” ceuk ki Dudus nyereng. Kabéh nu aya didinya seuri akey-akeyan ngadéngé aki-aki silih haok. Lilis tungkul bari imut manis. Saung jadi saksina. Duh, Lis, kakara nyadar Akang mah, raray anjeun mun pareng kaisinan estuning katingalna mani geulis…